CARITA PONI

CARITA PONI (PONDOK MINI)


Kembang Cikur

(Ku: Badriah/SMAN 2 Cianjur)





"Ari manéh keur naon Sardun totonggéngan deukeut sumur, kajeung tisolédat hég labuh gebrus kana sumur, aduh mana teuing ..." Ma Sari gégéréwékan ti lawang panto waktu ningali anakna nu ngan saésé laweun ngomé hapé bari nonggéng sisi sumur.

"Ih, Emah mah sok riweuh teu puguh. Ieu Mah nempo kembang cikur. Kakarak nyaho Dudun mah. Kembangna téh alus, warna janda, Mah," tembalna bari teu ngalieuk-lieuk acan ka indungna.

"Éta atuh tong bari nyenyekel hapé, bisi murag asup kana sumur mangkaning tacan lunas ngiriditna. Panan barang mahal hapé téh Sujang, ulah lalawora. Naon deuih warna janda? Asa kakarak ngadéngé," Ma Sari anger gégéréwékan.

"Ka dieu atuh Mah, tingal, ieu kembang sakieu alusna. Rék difoto, rék dikana fésbukkeun."

 Jekrék, jekrék, Dudun motoan kembang cikur siga potografer prefesional.

"Tugas ti sakola lain anaking? Na asa matak harésé tugas sakola téh, pan cikur mah teu saban usum kembanganna gé,"

"Lain, Mah, ieu mah ideu Dudun wé, moto kembang cikur,  terus dikana fésbukkeun, ngaranna téh berbagi, Mah."

"Na ... tibang gé kembang cikur naha maké kudu babagi sagala, ka saha? Fésbuk? Urang mana fésbuk téh Sardun? Randa lain?"

"Ah, Emah mah ngérakeun, lain sasaha fésbuk mah."

"Har ... lain sasaha? Naha atuh meni tunggang-tonggéng matak ripuh, nanaonan ari manéh?"

"Panan jaman ayeuna mah kitu, manggih nu aheng saeutik kirim ka fésbuk, dahar ngeunah saeutik kirim ka fésbuk, boga baju alus meueusan kirim ka fésbuk. Usumna kitu, Mah," Dudun nyobaan nerangkeun ka indungna anu weléh baé teu ngarti ku kalakuanana.

"Nyaho matak ngariweuhkeun jeung matak sédéng mah, teu hayang pangiriditkeun hapé keur manéh Sardun. Sagala dikirim ka fésbuk, lain ka indung sorangan." Ma Sari ningalkeun Dudun anu anger kénéh totonggéngan sisi sumur.*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "CARITA PONI"

Post a Comment