Rebo Ngagero
Rebo Ngagero
Ku: A. Yogaswara
Biru laut, hejo daun
Gero sagara dina séah ombak
Gundam alam dina gupay kalakay
Harung gampung ngagunasika
Sagara ilang wiwaha
Sarakan ilang dangiang
Kalakay katebak hoghag
Rebo loba nu ngagero
Patingcorowok raksa riksa sarakan
Ngan ukur lalambé dina biwir wungkul
(Rebo Maneuh di Sunda)
0 Response to "Rebo Ngagero"
Post a Comment