CARPON
KUKUPU KULAWU
Carpon Asikin Hidayat
Lebah kaca
jandéla, kukupu warna kulawu nyampak
gegeleberan. Sakapeung eunteup, sakapeung hiber. Sering sukuna roroésan dina
beungeut kaca. Kawas nu hayang kaluar, muru bébas hiber ka mana-mana.
Panyangkana boa nu katingal di luar téh rohang tanpa panghalang. Pantes sababaraha
kali hiber neumbag baé kaca. Abong sato, teu gaduh polo.
Saur sepuh
kapungkur, kukupu téh totondén bakal kasumpingan sémah. Bari jeung bukti
geuning. Sémah sok jebul ngurunyung. Teu matak reuwas, sabab ti anggalna geus
aya iber kasumpinganana liwat kukupu
téa.
Teu pati dipaliré ieuh onaman. Teu salawasna kukupu jadi totondén kadatangan sémah. Bisa jadi ukur kabiasaan, atawa kabeneran
wungkul. Pas aya kukupu, pas semah datang. Lantaran kitu, ayana kukupu di jero
imah teu bisa dipaké paraméter
naha mémang bakal ngurunyung sémah atau moal. Komo ieu di tempat nyingkur jauh ka ditu ka dieu, asa
pamohalan sémah ujug-ujug
datang.
Ras nalika guntreng jeung Ummi tadi peuting méméh
kuring amitan rék nyingkur di
ieu villa.
“Ulah nyaur ka sasaha, nya Mi,” harita téh
rebun-rebun kénéh pisan. Dalah guntreng gé ukur dicaangan ku cangrana harepan. Teu leuwih ti
éta.
“Abi badé ka mana kitu?”
“Saheulaanan Abi hayang niiskeun pikir, Mi.”
“Lami?”
“Insya Allah moal. Dugi ka sagala rupina nétral.”
“Ummi melang...”
Kuring ngahuleng. Geter sora nu pamungkas aya tembur
kana jajantung. Aya rasa melang mémang. Nanging ngagugulung kamelang teu matak
ngaréngsékeun pasualan.
“Pokona ka tempat impian nalika urang ngagambar dénah wangunanana sasarengan,” cékéng basa manéhna nalék ka
mana tujuan kuring indit.
“Villa Panyingkuran?”
Sabenerna kuring unggeuk bari imut. Nanging kuring
teu yakin Ummi bisa nangénan yén kuring imut.
“Wios Ummi nelpon?”
“Ummi...,” kuring kabawa ngageter. “Bujeng-bujeng
nelpon, dalah Ummi sumping nemonan Abi ogé teu nanaon. Nanging engké sabada situasina tos saé. Abi pasti maparin wartos ka Ummi.”
Ummi unggeuk. Tungkul. Mun teu mongkléng, boa
katingal paroman melangna.
Gap kana pigeulangna. Lalaunan ditarik sangkan
awakna deukeut jeung awak kuring. Lalaunan ogé leungeun kuring dibeulitkeun
kana cangkéngna. Nalika
lambeyna ngaliwat pipireun ceuli kuring, kapireng haréwosna semu ngageter.
“Tong lami,” cenah.
Ya Allah, kuring ngagarentes. Lamun lain karana
pasualan anu keur disanghareupan, sungkan téh enyaan papisah jeung nu jadi
beubeulahan haté. Ummi nu
salila ieu maparin sumanget hirup ka kuring. Ummi nu salila ieu satia satuhu ngéstokeun salaki. Ummi nu geus ngandung jabang
bayi pibakaleun turunan kuring. Ayeuna kudu ngalaman ditinggalkeun.
Pibakaleun turunan kuring! Mungguh beungbeurat
séjén salian ti waruga Ummi anu keur ngandungna. Jabang bayi, beuti rumah
tangga anu dianti ku sakumna manusa anu ngalamanana. Barokah ti Pangéran anu sawadina ditampi sarta dipupusti
dugi ka waktuna gelar ka alam dunya.
Nalika mobil ngageuleuyeung, tina kaca spion
katingal kalangkang Ummi, ngadadahan. Hanjakal harieum peuting langsung
nyirnakeun kalangkangna. Kasapih ku peteng satungkebing jagat. Lamun téa lampu
mobil teu caang meueusan, jalan sorangeun di hareup ogé boa peteng, sakumaha
petengna sorangeun hirup kuring ka hareupna.
“Ulah lami,” ceuk Ummi tadi.
Lalaunan kuring unggeuk, lir ibarat Ummi masih
kénéh ngajanteng hareupeun kuring. Mungguh unggeuk nu can karuhan
piyakineunana.
Tempat anu dituju téh Villa Panyingkuran, tempat
rusiah anu ukur kuring jeung Ummi anu apal. Disebut Panyingkuran sabab mémang diancokeun
pikeun nyingkur. Nyirnakeun diri. Tempat ngarinéh diri lamun pareng keur pakanci. Ayeuna ogé
tujuanana deuk ngarinéhkeun
diri tina sarupaning pasualan anu ukur kuring sorangan anu bisa ngaréngsékeunana. Saheulaanan cul gawé utama, seja ngararancang pagawéan saterusna.
