CARPON: TAMIANG MEULIT


Ku: 

Asikin Hidayat



Sadatangna ka imah, kuring meubeutkeun manéh kana luhureun sofa. Kajadian anu karandapan tadi isuk di kelas ngabalukarkeun awak lungsé kabina-bina. Asa dipupul bayu. Malah asa diwiwirang. Najan haté teu percaya, tapi na sesela pikiran aya nu ngaguliksek ménta bukti. Naha enya?
Kabayang kénéh nalika si Kunjang, murid kuring nu kaitung bontongor, ngacung sarta nanya tatag.
“Bu Ustad, kumaha hukumna lamun ngadu hayam?”
Bungah téh aya murid nanya perkara hukum agama, komo bari nu nanyana si Kunjang bontongor. Tanda yén sanajan bangor ogé budak téh calakan, pikiranana jalan. Tapi naha satutasna manéhna nanya, batur-baturna kalah saleuseurian? Malah aya nu nepi ka kukusekan lir anu ngeunah pisan.
“Sssst ...!” kuring ngahuit. “Ulah saleuseurian atuh ....”
Sanggeus barudak jempé, kuring nuluykeun omongan.
“Ceuk Ibu mah panalék si Kunjang téh hadé pisan. Euweuh nu kudu diseungseurikeun.”
“Tuh nya ...!” si Kunjang jigrah. “Uing téaaa ...!”
Kawasna, lamun kuring teu ngahuit deui sangkan jempé, kelas téh bakal ramé deui. Semu kapaksa, barudak nahan diri jeung nahan piseurieun. Nanging aya baé anu kalepasan seuri tarik mah.
“Tos, pirengkeun. Ayeuna Ibu rék ngajawab pananya si Kunjang,” ceuk kuring. Mata diancokeun ka si Kunjang, tapi sora kuring ngahaja dibalédogkeun ka balaréa. Perténtang kuring maparin katerangan ngeunaan hukum ngadu hayam.
Ngadu numutkeun agama Islam  jelas dipahing. Teu meunang. Sabab ari nu kasebut ngadu téh satemenna tipu daya sétan anu dilaknat. Ayana laku ngarumpak larangan Allah ta’ala dina kahirupan urang téh lain euweuh sabab. Hal kasebut ngébréhkeun yén sawaktu-waktu pikiran hiji jalma bisa tilelep kana rasa teu puas jeung hayang ngaréngsékeun ku cara anu singget. Padahal, anu dipilampahna téh méngpar tina tungtunan Al Quran. Laku lampah anu salawasna ngarasa teu puas, komo bari jeung jauh tina pamikiran halal-haram, mangka dina diri maranéhna bakal salawasna ngancik niat milampah anu ngalanggar hukum. Kaasup ngadu di jerona ....”
Ngabandungan katerangan kuring téh barudak semu nu hook. Kaharti, boa maranéhna, najan ayeuna kasebutna kelas XII SMK, kakara meunang katerangan gembleng ngeunaan hukum ngadu. Katingal aya nu garo-garo teu ateul. Nanging teu lila maranéhna pating lalieuk, tuluy silih pencrong jeung papada baturna. Sarérétan aya nu mengkek piseurieun ku cara nutupan biwir ku dampal leungeun. Aya nu kukusekan tapi ditahan, ukur katingali oyag-oyagan taktakna baé. Teu dipaliré, kuring neruskeun katerangan.
“Anapon perkara ngadu hayam, mungguh aya dua hal dosa anu disanghareupan atawa bakal jadi wawales pikeun anu migawéna, nyaéta dosa tina ngadu jeung dosa tina dzolim ka sato anu diadukeunan, nyatana hayam. Tuh, apan dobel pidosaeunana.”
Kelas simpé. Tayohna barudak kabawa kana alam pikiran anu keur disodorkeun ku kuring.
Dalil haramna ngadu dina agama Islam, disajajarkeun jeung nginum khamr atawa miras. Éta pagawéan maksiat téh lain baé dipigawé ku lalaki anu baleunghar, tapi dipigawé ogé ku jalma-jalma anu masakat tur balangsak. Al Qur’an surat Al Baqarah ayat 126 nétélakeun, yén nginum khamr jeung ngaduduanana kaasup dosa gedé, dosana leuwih gedé tibatan mangpaatna.”
“Ari dzolim ka hayam kumaha, Bu?” tanya si Kunjang. Leuh, budak téh nyimpen kapanasaran geuning?
“Islam teges ngalarang lampah dzolim. Kadzoliman bisa lumaku ogé ka sato saperti hayam. Aya hadis anu nétélakeun, yén lamun aya sato nyiksa ka sato anu saharkat, mangka sato anu nyiksa éta bakal meunang wawales ti Allah di ahérat. Tah, sato anu saharkat baé meunang panyiksa, komo manusa anu harkatna leuwih luhur batan sato? Panyiksana tangtu leuwih beurat.”
