CARPON


Carita Pondok
YUYUN
Ku Eva Walipah



Nina kerung, beungeutna katémbong bingung. Manéhna keur mariksa ulangan matematika murid-muridna kelas tilu di ruang guru. Kertas hasil ulangan anu meunang mariksa dibulak-balik diakurkeun kana buku daftar nilai.
“Nin, kunaon meni kerung kitu?“ Bu Nenden nanya.
“Ieu aya anu anéh, Bu,” témbalna bari angger teu maliré ka nu nanya.
“Anéh kumaha?” Bu Nenden nanya deui bari nyampeurkeun kana méja Nina.
“Tuh geura tingal ku Ibu, pan murid abdi di kelas tilu téh aya tilu puluh hiji urang, naha ari hasil ulangan ieu aya tilu puluh dua?” ceuk Nina bari némbongkeun daftar kelas ka Bu Nenden.
“Aya tiluan anu teu dinamian, anu dua abdi apal seratanana pasti anu si Una sareng si Uci. Langganan éta mah tara dinamian. Mung ieu hiji deui anu saha?” tanya Nina ka Bu Nenden.
“Mana, cik ningal,” ceuk Bu Nenden bari nempo kertas ulangan nu teu dingaranan.
“Seratanana mah saé, Bu, rapih, jawabanana ogé laleres. Malih mah nilaina 100.“ Bu Nenden miluan kerung.
“Boa-boa ...,” ceuk Bu Nenden bari ngabirigidig.
“Boa-boa naon, Bu?” tanya Nina panasaran.
“Ah, henteu ... hayu urang uih! Sakola atos tiiseun kieu. Énjing waé teraskeun deui,” témbal Bu Nenden bari bébérés.
“Muhun, hayu,” témbal Nina bari duanana arindit.

