ABSÉN ONLÉN:
BARANG
ANYAR NU MATAK JANGAR
Ku:
ASIKIN HIDAYAT
(SMPN 3 Majalengka)
Pikeun lingkungan
pendidikan dasar (PAUD, SD, jeung SMP) di Kabupatén Majaléngka, absén onlén (online) téh kaasup barang anyar. Diémbarkeun
ujicobana sasih Novémber 2018 kaliwat, sarta lumangsung éféktif ngawitan
Januari 2019. Kantenan matak geunjleung. Babakuna patali jeung alesan “teu
siap”, boh personil guru anu katibanan kawajiban absén onlén, kitu deui pakakas
(sarana prasarana) anu ngadukungna. Teu munasabah lamun dina prak-prakanan
matak jangar nu ngagawéanana.
Sistim
absén anu umum dilaksanakeun di Majaléngka di lingkungan lembaga pendidikan
nyaéta absén manual. Para pagawé atawa guru tinggal nanda tangan format absén
anu disayogikeun ku Tata Usaha. Lumaku unggal poé. Ngabsénna bisa wayah kumaha
baé, bisa isuk-isuk nalika datang, bisa ogé pabeubeuran nalika rék mulang. Anu
poho ngabsén, bisa isukanana deui. Malah anu nakal jeung nu teu biasa ngabsén
unggal poé mah bisa maké dirapélkeun sababaraha poé.
Absén
manual leuwih méré kabébasan, atawa bisa jadi ngabalukarkeun tarékah jeung akal
manipulatif. Kondisi kasempetan ngabsén atawa nandatangan sakumaha
diilustrasikeun di luhur, maparin indikasi yén absén manual teu pati efektif
sakumaha anu dipiharep. Kasempetan pikeun manipulasi ngaliglag kabina-bina. Di
hiji sakola, sering kajadian salah saurang staf TU kukurilingan nyodor-nyodorkeun
format absén ka sababaraha urang guru anu absénna barolong. Duka pédah poho,
duka kabiasaan tara nanda absén.
Kondisi
kasebut di luhur lir ibarat misteri anu bisa jadi itu ieu pada meungpeun
carang. Anu penting sértifikasi lancar, sadayana tiasa diatur. Upama dijujut
ogé moal teuing katohyan, da sadaya pada-pada silihkilungan. Lantaran kitu,
tarékah ngayakeun absén onlén, lian ti absén sidik jari anu geus lumangsung di sababaraha sakola, jadi pilihan
geusan éféktivitas absén ka hareupna.
Absén onlén jebul
lir angin lilimbungan anu ngendagkeun sakumna pagawé jeung guru, hususna di
lingkungan pendidikan di Kabupatén Majaléngka.
Ujug-ujug baé pasualan absén onlén ngajaul ngaleuwihan haneutna isu caprés
jeung cawaprés, atawa ogé isu miring ngeunaan tarif Rp 80 juta. Jadi sabiwir
hiji lantaran béja-béja simpang siur kalayan teu dibarengan ku référénsi anu
jelas ngeunaan prak-prakanana. Padika jeung sagala anu pakait jeung absén onlén
éstuning ukur datang tina cenah jeung cenah. Sakapeung diendag-endag ogé ku
beja anu digegedékeun liwat médsos, ngeunaan ancaman lamun hiji guru teu ngagawéan
absén onlén. Balukar pangriweuhna tumiba ka guru anu teu paham kana urusan IT.
Antukna kalah ramé teu puguh. Anu panasbaran mah kantenan dibarengan ku
ambek-ambekan sagala.
Anu awam pisan mah
komo, kateupaham pagugulung jeung kasieun. Babakuna, lamun teu ngagawean absén,
temahna maktak mangaruhan kana sertifikasi. Lamun akumulasi absén teu luyu
jeung anu kuduna bukti, bisa jadi sertifikasi dicabut. Mangkaning, sertifikasi
téh panumbu hirup pangutamana salian ti gajih rutin. Lamun seug nu hiji éta
dicabut, tada teuing barongkéakanana. Numawi, absén onlén mah ditarékahan
sakumaha mistina, ti mimiti nyayogikeun hapé android nepi ka nohonan sangkan
bisa ngaksés absén dina waktuna.
