PUISI ASIKIN HIDAYAT
SAREUPNA DI PAGERAGEUNG
Haturan : Kang Esep miwah Kang Oesep
Asa cikénéh ramo pataréma
Ngunikeun rasa dina kongkolak héman
Kecap demi kecap digalindengkeun
Ngaharib guneman sapanjang siang
Apan harita urang dikongkoyang bingbang
Teu wasa umangkeuh, najan sakalimah
Ukur hook nataan katotoloyoh
Horéng, udageun jauh kénéh di enya
Yap, urang ngaléngkah bareng, Lur!
Saur salira mangsa ngadeg luhur podium
Naratas mangsa ngajadi lahan pamiangan
Sapada harita alam padang narémbongan
Sareupna datang marengan harepan
Sarta layeutan sora hémpak miyuni jangji
Singkahan alesan! Deui-deui salira nyoara
Kalawan daria angin maparin warti:
“Satemenna, hirup téh antayan kalimah
Dalit, malipir, ngajadi paragrap panjang
Ditetengeran kekenteng, koma jeung peun
Sajorélat ngajanggélék jadi carita...”
Pagerageung, Januari 2019
0 Response to "PUISI ASIKIN HIDAYAT"
Post a Comment