CARPON: BEU!
Ku : Dian Diana
(SMPN
1 Cihampelas Bandung Barat)
Pas pisan jam tujuh kuring datang ka
sakola tèh. Kaitung gasik poè kemis mah,
kulantaran kuring kabagèan tugas pikèt. Jam tujuh leuwih duapuluh menit kuring
kudu mencèt bèl, yèn tanda jam kahiji dimimiti.
Bus, kuring abus ka ruang guru. Simpè, jempling can aya
sasaha. Ransel kameumeut nu ngan hiji-hijina dilaan, diteruskeun muka jakèt
hideung nu geus ampir tilu poè dipakè. Kusiwel duit tina saku jakèt pamulangan
meuli bèngsin di BBS dikaluarkeun, dièntèp gambar pahlawan nu di luhurna, terus
diabuskeun kana lokèt hideung nu warnana geus pias kolèas rada lecek. Jakèt
digantungkeun na korsi paranti kuring diuk.
Brak! Sora
mèja dipeupeuh satarikna
"Astagfirullahaladzim!" tarik sora kuring ngucapkeun istigfar.
Kuring ampir-ampiran ngagajleng bakating
ku reuwas. Jantung ngageder rada remen ngompana. Jigana nu teu payaan mah geus
ngagolèr kapiuhan ngadèngè sora sakitu tarikna.
Kuring melong ka jalma nu ngagebrak mèja
tadi. Singhoreng aki-aki geuning. Paromanna cakueum haseum. Makè baju komprang
lengkep tarang dibunian ku barangbang semplak. Jigana jawara meureun. Tapi
ningali dedegan awakna leutik jeung pendèk, katambah kumisna ogè pulisi, alias
ngumpul disisi. Pantesna tèh mun jawara mah, kumisna baplang pikasieuneun.
Ningali dedegan kitumah, wawanèn kuring
langsung naèk, sanajan pangawakan awèwè ogè, teu sieun ka jalma nu sok lègeg
teu pupuguh mah. Teu sagawayah
kuring nyanghareupanna, sigana keur èmosi tingkat luhur jalma tèh ieumah.
Nalungtik heula ku cara nanya tiheula, bari tetep ngajaga kasopanan ka manèhna.
"Punten, Bapa bade kasaha?"
tanya kuring leuleuy.
"Cing Bu, ibu guru didieu?"
manehna malik nanya.
"Muhun Pa. Kumaha kitu?" walon
kuring bari nyampeurkeun si aki.
"Na teu apal aya murid nu labuh
misalah kamari? Diararantep euweuh nu nulungan." ceuk si aki poporongos
Kuring seuri na jero hatè mah. Asa kakara manggih jalma nu
polontong jiga kieu. Biasana ogè saropan jeung saromèah. Mèh puguh jujutanna,
kudu dimimitian heula ku kenalan jeung si aki tèh jigana. Bari tetep rinèh, kuring
nitah diuk ka manehna.
"Punten Bapa, supados raos ngobrolna, mangga
calik heula palih dieu pa!" ceuk kuring bari jempol leungeun katuhu bentik
ngarahkeun ka korsi tamu. Gèk
manèhna diuk na korsi tamu nu panjang. Kuring diuk di korsi leutik nyanghareup
jarak sameter satengah jeung si aki.
"Kieu Bu, kuring tèh akina Siti
Sunarti. Kamari sorè balik ti sakola, Si Siti ceurik bari aduh-aduhan nyepengan leungeun katuhuna.
Reuwas kuring tèh, kulantaran leungeunna misalah. Cenah labuh di sakola keur
istirahat. Babaturanna arapaleun, tapi euweuh guru nu merhatikeun. Padahal aya
nu abus ngajar sanggeus istirahat. Kudunamah bawa heula atuh ka Citapen mah,
lain diantep,"
ceuk si aki ngenalkeun diri sorangan bari
nyaritakeun pamaksudan, meni norowelang lir kacang ninggang kajang.Tapi angger
kenèh ngomongna makè tanaga alias nafsu.
