Diajar Basa Sunda (Bagean Kadua): Ngajar Bari Diajar


Ku: Badriah (Cianjur)


Geus cunduk kana waktu pikeun méré pangajaran kahiji ka Christ. Haté jadi deg-degan teu puguh. Lain pédah Christ téh kasép, ngalempéréng konéng. Lain, ari bulé mah teu konéng pan kulitna. Deg-degan téh pédah ku bingung ngamimitianna. Ari rék dimimitian ku téori, apan manéhna nyebutkeunna ogé hayang bisa basa Sunda, lain hayang mikaweruh téori basa Sunda.

Pikeun ngurangan kageumpeur tungtungna kuring krang-kring nelepon ka guru-guru basa Sunda.  Hasilna teu pati nyugemakeun. Lain maranéhna teu kampiun ngajar basa Sunda, tapi teu sarua pan ngajar basa Sunda ka urang Sunda, jeung ngajar basa Sunda ka urang Amerika mah.

Aya saurang guru basa Sunda nu méré bongbolongan ku nitah maca buku elektronik anu judulna "Indonesian: A Comprehensive Grammar" anu ditulis ku James Neil Sheldon. Kulantaran bener-bener hayang nulungan Christ, éta buku mimiti digayem, dicoba diilo. 

Barang dibaca, kanyahoan eusina. Gusti ..., geuning ari jalma istiqomah mah (dina hal ieu mah bulé) mun migawé hiji hal téh tara kapalang. Si Bapa James éta, anu pituin lain urang Indonésia, nalungtik basa Indonésia tur nepi ka bisa méré pituduh, ngabingbing, ogé mahamkeun saha baé anu hayang diajar basa Indonésia, utamana mah para bulé. Kaasup kuring ogé anu maké basa Indonésia jadi loba diajar tina eusina éta buku.

Peun. Intina buku meunang nulis Pa James kacida alusna. Masalahna, pan basa Indonésia jeung basa Sunda mah teu sarua. Lamun maksakeun nerangkeun basa Sunda sacara téori maké téorina basa Indonésia, jadi pajiin-jiin, malah boa, bakal jadi nyasarkeun.

Pikeun negerkeun haté, tungtungna ulin, ngaprak ka Google. Alhamdulilah meunang kamus basa Sunda buatan Jonathan Rigg. Dina kaca mimiti aya tulisan "I have been taught among the mountain, I have enquired after it from the mountain spirit". Lamun disundakeun pihartieunna kurang leuwih “Beunang guguru ti gunung, Beunang nanya ti Guriang.”

Ngalenyap deui baé haté téh. Euleuh... kacida matak reueusna, aya jalma anu ngumpulkeun kecap-kecap Sunda terus dijadikeun kamus. Anu matak katajina éta bet nyebutkeun 'guguru ti gunung, tatanya ka Guriang'. Atuh bisa disebutkeun yén pangweruh Pa Jonathan ngeunaan basa Sunda geus 'asak'. Disebutkeun asak lantaran dina Pawayangan sok dicaritakeun para pandita, ogé para satria diajarna téh sok indit ka gunung. Hartina ningalkeun dunya ramé, ngadeukeutan ka alam simpé, i'tikaf, mujasmedi mun ceuk istilah pawayangan mah.

Rék ngajar basa Sunda téh jadi nyadarkeun kuring sorangan anu talobéh ka basa indung. Geus kaukur, kuring tuna harti dina urusan basa Sunda, malah mah boa teu bodo-bodo acan. Rumasa tacan pernah ngaguru, boh ka guru anu jumeneng aya jirimna, boh guru anu tingkat teori metakognitif nyaéta gunung, komo deui ka maqom tempatna ahli saperti para Guriang mah.

Nguat-nguatkeun manéh wé ayeuna mah. Modal saaya-aya. Keun isuk jaganing géto, kuring rék mesék kalayan daria sagala urusan basa Sunda. Ulah nepika kajadian siga ayeuna, ongkoh sapopoé capétang ngomong basa Sunda, ari pas diperedih ngajarkeun basa Sunda, langsung cadél, éh malah pireu kétang.

Poé ieu rék dimimitian ku pangajaran kahiji. Rék ngajarkeun ngeunaan 'Karesep'. Dina ngomongkeun Karesep bakal ngagunakeun kecap-kecap anu biasa dipaké sapopoé. Sugan baé bisa mahamkeun Christ. La haola.

Hanca....

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Diajar Basa Sunda (Bagean Kadua): Ngajar Bari Diajar"

Post a Comment