NYI GURU




NYI GURU
Ku:
Lina Herlina, S.Ag. M.Pd.I*)

            Kuring téh hiji wanoja ti lembur anu karék lulus ti hiji paguron. Sabada kuring nyangking gelar sarjana, daék teu daék kuring kudu balik deui ka sarakan. Nu tadina jadi mahasiswi diwuwuh ku kasenangan jeung kabungah, diganti ku kabingung kudu naon anu dipetakeun.
            Lamun kuring cicing di lembur kalayan nganggur tangtu bakal piomongeun batur. Atuh balukarna, sabérésna kuliah kuring teu gancang mulang, tapi neruskeun hirup di kota bari néangan pakasaban jang nyumponan kabutuhan hirup sapopoé.
            Karasa gedé rumasa jeung kaéra lamun ayeuna kuring masih kénéh namprak ka kolot anu kitu kaayaanana. Ayeuna mah kuring geus nyangking gelar sarjana, lain waktuna ménta, tapi waktuna mulang tarima kana sagala pangorbanan kolot salila ieu. Kuring kudu bisa barang béré,  ngirim ka kolot.
            Tungtungna lantaran kuring teu boga pangabisa nanaon salian ti ngajar nya kuring nyobaan ngajar di hiji sakola SD sawasta di kota. Nu ngarana gawé ukur ngahonor, lamun ngitung-ngitung gajih jauh ti picukupeun. Ukur dipaké ngontrak gé sabenerna mah ampir teu nyumponan.
            Nu paling beurat kuring mulang lantaran utamana mah can aya jawaban nu baris diucapkeun ka kolot ngeunaan jodo anu sok ditatanyakeun waé saban datang.
            “Nyi, cik bawa atuh ka dieu!” Saur ema.
            “Naon anu kedah dicandak téh ma?” témbal kuring.
            “Enya éta picaloneun”. Ema nyarita bari neueteup anteb.
            “Calon naon ma?”
            “Da nyai mah teu acan gaduh”. Kuring ngajawab kalayan alon.
            Teu karasa cai mata asa baseuh, haté nyeri asa digerihan ku hinis.
            Gening ema téh lain nanyakeun ijazah, kalah nanyakeun jodo. Pan kuring kuliah jauh-jauh ka kota téh rék néangan elmu lain rék néangan jodo. Da ari jodo mah teu bisa dipaksa kudu datang harita. Lamun ku Gusti can diparengkeun mah diudag-udag ogé tangtu hésé.
            Sanggeus kuring meunang pagawéan di hiji sakola, aya deui patarosan ema anu matak bingung ngajawabna.
            “Ari ngajar téh sabaraha gajihna?”
            Kuring ngaragameneng. Lamun dijawab saujratna opat ratus rébu tada teuing bakal ngajenghokna. Sabab ema mah teu ngalaman sakola, jauh ti élmu moal apal kumaha nu sabenerna kahasilan guru honorer téh. Gawé sabulan dibayarna saminggu. Ema mah apalna kuring geus sakola luhur. Geus méakeun waragad gedé. Najan kuliah kuring lolobana biaya ti pamaréntah gé sabab meunang beasiswa.
            Kalayan dareuda bari asa-asa kuring ngajawab:
            “Teu ageung ma,  mung opat ratus rebu!”
            Katinggali ema rada kerung tarangna.
            “Atuh ari ukur sakitu mah geus wéh cicing di imah”.
            “Mening kawin wé”.
            “Éra ema téh, meni asa rawing ceuli”.
            “Jaba deui si Amir geus jol deui jol deui ka imah, nananyakeun waé manéh, nyai!”
            “Ema lain senang boga anak sakola luhur di kota téh, kalah pada ngomongkeun batur”. “Majar téh teu ngukur ka kujur, boga biaya ti mana da kuliah téh mahal, ari lain bari ngajual diri mah”. Asa dijalanan ema nyorocos nyarita.
            Kuring teu lémék dalah batin asa kebek hayang sagoak-goakeun ceurik.
            “Apaa...tulungan nyai”!