"Kè ... kè ... sakedap Pa! Pami
Siti tèh kelas sabaraha? Kumargi abdi ngawulangna mung genep kelas di kelas salapan. Kaleresan
nu diajar ku abdi asa teu aya nami Siti Sunarti mah," ceuk kuring ngajèntrèkeun.
Keur anteng ngawangkong, torojol
guru-guru dararatang bari ngarucapkeun salam. Kuring ngajawab salam jeung
ngabales mèrè budi nu amis, bari nanya ka guru-guru, bisi apal ka ngaranna Siti
Sunarti kelas tujuh tèa. Tapi geuning, teu aya nu kenal saurang urang acan.
Unggal guru nu ku kuring ditanya, maruka buku kahadiran, tapi lebeng teu aya
laratan.
“Cicingeun kitu budakna?” gerentes hatè kuring.
"Pa, geuning teu aya nu kenal ka
Sri Sunarti incu Bapa tèh,"
ceuk kuring bari nyanghareup deui ka si
aki.
"Tuh pan, ceuk kuring ogè euweuh
perhatianna guru di dieumah." pok na tèh meni bèntès.
Deuh! Meni asa ku ngarareunah basa teh si Aki. Abong biwir teu diwengku letah
teu tulangan. Tapi kuring tetep tenang nyanghareupan si aki.
"Ke, sakedapnya, Pa! Abdi badè ningal data sadaya siswa
di dieu. Urang cèk sakantenan, bilih di kelas dalapan atanapi kelas salapan," ceuk kuring bari nyokot handphone na ransel.
"Kelas tujuh Bu, Siti Sunarti incu
kuring mah, moal salah." ceuk si
aki keukeuh.
Kuring mencèt nomer Ali bagian tata usaha, da Ali nu nyepengan daftar budak sakola di dieu mah, ti kelas tujuh nepi ka kelas salapan tèh.
Kuring mencèt nomer Ali bagian tata usaha, da Ali nu nyepengan daftar budak sakola di dieu mah, ti kelas tujuh nepi ka kelas salapan tèh.
"Assalamualaikuum ... Li, yap kadieu, ka ruang guru bari mawa daftar
budak SMPN 1 Cihampelas ti kelas tujuh nepi ka kelas salapan!" titah
kuring.
"Siap Bu, mangga," walon Ali na telepon.
Teu lila Ali datang bari mamawa buku nu
eusina daftar ngaran budak lengkep jeung alamat, ngaran indung bapana, jeung
data lengkep nu lainna. Ku kuring Ali sina nèangan ngaran Siti Sunarti
sakaligus alamat imahna.
Imeut pisan Ali mukaan buku data siswa tèh. Kuring milu
nempoan hiji-hiji ngaran budak na. Angger wèh teu kapanggih ngaran Siti Sunarti tèh.
"Teu aya Bu, aya ogè Siti Utami urang Cilambuuh mah’" ceuk Ali.
Keur riweuh nèangan data nu ngaranna
Siti Sunarti, torojol aya ibu-ibu makè daster beureum ka rohangan guru. Buukna pinuh ku huis, galing ngarumbay sataktak.Kulitna
hideung santen.Sanggeus ngucapkeun sala, ibu tadi ngenyang leungeun kènca
si aki.
"Aki hayuuuuu ...! Keur naon di
dieu, sakola Si Siti mah di SMP Persada gigireun SMP ieu," ceuk si ibu.
"Kumaha Bu?" tanya kuring panasaran.
"Punten Bu Guru, lepat alamat," ceuk si ibu bari ngenyang si aki kaluar ti rohangan.
Si aki katingal balaham bèlehem, paromanna bangun nu èra, beungetna beureum. Manèhna ngangkat leungeunna tanda salam mènta hampura.
Si aki katingal balaham bèlehem, paromanna bangun nu èra, beungetna beureum. Manèhna ngangkat leungeunna tanda salam mènta hampura.
Heu … heu .... Mun kuring ngaliang da.
0 Response to "CARPON: BEU!"
Post a Comment