“Bu ..., uing sok ngadu hayam,” ceuk si Kunjang teu euleum-euleum.
“Ih, naha atuh?” kuring reuwas. “Ulah kadé, Jang. Ulah sok ngadu hayam. Dosa jeung panyiksana apan tadi geus diterangkeun ku ibu.”
“Tapi, da aya baturna, Bu, uing mah ngadu hayam ogé.”
“Enya, ulah nuturkeun anu talajakna salah.”
“Bu Ustad apal teu saha nu sok bareng ngadu hayam jeung uing?”
Kuring gideug. Kelas simpé.
“Mang Sanju, Bu. Salaki Ibu ...!”
Ger téh kelas ngadadak ramé ku nu seuri. Malah kapireng sora surak éak-éakan. Aya anu pipingkelan bari curukna nuding ka kuring.
Sedengkeun kuring ukur olohok. Biwir kuring ngeleper.
“Pi ... ra ... ku ...?”
Teu paya nahan kaéra, kuring ngabérésan buku-buku na luhureun méja. Sup, sup, kana kantong. Tuluy ninggalkeun kelas.
Mangsa kuring rék kaluar ti sakéténg sakola, ti arah kelas urut tadi kuring ngajar masih kénéh kapireng murid kuring saleuseurian.
“Ya Alloh ...,” kuring ngagerentes. “Cocobi naon anu nuju ditibankeun ka jisim abdi? Ya Rabb, abdi teu percanten salaki abdi milampah ngadu hayam bareng jeung murid abdi sorangan. Abdi alim nyaksian ieu warti janten kanyataan. Nanging upami leres salaki abdi ngadu hayam ..., tada teuing abdi wirangna salaku guru agama ....”
Poé ieu, pagawéan nungguan salaki balik asa kacida panjangna. Ti semet lohor nepi ka asar kacida pisan lilana. Hayang geura gok. Deuk ditalék naha enya manéhna sok ngadu hayam. Paingan unggal isuk, méméh kuring indit ka sakola, manéhna ménta dibekelan tara kurang ti dua ratus rébu, boa keur tarohanana. Leuwih olok batan mekelan si Cenéng, anak kuring ti manéhna, anu sakola di madrasah ibtidaiyah. Boa bari dipaké nginum ongkoh ...?
Wirang, hanjakal, keuheul, heneg, jeung ambek, pagaliwota dina dada. Ngahiji jadi adonan amarah anu tangtu bakal bedah jadi omongan naon boa tujukeuneun ka salaki lamun manéhna datang. Wirang ..., ya Alloh, samentawis abdi maparin piwuruk ngeunaan bag-bagan agama jeung karakter, bari nyonto-nyontokeun jalma anu milampah hadé jeung milampah dosa. Kari-kari ..., bet salaki sorangan anu jadi conto teu benerna ....
Nalika panto aya nu ngetrok, kuring gancang ngagurinjal. Dina tungtung létah geus patingjaraul piomongeun jeung sababaraha dalil anu bakal nyindekelkeun manéhna kana posisi anu tangtuna moal maparin kasempetan pikeun manéhna teu tarima kana tudingan kuring.
Basa panto dibuka, anu némbongan lain salaki kuring. Tapi dua lalaki rambut cepak maké setélan jaket hideung. Tina dedeganana geus cop baé ieu dua lalaki téh pulisi.
“Assalam alaékum, Bu Ustad ...,” cenah ceuk salah saurang di antarana.
“Waalaékum salam ...,” némbal téh bari hareugeueun.
“Hapunten, abdi duaan seja nguningakeun, yén carogé ibu anu nami Sanju, ayeuna aya di kantor pulisi alatan kagerebeg nuju ngadu hayam.”
Leng. Dumadak dunya poék mongkléng.
“Kang Sanju ...?”
Ukur kecap éta anu wasa dikedalkeun. Saleuwihna peteng. Jauh di alam teu sadar kuring, pating sulabreng gambar salaki kuring nu keur ngadu hayam, bari pating cakakak jeung batur-baturna. Hayam aduanana ting sérépét silih bintih. Disusul adegan si Kunjang nu saleuseurian, nyeungseurikeun kuring; Ustadzah anu caliweura, kabongohan ku salaki anu kanyataanana beuki ngadu, nginum jeung linyok. Ustadzah nu teu bisa mangnepikeun amanah dakwah ka salaki sorangan ...***

Majalengka, 2019





Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "CARPON: TAMIANG MEULIT"

Post a Comment