Hiji pasualan anu moal bisa diréngsékeun boh ku sékpri kuring anu geulis, Neng Ai, atawa
saha baé ogé.
Tangtu, di kantor bakal rada paciweuh, sabab
kuring indit henteu bébéja ka sasaha. Maksud paciweuh téh dina
perkara ngaréngsékeun gawé anu mibutuh kasaluyuan kuring
salaku pingpinan. Apan sok aya baé garapan anu kudu di-ACC, diparap atawa
ditandatangan. Sanajan tanda tangan kuring bisa diturutan, tapi euweuh hiji ogé
anak buah anu wanieun calutak. Komo urusan piduiteun, jajauheun maranéhna
kumawani maling tanda tangan.
Anjog di villa téh subuh. Sora adzan ti jauhna
kapireng ngalaeu. Aya nu ngahelas na jero haté. Geus lila kuring teu maliré kana sora adzan. Panggero pikeun ngalakonan solat
anu dibaékeun. Asa ku teu
kawaktuan pikeun soson-soson ibadah. Sapopoé mungguh riweuh ku tugas jeung
pagawéan, ngabalukarkeun kuring ipis pamadegan kana sual agama.
Isuk ieu, adzan ibarat nyalukan kuring pikeun
nafakuran diri. Sajongjongan, sabada mobil diasupkeun ka garasi, kuring
ngahuleng ngaraga meneng. Aya anu nujul kana jero angen, tarik kacida. Poé-poé
kamari, nalika manggih janari, kuring karék balik mentas sukan-sukan di bar atawa maen kartu
jeung batur sakaresep. Tara kungsi kalakonan subuh, sumawona duha. Bray beunta
téh geus mancer panonpoé.
Dalah datang beurang ka kantor ogé euweuh nu nyisikudi. Saha nu wani ka
pingpinan?
Tapi Adzan nu keur kareungeu ayeuna nungtun kuring
nyorang pangabdasan. Duka naon sababna isuk téh ngadadak wening. Nalika uluk
salam, subuh réngsé dilakonan, sagala rupa jadi cangra. Ka
Gusti Nu Mahasuci dumadak asa deukeut, asa hayang terus deukeut. Teu karasa
cimata ngeclak maseuhan panglahunan.
Tina lalangsé kaca hareup, panonpoé isuk nyusup maparin cangra sakaligus nangaraan
yén kahirupan peuting baganti beurang. Hanjakal ngopi téh sorangan, mun seug aya
Ai anu biasa maturan di hotel, atawa...duaan jeung mojang pesenan geusan
ngahibur kuring. Ah, kuring gancang nyieuhkeun pikiran éta. Di dieu kuring nyingkur lain deuk
senang-senang, tapi deuk ngaréngsékeun hiji konsékwénsi tina gawé. Ummi ngahaja teu diajak, komo Ai, dalah mojang pesenan ogé
saheulaanan – atawa saterusna – teu dibawa.
Sabot ngadaweung nyorangan, geleber aya kukupu
kulawu asup. Hiber ngurilingan rohangan. Naha bener rek aya tamu?
Ieu villa ngahaja diadegkeun di tempat anu jauh ka
ditu ka dieu, anu ceuk pangira kuring bakal hésé ngadongkangna iwal kuring anu apal. Sababaraha urang patukangan anu ngaréngsékeun ieu wangunan tangtu apal, tapi
sabada réngsé pagawéanana, maranéhna tara kungsi deui nyorang ka dieu. Iwal kuring
jeung Ummi.
Deui-deui kuring teu percaya, yén ieu kukupu téh
totonden bakal jebul tamu. Tapi panon kalah manco ka manéhna. Nu puguh asa
dibaturan. Mangsa euweuh nu bisa diajak nyarita, ieu kukupu jebul lir nu
ngahaja namu.
Nalika anteng nyurahan ieu kukupu, dumadak panto
hareup aya nu ngetrok. Gebeg! Tamu
geuning. Rét ka kukupu rét ka panto. Boa manéh lain ukur totondén, tapi mémang ngahaja mawa tamu ka dieu, gerentes
kuring.
Kulutrak panto
dibuka. Nyampak dua lalaki ngajanteng hareupeun panto.
“Pa Samsudin, anjeun ditahan,” salah saurang némbongkeun
surat panahanan. “Dumasar kana tuduhan korupsi…,” ceuk nu hijina.
“Eu..., apal ti saha kuring aya di dieu?”
Nu duaan teu némbalan. Tapi ti tukangeun maranéhna nembongan hiji
wanoja.
“Ai...?” kuring méh ngajerit.
Wanoja anu digentra ukur ngeluk tungkul. Ras
inget, yén lian ti Ummi, apan kuring gé kungsi ngajak Ai meuting di ieu Villa.
Basa leungeun
kuring diborgol, kukupu kulawu ngageleber
liwat panto. Hiber bébas di alam padang. Éstuning totondén béda jeung nu bakal
karandapan ku kuring. ***
Majalengka, 2013-2019
0 Response to "CARPON"
Post a Comment