CARPON: NU BAGEUR TEH SINGHORENG ....
Oleh:
Dian Diana
(SMPN 1 Cihampelas Kabupaten Bandung Barat)
Teuing ti iraha
kuring bogoh ka olahraga ieu. Bakating ku bogoh, kadang mah aya acara dines ogè, mun jadwalna bèntrok jeung nepak bujur kok mah, kajeun
teu milu. Dina saminggu eureun nepak tèh, karasa awak asa pasiksak pisan.
Unggal Rebo, balik sakola, kuring jeung babaturan sakaresep, kurang leuwih jam duaan,
sok sumanget datang ka GOR gigireun Alpamart di daerah Citapèn. Kajeun ngan
salapang ogè, genaheun badminton didinya mah. Tempatna resik, aya rohangan keur
sholat nu merenah, kamar cai na aya dua, pagigir-gigir.
Mun ngarasa
tikoro hanaang, meuli cai na gampang, tinggal ngageroan Nèng Syifa, nu nungguan
warung didinya. Budakna ngora kenèh, umurna kakara duapuluh opat taun. Kulitna
bodas, irungna mancung, halisna ngajelèr paèh, awakna jangkung sampulur. Geulis tur darèhdèh deui. Teu jauh wèh jiga kuring, meureun. Hè hè ….
Kèsang ngucur
maseuhan baju jeung calana batminton nu dipakè. Mun geus kieu tèh, awak karasa
hampang kacida. Ngan poè ieu asa motah pisan batminton na. Nyemès kuat ka
ngapung saeutik bari tonggong rada melenting ka tukang. Malahan mah, dua kali kok keuna ngajekok ka
tarang Bu Dewi, sobat kuring.
Teu karasa
waktu nyèrèlèk, sakeudeung deui wanci magrib. Gura-giru
kuring bèbèrès barang, tuluy babayar kok jeung sagala rupa na ka Nèng Syifa.
Geus pamitan ka babaturan mah. Biur wèh, kuring numpak motor, mulang ka
Banjaran.
Nepi jalan
hareupeun Stadion Jalak Harupat, teu pupuguh hujan ngagebrèt badag pisan.
Kuring nyisi rèk ngiuhan. Kabeneran aya warung gigireun tukang buah-buahan. Gèk
kuring diuk di korsi panjang hareupeun warung, tapi ci hujan tetep wèh keuna
kana awak. Rada jibrug jakèt jeung baju kuring tèh.
Kurunyung aya
nini-nini kaluar ti panto warung. Pameunteuna katempo marahmay ngabagiakeun kuring nu kahujanan. Belenyèh
Nini imut, ningalikeun huntuna nu geus punglak dua pas deukeut huntu
sihungna pisan. Kuring ngabales imut Si Nini, bari muka obrolan,
itung-itung ngawanohkeun diri.
"Ni, punten
abdi ngiring ngiuhan, ieu hujan meni ageung pisan, dor dar gelap
pikasieuneun," ceuk kuring bari muka ransel jeung jakèt.
"Enya
Nyai, wios pisan, bingah nini mah aya nu unggah kadieu. Sok kadieu ka lebet,
didinya mah kahujanan kènèh, bilih kè lebet angin!" ajak Nini ngahayap
kuring.
Nurut kuring asup ka jero
saung, nuturkeun nini ka tengah imah. Di tengah imah, nyampak aya aki-aki keur
dahar cacamuilan bangun nu ni”mat.
"Aki, ieu
Si Nyai kahujanan, karunya ni jibrug tuh," ceuk nini
bari nunjuk ka kuring
"
Euleuuuh …
karunya teuing. Yap, dahar jeung aki! Nu kahujanan mah pasti lapar geura,"
tembal aki, bari ngagèsèrkeun piring ka hareupeun kuring, pas kuring diuk
gigireun Nini.
"Duh,
nuhun pisan Nini sareng Aki. Ah isin, wios kè wèh di rorompok neda mah,"
ceuk kuring bari melong deungeun sangu nu nembrak luhureun samak.
