SAJAK-SAJAK K.ENDRASMARA
PANINEUNGAN AUSTRALIA 2013 Bagean Kadua
Halte Tram West Terrace
Ngudag-ngudag pangbalikan di West Terrace
Sanggeus linglung dina labirin Adelaide Metropolis
Jalan-jalan ngadadak baranahan
Gedong-gedong ngajak ucing-ucingan
Disurakan jarum jam nu ajleng-ajlengan
Ari pangbalikan ka kalanggengan
Geuning remen teu kapikiran
Teu dina wilangan menit
Teu dina itungan detik.***
Australia kidul,
30/09/2013
Majors Road
Hate merod lebah Majors Road
Jalan nu lempeng ngulon
Enyaan nangtang lalampahan
Ka jauhna sapaparat pangangonan
Ka jauhna ka sungapan
Dongeng-dongeng nu can kalakon.***
Australia Kidul, 02/10/2013
Black Road
Ngulibek deui ciciptan lebah Black Road
Jalan ngatuhu nu mubus kana kelek-kelek pasir
Ari angin muntir dina taktak tangkal pinus
Laju ngadius minggeskeun pucuk-pucuk kagimir.***
Australia Kidul, 04/10/2013
Walungan Torrens
Ayemna cai walungan Torrens
Ngagilisir rintih na dasar leuwi angen-angen
Ari kakangen bet dikeletan kembang beureum dina
babantar
Duh, samar-samar hariring ti tungtung lembur.***
Australia Kidul, 08/10/2013
Basisir Noarlunga
Di basisir Noarlunga
Kuring nyipta-nyipta hiji rupa
Nu harita keur digambar ku ramo lambak
Dina kikisik
Enya rupa anjeun nu nyengcelak
Keur ucang-ucang na mega malang.***
Australia Kidul 06/10/2013
K.
Endrasmara, guru SD di Rancah, Ciamis.Taun 2013 kungsi meunang
kasempetan nganjrek di Happy Valley, Adelaide, Australia Kidul.
0 Response to "SAJAK-SAJAK K.ENDRASMARA"
Post a Comment