Dampak luar biasa
mémang mimiti témbong ku ayana absén onlén. Salah sahiji anu pangonjoyna nyaéta
perséntase guru hadir isuk-isuk ningkat sacara signifikan. Kitu deui perséntasi
guru mulang, rata-rata nunggu nepi ka tabuh 14.30 unggal poéna. Anu sumping énjing-énjing,
kantenan sanés muru ngajar, da sasumpingna ka sakola téh ngadon patingdareluk
noong androidna séwang-séwangan. Anu hasil asup surak, anu teu bisa ngaksés
gegelendeng. Ka dieunakeun, absén lain kalah gampang diaksés, nu aya kalah
beuki susah. Antukna aya anu segut bari leukeun susuganan bisa asup, aya ogé
anu apriori jeung leuwih loyog kana ngabaékeun.
Pangalaman
karerepet anu karandapan ku para guru anu ngaksés absén antarana baé: (1)
posisi lokasi hésé diakses, dina monitor muncul katerangan “Posisi lokasi sudah dapat tapi gagal ambil
nama lokasi”. (2) Posisi lokasi jeung ngaran tempat geus beunang, tapi lain
di lokasi anu sakuduna. Jalaran kitu, absén ogé gagal dilakonan. (3)
Kalan-kalan (malah sering) muncul katerangan “Bukan no. HP yang bersangkutan”, padahal éta HP meleg-meleg
dicepeng ku nu bogana. (4) Sering absén asup atawa absén mulang teu bisa diaksés
dina waktuna, ieu ngabalukarkeun absén
diaksés telat ti waktu anu sakuduna, jeung boa masih kénéh loba karerepet
lianna.
Hal nu pikalucueun
salian ti susah aksés saperti anu didadarkeun di luhur, nyaéta ngeunaan profil
pegawai. Data anu aya dina éta profil sabagian gedé pegawai henteu kacatet
sakumaha mistina. Aya anu data pribadina bener, nanging tempat digawéna béda.
Contona: Ikhsan tempat tugas nu sabenerna di SMPN 1 Majaléngka, tatapi nu
kacatet tugasna di SD Sindangkasih II. Saha anu lepat lamun lain sistemna anu
kudu dibebenah?
Ana disalusur,
naon sababna pangna absén susah diaksés, horéng prasaranana can cukup.
Numutkeun katerangan ti pihak BKPSDM (Badan
Kepegawaian dan Pengembangan Sumber Daya Manusia) Kabupaten Majaléngka, sistem
absén onlén mémang can sampurna. Hasil uji coba dina bulan November jeung Desember kakuranganana bakal jadi bahan
kajian. Harepanan, awal taun 2019 ieu absén onlén sagala rupana geus bisa
diimpléméntasikeun kalawan lancar.
Nanging, di sagédéngeun
pasualan aksés anu masih kénéh nyésakeun masalah, aya pamikiran motékar anu
muncul ti pihak Kelompok Kepala Sekolah. Dumasar kana panalingaan, yén absén
onlén (sanajan karék ujicoba) bisa jadi alesan pikeun ngalumakukeun sistem 5
poé gawé. Yén guru anu rata-rata tabuh 13.00 mangsa bubar sakolana, masih kénéh
kudu nunggu waktu absén mulang kurang leuwih 1,5 jam. Tibatan dipaké
ngalelengkuy nungguan waktu absén mulang, naha teu leuwih hadé éta waktu téh
dimangpaatkeun pikeun ngajar? Kawasna, numutkeun pihak MKKS, leuwih hadé jumlah
jam ngajar ditambahan unggal poéna nepi ka tabuh tilu, tibatan guru hareudang
nungguan absén mulang bari tinglaligeuh teu puguh.
Sababaraha urang
Kepala Sekolah geus ngémbarkeun kamandangna (malah aya anu liwat médsos, kayaning
facebook atawa WA), lima poe gawé kudu dilumakukan sajalan jeung kawijakan absén
onlén. Kumaha ketak jeung kawijakan tindak
lanjut tina ieu usulan, masih kénéh perlu tinimbangan anu asak jeung pasti.
Tangtuna bari kudu dibeuweung-diutahkeun maslahat jeung mudlaratna.***
0 Response to " "
Post a Comment