SAJAK K. ENDRASMARA
John M. Stuart
Pabuburit harita teh angin rintih
Sanajan panonpoe panasna angger nurih dayeuh
Dayeuh kameumeut Anjeun nu diadegkeun boa ku cimata
getih
Tuan Jhon M. Stuart, urang duaan patarema leungeun
Silihjugjugan tangtungan kalalakian
Di Victoria Square Park , galeuhna dayeuh anjeun nu
maneuh
Sanajan harita anjeun teu nikukur
Kuring apal lain ceuk batur
Anjeun teh estu the
great explorer
Nu mancegkeun tatapakan dayeuh Australia Kidul
Ari kuring bet humayua
Kongkorongok salah mangsa
Kukubuk rek nalukkeun Adelaide
Teu nyaho mah kalah nyuksruk
Dina labirin ieu dayeuh mangsa sareupna.
Adelaide, Oktober 2013
Pabuburit
di King Wiliam Street
Mancat kana beus metro pabuburit
Pileuleuyan, King Wiliam Street
Poe isuk mah moal asrog deui jeung mojang-mojang
rancunit
Nu pagegelek lebah Rundlemall
Deuh, mimiti karasa leungeun Nyi Adelaide kana hate,
meulit
Basa ngadius metrobeus laju ngidul
Panonpoe ucang-ucang na langit paul
Harewosna bet semu ngeleketek
“ Naha moal panasaran teu sindang heula ka
Hungryjack?”
Adelaide, Oktober 2013
Gubernur Jenderal Hindmarsh
Kagagas kuring kagagas
Basa angin sagara Hindia ngarangkul kuring
Hareupeun tugu pangeling-ngeling
Ciri bukti
Ratusan taun katukang
Anjeun mimiti nincak basisir Glenelg
Dibarung hate nu teteg
Niat nu panceg
Puseur dayeuh Australia Kidul kudu ngadeg
Ayeuna di basisir Glenelg kuring nangtung
Dikungkuyung pelengkung katumbiri
Seja miceun rereged diri
Nu ampir sakulit sadaging
Ngajungjurigan saban ringkang.
Adelaide, Oktober 2013
K.
Endrasmara, guru SDN 1 Bojonggedang Rancah, Ciamis
0 Response to "SAJAK K. ENDRASMARA"
Post a Comment