***
Isukna saperti biasa Nina asup ka kelas tilu. Manéhna ngabsén murid nu teu asup sakola. Poé ieu téh duaan nyaéta Rasti jeung Rina.
Rasti mah embungeun sakola da tadi di imah ninina waé. Sedengkeun Rina mah cénah kabeureuyan ku cucuk lélé kudu ka rumah sakit da ceurik waé. Jaba embungeun calangap jadi dokter ogé bingungeun kumaha nulunganana. Nina gogodeg bari seuri maur. Aya-aya waé, ceuk pamikirna.
Méméh diajar, barudak ngadunga heula dibaralangkeun, dibaca tarik. Maca surat alfatihah disambung ku dunga arék diajar.
Méméh nerangkeun matéri, Nina ngabagikeun kertas ulangan matematika nu kamari dipariksa. Saurang-saurang muridna disebutan ngaranna. Bener waé nu teu ngaranan téh anu Uci jeung nu Una. Ngan ieu nu hiji deui teu dingaranan nu saha? Masih tanda tanya dina jero haténa.
Nina nerangkeun matéri pangajaran saperti biasa. Pas jam ahir, barudak raribut di jajaran tukang.
“Bu Guru, Bu Guru, Daffa nundutan,” ceuk Jang Kamal.
“Muhun wios teu kénging diganggu,” témbal Nina bari anteng nulis dina papan tulis.
“Bu, Daffa .... “ Gilang ngagorowok tarik pisan.
“Ssssttt, teu kénging diganggu. Sok hidep kerjakeun ieu soal, Ibu ka kantor heula ngabantun sepidol,” ceuk Nina bari ngaléos ka kantor.
“Kadé teu kénging ribut!” ceuk Nina méméh indit.
Nina balik deui ka kelas, barudak angger ribut bari saleuseurian ngoconan anu nundutan. Nina panasaran, anu nundutan disampeurkeun, dirampa tarangna bisi harééng. Malah ku Nina karasana tiis nyecep siga és batu.
“Daffa, kunaon? Teu raraos?” tanya Nina bari ngaguyah-guyah. Anu nundutan diguyah-guyah awakna oyag kabéh. Blug, murag tina korsi. Nina ngajerit reuwas, nu nundutan ngajoprak dina ubin teu usik-usik.
Nina ngaguyah-guyah Daffa deui. Barudak ribut nyusulan guru olahraga. Daffa dipangku ku Pa Dadan, guru olahraga, dibawa ka ruang UKS. Nina katémbongna reuwas pisan. Barudak kelas tilu ribut patingjalerit. Nina lumpat nuturkeun Pa Dadan ka ruang UKS.
Di ruang UKS, Daffa diguyah-guyah deui tapi angger teu sadar. Dikayuputihan palebah irungna sina diseuseup, angger teu sadar-sadar. Nina rawah-riwih ceurik.
“Bu Nin, tong ceurik! Tenang moal nanaon,” ceuk Pa Dadan ngabeberah. Nina teu némbalan kalahka ingsreuk-ingsreukan.
“Daffa kunaon, Pa?” ceuk Nina panasaran.
“Teu kunanaon, sok waé Ibu ka kelas deui. Barudak ribut!” ceuk Pa Dadan. Nina nurut, manéhna balik deui ka kelas tilu. Kasampak barudak ngagimbung noong tina kaca.
“Ibu, Daffa kunaon?” ceuk barudak nanya meni raéng.
“Daffa teu kunanaon, nuju dilandongan ku Bapa Guru olahraga,” témbal Nina bari nyusutan cimata ku tisu.
“Sok nu atos ngerjakeun soal, bukuna kempelkeun ka payun!” ceuk Nina.
“Muhun, Ibu” témbal barudak saur manuk.
“Pami tos dikempelkeun ka payun, sok bébérés, maos dunga teras aruih!” ceuk Nina.
Sabubarna barudak, Nina balik deui ka rohangan UKS nempo Daffa. Kasampak Daffa geus diuk bari nginum cai téh amis.
“Daffa kunaon?” tanya Nina.
“Tadi téh aya nu ngajak ameng, Bu,” témbal Daffa.
“Ngajak ameng?” tanya Nina héran. Daffa unggeuk.
“Saha nu ngajak ameng? Pan Daffa mah nuju belajar,” tanya Nina panasaran.
“Duka, Ibu, da murangkalih istri sami nganggé acuk seragam tapina teu kenal. Calik nyedekkeun teras nungtun duka ka mana,” témbal Daffa deui. Ngadéngé carita Daffa kitu, rey bulu punduk Nina carengkat.
“Murangkalih istri? Saha? Panan réréncangan Daffa di kelas mah kenal sadayana?” ceuk Nina. Daffa tungkul.
“Duka atuh, Bu, da teu kenal tapi aya ngiringan belajar gigireun Daffa,” témbal Daffa.
“Hayu atuh urang uih. Ku Ibu dijajapkeun bari sakantenan ngalongok Rasti,“ ceuk Nina bari nyidem kahemeng jero haténa. Aya budak awéwé maké seragam miluan diajar, ngajak ulin ka Daffa bari jeung Daffa na teu wawuheun.
Daffa dianteurkeun nepi ka imahna. Balik nganteurkeun Daffa, Nina nyimpang ka imahna Rasti. Geus opat poé Rasti teu sakola. Rasti cicing jeung indungna di hiji kamar kontrakan nu teu jauh ti imah ninina.
“Assalamualaikum,” Nina uluksalam.
“Waalaikumsalam,” témbal hiji awéwé ti jero kamer kontrakan.
“Abdi Nina, ibu guruna Rasti, dupi Rasti na aya?”
“Oh, Ibu Guru. Rastina aya di bumi Néné. Hayu urang kaditu!” ceuk éta awéwé. Saterusna leumpang muru imah ninina Rasti.
Di imah ninina, kasampak Rasti keur ceurik. Ngadat teu beunang diupahan. Jejeritan. Barang nempo Nina datang, Rasti lumpat ngagabrug.
“Ibu,” ceuk Rasti bari nangkeup Nina.
“Kunaon bageur? Naha teu sakola?” Nina nanya bari ngusapan Rasti. Rasti gideug teu némbalan nanaon ngan cimatana waé murubut.
“Saurna téh alim sakola da sok diheureuyan waé ku Yuyun,” ceuk ninina Rasti.
“Yuyun?” Nina héran.
“Naha da abdi mah teu gaduh murid nu namina Yuyun,” témbal Nina deui.
“Muhun, Bu, Yuyun aya di kelas, di pojok calikna téh. Sok nyampeurkeun waé ngajak calik sareng abdi, tapi abdina alim da Yuyun mah bangor,” ceuk Rasti. Ngadéngé éta carita, Nina ujug-ujug muringkak bulu punduk. Manéhna terus ngusapan sirah Rasti bari mapatahan deui sina asup sakola. Haténa ngarancabang, boa-boa ... kertas ulangan ogé anu Yuyun!*

Subscribe to receive free email updates:

2 Responses to "CARPON"