Diajar Basa Sunda (Bagean 4): Saha Jenengan téh?

Ku: Badriah


Ngadéngé bulé anu siga teu kagok ngenalkeun ngaran bari miheulaan, puguh jadi matak hélok jeung hookeun sakaligus. Kuring jadi cangcaya, boa-boa lain hayang diajar ieu mah, tapi hayang nyungsi basa Sunda dumasar kana pangaweruh manéhna ngeunaan basa Sunda. Boa-boa kudu ngadu jajatén ieu mah, ceuk haté bari lengeun muka seleting tas maksud mah rék ngaluarkeun matéri pengajaran anu ti kamari geus diimpleng bakal cocog jeung kabutuhan jalma anu teu wanoh kana basa Sunda.

Dumadakan ari ku geumpeur mah leungeun rumpu-rampa teu puguh, jiga leungeun palid, naon wé karurud. Gap kana buku, salah, gap kana map, asana dina map neundeunna téh, keretas téh jadi teu kapanggih. Wirang saméméh tandang boa ieu mah. Kuring narik napas panjang bari maca istigfar. Lain ngistigfaran pimurideun anu sakitu kasépna, tapi ngagebahkeun kareuwas sugan wé jurig nu nyiliwuri sétan nu mindah rupa nyingkah, keretas nu dipimaksud jadi kapanggih.

Geumpeur téh jadi kudua kutilu. Ningali vila, geumpeur, da puguh saumur nyunyuhun hulu nu ieu karak nincak imah agréng. Ningali eusi imah nu pereték maké gaya Bali, geumpeur pan lamun inget ka imah sorangan mah, lain pereték, tapi balatak; bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah téh, lain bohong. Naon? Éta, baju seuseuhaneun, piring kotor, jeung runtah pagalo. Nu matak geumpeur pisan mah, pas ningali pimurideun, kuring istigfar sababaraha kali, astagfiruloh hal adiiim, aya ku kasép. Lamun teu inget di temah wadi mah, boa kaceplosan bari pok biwir teh engab nganteur kalimah,"you are very handsome." Muji mah diteundeun heula. Kuring nginget-nginget ari kertas anu meunang ngeprint téh kamana losna atuh. Apanan puguh diasupkeun kana tas.

Sanggeus kareuwas leungit mah, karak inget lamun kertas téh dipisahkeun nyimpenna di bagian hareup. Dasar, aya-aya wé. Batur mah kuduna 'kesan pertama begitu menggoda' ieu mah 'kesan pertama matak garila.'
Keretas dicecekel, kudu ngomong naon atuh. Lah-lahan kuring ngamimitian ku malik nanya, 'Saha jenengan téh?' Manéhna mencrong, kuring otomatis malik mencrong. Dina haté geus galécok, boa-boa manéhna keur nguji pangaweuh kuring dina widang basa Sunda. Kuring jempé wé kabawa ku pikiran sorangan. Biwirna katingali ngarenyu, pokna, “Saha jengenang?” Balélol létah amerika jelas pisan.

Har naha jadi kieu? Kuring nanya saha jenengan, dikedalkeun deui ku manéhna jadi saha jengenang. Haté mah surak, atoh, Hartina manéhna teu bisaeun ngucapkeun 'jenengan'. Éh, astagfiruloh, naha bet bungah.

“Saha jenengan téh?” kuring mindo pananya. 
“What do you mean?" ceuk manéhna.
"I asked you what your name is."
"I see. My name is Christ."

Heup, kuring eureun heula. Naha jadi kuring anu prakték basa Inggris? Tungtungna kuring seuri konéng. Mudah-mudahan wé teu katingalieun ku Christ. Kuring asa meunang perang. Geuning kabisana téh ukur ngucapkeun 'wasta abdi Christ' wungkul, éta gé boa bari teu kaditu teu kadieu. Sigana geus aya nu ngabéjaan méméhna yén dimana ngenalkeun diri sorangan kudu maké kalimah wasta abdi Christ.

Lamun kaya kieu mah, materi meunang dua poé kokotéténgan téh bakal kapaké. Gusti, alhamdulilah, manéhna tacan biaseun basa Sunda (éh astagfiruloh, naha maké ngucap sukur anu kadua kalina sagala), ceuk haté. Kuring ngusiwel ngaluarkeun kertas. Salambar ka manéhna, salambar dicekel ku kuring.

"Pék baca,” ceuk kuring bari nunjuk kana judul anu dicitak bold. 
Manéhna cicing baé. 
"Please read this title," kuring nitah deui maké basa manéhna.
"Karesep," pokna béntés. 

Kuring ngajelaskeun yén karesep téh sarua jeung hobi lamun dina basa Inggris mah. Bari ngajelaskeun, bari mimitina mah dipangmacakeun kalimah-kalimahna. Sajaba ti éta bari diécéskeun harti saban kecap téh naon waé.

Jadi tibalik jeung kaayan ari ngajar di kelas. Lamun di kelas mah ngajelaskeun basa Inggris ku basa Sunda. Contona baé ngajelaskeun kecap bumpy, langsung kaharti sanggeus disebutkan hartina garinjul. Ari ayeuna mah, ngajelaskeun basa Sunda ku basa Inggris. Karak karasa, hésé kénéh nerangkeun basa Sunda ku basa Inggris. Contona baé, 'sok, osok,' éta matak hémeng jeung jangar nerangkeunna. Kalimah 'sok jelaskeun' jeung 'abdi osok ngagambar pamandangan', jeung 'abdi sok dilatih ku pun bapa.' Tungtungna dila cepetna baé, sok sarua jeung please, osok sarua jeung sometimes. Tapi dipikir-pikir mah salah, ‘abdi sok dilatih ku pun bapa’ sokna pan tina osok, jadi asup kana sometimes. Kumaha bisa ngabedakeun mana sok anu asli please jeung sok anu pondokna tina osok, hartina sometimes. Hadeuh, matak garo-garo teu ateul.

Manéhna katingali husu merhatikeun. Kuring asa bisa ngajar, najan tacan bisa nerangkeun 'sok', jeung 'osok' naon bédana. Keur anteng diajar, kring telepon manéhna disada. Katingali manéhna bangun rada murukusunu. Mereun ngarasa kanganggu pédah keur diajar. Telepon diantep ku manéhna teu diangkat. Kring deui. Kuring teu wani nitah 'pick up the phone' bisi aya nu penting. Kuring ogé wani neruskeun ngajar bisi manéhna rék ngangkat telepon. Tungtungna pabetem-betem. Manéhna melong kana hapé. Kuring melong ka manéhna (kasempetan).

Hanca

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Diajar Basa Sunda (Bagean 4): Saha Jenengan téh?"

Post a Comment