HAYAM KAJAJADÉN


HAYAM KAJAJADÉN

(Ideu carita Cucu Saputra/Kabid P3TK Disdik Kota Bandung)



Kangaranan di lembur, aya béja nu ngabagjakeun rahayatna teu weléh dibéwarakeun dina toa. Kituna mah milu reueus, meureun, aya wargana anu dianggap saksés. Éta ogé anu karandapan ku kuring basa kuring katarima sakola di IKIP taun 83 ngaliwatan jalur Perintis.

“Halow, tés satu dua tiga percobaan … tés … tés …. Diuningakeun ka para wargi sadayanana wiréhna Cép Dudi katampi di IKIP Bandung. Hayu urang dungakeun sasarengan  supados Cép Dudi tiasa janten kareueus lembur urang. Hatur nuhun ….” Kitu anu kadéngé dina toa masigit. Kuring ogé milu bungah da lain perkara gampang bisa asup ka perguruan tinggi jang ukuran budak kampung jiga kuring mah. Keur mah urang kampung, sakola SMA ogé lain di kota tapi di pasisian. Sarwa walurat.

Dina mangsa miang ka Bandung, duduluran teu sirikna kabéh mahanan naon waé anu dipiboga. Milu reueus jeung bagja jigana mah, jeung deui kitu adatna di lembur kuring mah. Jadi kuring teu wasa nolak da ceuk kolot mah éta téh sarat. Ua mahanan cau raja tilu sikat dikardusan. Bibi mungkus opak jeung raginang. Geus karuhan kolot mah ngarungan béas jeung deungeunna atahan. Malah Mamang anu béda lembur mah ngahaja megat élf anu ku kuring ditumpakan ngadon mahanan hayam jago badag pisan. Kuring ukur bisa nganuhunkeun kana kahadéan duduluran sanajan haté mah hayang nolak da jadi rangkibung dina mobil. Énya ogé ti kampung tapi pan kuring téh pamuda karék mentés. Asa teu kerén alias teu sieup mun ka kota kudu manggul karung béas, ngajingjing kardus, jeung ngélék hayam. Kabayang meuereun, ngaragragkeun kakasépan kuring nu teu sabaraha.

Élf nu aya tulisan Jupiter mangprung ti dayeuh kuring di Banjar muru Kota Bandung. Kuring diuk di tengah, ari babawaan mah kabéh dina bahasi tukang, kaasup hayam ti Mamang. Rada ngahelas ogé ninggalkeun kulawarga jeung lembur, tapi dalah dikumaha. Rék iraha deui kuring nyungsi elmu. Komo di paguron luhur nu loba dipikahayang ku sakumna barudak lulusan SMA. Daék teu daék kudu ngumbara. Résiko éta mah, jaba méh kuring teu kuuleun jadi pamuda désa.

Nincak terminal Tasik, aya wanoja geulis naék jeung diuk gigireun pisan. Meni seungit. Atuh kuring rada gumasép. Ngawani-wani manéh ngajak ngobrol. Untungna teu cau ambon dikorangan. Uplek ngobrol sagala rupa. Kuring ogé api-api jadi urang kota jeung pipilueun nyarita lu gué nurutan manéhna bari karagok da teu biasa.

Di Malangbong, élf eureun nurunkeun panumpang. Jigana panumpang nu turun ogé mawa barang dina bahasi da kenék nguliwed ka tukangeun mobil. Kadéngé aya nu ngagarapak bari kenék ngaorowok.

“Ieu hayam saha leupas?” Kituna téh bari tunyu-tanya ka panumpang. Kabéh euweuh nu ngaku miboga hayam kaasup kuring. Lain nanaon, kuring mertahankeun marwah, géngsi ka wanoja gigireun maenya nyarita lu gué tapi mawa hayam. Kapaksa ngebetem. Ukur panon maling rérét ka kenék nu kaciri hemeng. Baé, ah.

“Hampura, Mang, hayam pamahanan kabur teuing ka mana.” Kuring ngagerentes.

Perjalanan téh asa teu karasa ari uplek ngobrol jeung nu hérang tur seungit mah. Ngan hanjakal, Si Geulis turun di Rancaékék. Tapi aya untungna, da mun turun bareng mah rék kumaha kuring. Babawaan sakitu rangkibungna. Rék disimpen di mana beungeut kuring nu ngomong lu gué. Ngan édas, éta Si Mamang kenék masih kénéh ngahuleng jiga ngemu kahemeng teu anggeus-anggeus.

“Kunaon, Mang?” Kuring panasaran nanya ka Si Mamang kenék.

“Puguh, Cép, Mamang téh bingung. Ari tadi hayam saha jeung ti mana asalna? Da sidik Mamang nempo sorangan aya hayam hiber tina bahasi. Sing daék demi, Mamang éling kénéh teu ngasupkeun hayam kana bahasi. Moal kitu hayam kajajadén mah?” pokna bari ngahuleng.

Kuring ukur seuri dina haté. Puguh manéhna mah moal apal da nu ngasupkeun hayam mah calo. Sedengkeun manéhna karék ngagantikeun kenék témbak di terminal. Hampura, Mang. Demi géngsi kuring, Mamang nu kudu katalimbeng hayam kajajadén.

Anjog ka imah Ua di Bandung, kuring geus disadiakeun kamer jang kuring nganjrek salila kuliah di IKIP. Alhamdulillah betah da Ua jeung dulur misan balageur. Ngan saenyana kuring rada hemeng ogé salila cicing di dinya. Unggal malem Jumaah, sok aya sora kukurukutan handapeun jandéla kamer kuring. Écés sora hayam, padahal Ua mah teu miara hayam.* (Oesep “KangOz” Kurniadi)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "HAYAM KAJAJADÉN"

Post a Comment