            “Mung apa nu ngartos sareng ngarojong kahoyong nyai”. “Upami apa jumeneng kénéh mah, nyai téh moal ngalaman bingung siga kieu”.”Moal ngalaman kapeurih kieu”. Bari murubutkeun cimata hate ngocoblak nyambat-nyambat apa nu tos aya di alam baqa.
            Kusabab tiap mulang terus wae didongsok ku ema, jeung Si Amir remen datang waé sanajan geus sababaraha kali ditolak gé. Jadi wéh kuring langka balik cicing di kota kalayan ngaleukeunan ngajar sanajan gajih saeutik gé. Lamun teu jeung ngalés privat mah pamohalan bisa ngabiayaan diri.
Kuring guru téh, di kota mah nu sakitu pada ngajén ku murid-muridna. Sarjana nu dipikaajrih ku lingkunganana. Tapi geus mulang ka lembur mah angger wéh jadi urang kampung bau lisung anu dianggap sarua jeung urang lembur séjénna. Teu aya ajénna lamun geus manjing umur can kénéh laki rabi.
            Lamun sakalieun mulang ge tara betah lila, paling sajélat-sajélat.
            Pernah hiji waktu kuring mulang. Tengah peuting keur meujeuhna kuring nikmat saré, diguyah-guyah ku ema.
            “Nyai”!
“Nyai”! “Hudang heula”!
“Hayu urang ka pancuran nu ditonggoh”!
“Urang ngala cai”!
“Kanggé naon ema”?  “Ngala cai wayah kieu”?
“Pan aya kénéh cai mah”!
“Lain éta, urang bari ngamalkeun hasil pananyaan ema”. “Syaratna kudu ngala cai ti tujuh pancuran”. “Tah ku ema geus dikumpulkeun ti genep pancuran. Tinggal sapancurann deui mah kudu jeung nyai ngalana”.
Astagfirullohaladziiim... emaaa....
“Kunaon bet kikituan”?
“Musyrik eta teh ma...”! Kuring satengah ngagorowok tapi masih ditahan kénéh.
“Da pananyaaan ema mah ustadz nyi”!
“Piraku ustadz kikituan ema...”!
“Pokona tong loba tatanya, nurut wéh ka kolot, ngarah téréh datang jodo”! “Sakitu hararésé teh meni siga aya nu ngahalangan pisan”.
“Taaah... urang nyaré’at, sugan wéh ku jalan kieu dideukeutkeun jodo téh”.
“Emaaaa...”! Batin kuring ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat. Kuring téh can aya niat jeung can pareng jeung jodona anu sapagodos jeung haté ma....
“Duuh... ema...”!
“Na... ku teu ngarti....”
“Kudu kumaha ngajelaskeunana....”
Kadenge ema ngagejlig indit bari nutupkeun panto rada tarik. Ema indit sorangan bari moék da wanci geus ampir tengah peuting.
Ti harita kuring teu pernah balik lain teu nyaah ka ema anu geus sakitu kolotna. Lain teu hariwang ku kaséhatan ema nu geus mimiti sagala karasa, tapi kuring ngahindar tina sagala laku syirik ema anu susah dipahingna.
Ayeuna kuring balik sanggeus 3 bulan teu mulang ka lembur. Balik lantaran meunang béja yén ema geus taya dikieuna. Teu aya béja gering heula sabab ema pupusna katangén isuk-isuk ku tatangga anu rék ngala cai di pancuran handapeun caringin.
Ema kapanggih keur ngagolér dina bagbagan cai bari awakna geus tariis jeung heuras. Sigana ema pupus ti wengi kénéh. Ceuk sawangan ema téh teu aya alatan serangan jantung.
Hampura ema, kuring anak nu teu bisa mulang tarima ka ema, teu bisa ngabagjakeun ema. Ema ngalakukeun kitu téh lantaran nyaah ka kuring. Tapi jalanna nu salah. Kuring teu panuju lamun kudu ngarumpak syaréat agama. Keun baé kuring jadi parawan kolot gé asal iman jeung kayakinan masih tetep di jalan Allah.
Kuring ceurik balilihan bari nyuuh dina luhureun kuburan ema anu masih kénéh beureum.
Hapunten abdi emaaa ....

*****


*) Guru Mata Pelajaran PAIBP di SMP Negeri 3 Limbangan-Garut





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "NYI GURU"

Post a Comment