Geuning
dahareunna karèsèp kuring kabèh. Aya sangu beureum nu masih kènèh ngebul,
sambèl tarasi semu ambucuy, cèngèk jeung tomatna teu dirèndos ancur, katempo
kènèh masih baradag cangkangna. Dua keureut pindang deles garing ngajepat
luhureun pisin, osèng kangkung seger warnana hèjo kacida. Nu pang pikabitaeun
mah, anu aya di piring hareupeun Si Aki, goreng jengkol dipurulukan uyah,
katempo na mah can digalohkeun. Duh ... keur mah beuteung lapar, disampakkeun nu kieu.
Kuring pura-pura embung, nungguan dipaksa sina dahar deui ku Nini jeung Aki.
"Sok atuh
Nyai, geura tuang! Nini mah da atos tadi saacan aki," ceuk nini,
bari nyodorkeun cai haneut na gelas sèng ka kuring.
"Teu
sawios ieu tèh Ni? Abdi kalahkah ngarèpotkeun Nini." walon kuring bari
nyokot piring sèng rèk dieusian sangu jeung dahareun karesep kuring nu lainna.
"Sok cing
wareg kadinya, sèèpkeun wèh, kè Nini jeung Aki èk siduru heula di pawonnya,"
ceuk nini bari
ngalèos ka tukang nuturkeun aki.
Kuring rada mikir, naha si nini tèh bageur-bageur teuing,
mèrè dahar sagala ka kuring. Ah, teu panjang mikir, da beuteung lapar pisan.
Jiganamah pèdah kuring katempo geulis jeung pikalucueun meureun. Hè ....
Geus wareg
dahar, kuring mènta idin ka Nini jeung Aki, rèk balik ka Banjaran. Bari ngomong
nganuhunkeun kana kabageuranana. Hujan ogè geus raat.
"Abdi
wangsul heula Ni, Ki. Nuhun pisan kana kasaèanana. Assalamualaikuum!" ceuk
kuring
"Kadè
ati-ati, sing bisa mawa diri!" walon nini. Tapi asa
teu ngadèngè manèhna ngawalon salam ti kuring.
Poè Kemis,
isuk-isuk pisan, kuring meuli Bolu Otang. rèk mawa hiji.
Niat namah rèk mèrè ka nini nu kamari geus nyuguhan liwet, anu ngeunahna kaleuleuwihi. Rancanana, rèk nyimpang heula
sakeudeung ka warungna nu gigireun tukang buah-buahan, saacan Stadion Jalak
Harupat.
Sakeudeung
deui bakal nepi ka warung tukang buah-buahan tèh, berarti saung nini ogè moal
jauh deui. Di hareupeun tukang buah-buahan, motor ku kuring di kasisikeun.
Kuring rungah-ringeuh nèangan saung nini jeung aki.
Bulak-balik
leumpang, terus ngurilingan warung buah-buahan, geuning euweuh warung nini,
aya ogè nu nyampak tèh, bangku panjang handapeun tangkal mahoni gigireun warung
buah-buahan tèa. Boa-boa pindah kitu? Gerentes hatè kuring.
Keur bingung
kitu, torojol tukang buah-buahan nyampeurkeun bari nanya kuring nu hulang-hulèng.
"Ibu,
nuju milari naon?" tanya manèhna.
"Ieu
Mang, pami warung Nini sareng Aki, gigireun Mang, ngalih ka mana?" tèmbal
kuring bari melong si mang nu ujug-ujug kerung tarangna.
"Warung
Nini sarèng Aki? Di dieumah mung warung Abdi wungkul, teu acan aya nu
sanès." walon tukang buah-buahan.
Gebeg! Kuring ngagebeg reuwas.
“Astagfirullah ....What happened?”
Teu loba omong, kuring
indit bari nganuhunkeun ka Mang buah tèa. Biur … motor mangkat
ka Cihampelas. Sapanjang jalan mikir, naooooon nu didahar ku kuring magrib
kamari.
0 Response to "CARPON: NU BAGEUR TEH SINGHORENG ...."
Post a Comment