JAKA REBÉH
Ku: Iwan Al-Aswad
Poe Ahad kuring ngariung sakulawarga. Kaparengan Si Cikal keur libur
semester. Teu ngahaja rék ngadongéng, ngan teu kuat hayang népakeun pangalaman.
*
Baheula, mangsa kuring mimiti asup SMP, kaparengan Gunung Galunggung anyar
bitu. Hujan lebu nepi ka wewengkon kuring. Harita kuring nikreuh leumpang mapay
jalan satapak. Lumayan jauh lampaheun téh, anggangna ti imah ka sakola aya kana
7 kilometerna. Nyorang dua wahangan jeung opat pencelut. Ngajugjug ka sakola,
sapatu tara ieuh dipaké ti imah kénéh, da nyaah inggis téréh dobol. Leumpang
"nyékér" katularan ti tatangga kuring nu geus lulus ti SMP tempat
kuring sakola.
Lampah kuring ka sakola teu mulus
sabiasana. Sajajalan kuring pakeupis nyuaykeun tungtung daun eurih atawa
rungkun anu ngaromyong ka jalan, inggis lebu Galunggung keuna kana baju
seragam. Teu ku hanteu, nepi ka gerbang sakola kuring kabeurangan. Sabudeureun
sakola geus euweuh sasaha ... réhé. Batur kabéh geus dialajar di kelas
séwang-séwangan.
Sapatu nu dipaké ti saprak meuntas wahangan kadua, dampalna pinuh ku
taneuh. Di taman jeroeun gerbang, éta taneuh dikéséd-késéd. Kakara ngéséd
sabeulah.
"Prit ...!" kadenge sora piriwit ti lebah kantor TU.
Serrr .... Angen kuring ngadadak asa ngalenyap.
Lieuk ka lebah sora ... hiji tangtungan jalma ngadigleu nyampeurkeun. Disidik-sidik,
reng ... karasa muriding sabulu-bulu. Késang dina harigu karasa nyuruluk kana
lebah hulu angen. Leuleus satulang sandi. Rék teu kitu kumaha? Kapan éta téh
guru anu jadi pembina mangsa minggu kamari kuring di-mapras. Loba pisan
"korban" ciwit beuteung ku éta guru.
"Kadieu, Jang! Siah maneh! Éta ngadon kékéséd di dinya. Na teu
nyaho éta téh taman?" saur éta guru bari rada muncereng. Socana
nelek-nelek beungeut kuring. "Manéh urang pasisian, nya?" saurna.
Na haté, kuring seja pasrah mun kudu kulit beuteung jadi geuneuk.
Kuring teu ngajawab.
"Coba nenggak!" saurna bari neuteup seukeut. Kuring nenggak
bari peureum. Gep ... karasa aya ramo ngahapit kana gado. Digular-giler.
"Nya ... pasti manéh ti pasisian. Kaciri éta liang irung rebéh,
ngagedéan," sora Pa Guru kadéngé rada ngagilikgik seuri.
Kuring teu némbalan ... masih kabur pangcian.
Sanggeus gado dileupaskeun, kuring mikir sorangan. ‘Naha kulit beuteung
bet salamet? Naha Pa Guru nyariosna siga bari seuri? Duh ... palang siang ....'
Kuring beunta.
“Hayoh geura asup! Batur mah geus dialajar ti tadi,” saur Pa Guru.
Kuring ngalénghoy muru ka lawang kelas. Sapatu nu masih “kandel” teu
kebat diberesihan. Nepi ka lawang, kuring muka sapatu. Saba’da keketrok bari
uluk salam kuring mukakeun panto. Teu kebat asup, sabab lebah lawang pasangrok
jeung Bu Guru. Socana mencrong nelek-nelek beungeut kuring. Kitu ogé babaturan
kuring, sakelas kabéh malencrong. Kuring asa teu napak balukar dipencrong ku jalma
saeusi kelas.
“Si Jaka B, rebéh ...!” ceuk si Jénal bari nunjuk ka kuring.
Ger ... saeusi kelas kabéh seuri semu nari'mat. Aya nu nepi ka ngacay
unggut-unggutan.
“Sss ... t!” Bu Guru ngahuit bari napelkeun curuk kana lambeyna. Aya
rasa éra basa Bu Guru katempo rada gumujeng. Kabéh murid jempé.
“Pasihan eunteung, Bu,” ceuk si Réni ngajorowok.
“Satuju ...,” ceuk nu séjén saur manuk.
“Kadieu, Jang,” saur Bu Guru bari ngagupay ti sisi méja. “Ari ngaran Ujang
teh saha?” Bu Guru naros.
“Jaka, Bu. Jaka B.”
“Aya nami Jaka A?”
“Aya, Bu. Abdi Jaka A,” ceuk si Jaka A bari ngacung.
Kusiwel Bu Guru ngaluarkeun eunteung leutik tina tasna. Song, ka
kuring.
“Coba tah, hidep ngeunteung,” saurna bari ngasongkeun eunteung.
Gap, eunteung dicokot. Rét, kuring ngalieuk ka bangku babaturan. Rét
deui kana eunteung. Lalaunan eunteung dideukeutkeun kana beungeut. Acan kebat
nempo eunteung, ti bangku tukang kadéngé aya nu ngajorowok.
“Jaka Rebéh ... Jaka Rebéh ...!” cenah. Dialokan ku nu séjén. Saeusi
kelas kabeh nyoara nu sarua “Jaka Rebéh” sababaraha kali bari keprok anca, jiga
nu lalajo méngbal nyuporteran tim kameumeutna.
Teu nolih ka nu ‘nyuporteran’. Kuring ngeunteung ... Rey .... Gusti nu
Maha Agung ...! Kesang tiis maseuhan sakujur awak. Bari rada rampohpoy kuring
lumpat muru ka jamban. Sajeroning lumpat haté kuring ngagerentes. 'Pantes kabéh
batur ngalandi kuring Jaka Rebéh, da geuning biwir liang
irung kuring kalimpudan lebu Galunggung nepi ka sabudeureun ruruncang. Balukarna
liang irung jiga ngagedéan. Beu ...!'
Geuwat kuring sibeungeut sababraha kali, tuluy disusut ku tungtung kaos
sangsang. Sanggeus yakin beresih kuring balik deui ka kelas.
Kakara gé nepi ka lawang, ti jero ramé nu ngajorowok.
“Hidup Jaka Rebéh ...! Hidup Jaka Rebéh ...!”
Regeyeng, kuring diangkat ku genepan bari diampul-ampul luhureun sirah
maranéhna, di bawa ka luar kelas.
“Jaka Rebéh ...! Jaka Rebéh...!
Di buruan sakola katempo loba batur ti kelas séjén sabab locéng istirahat
geus disada.
Teu kudu dikomando, kabéh murid nu aya miluan pawai “mini” kalayan
nyebut “Jaka Rebéh”, bari émprak, saléngkah sakeprok.
Ti mimiti harita di sakola kuring teu aya ngaran Jaka A jeung Jaka
B. Nu aya Jaka Titik Jeung Jaka Rebéh.
**
Hidup Jaka Rebéh!!!
Indung Budak jeung Si Cikal lumpat ka jamban. Duka teuing rék naon ....
Sukabumi, Februari katompérnakeun 2019
Cag!.
Abdi mah SD kelas 5 jaman galunggung teh
ReplyDeleteSami kalebuan atuh, nya. He he ...
DeleteYuswa Akang 2 taun handapeun abdi. He he ...
ReplyDeleteMangsa harita urang can wawuh nya ?
ReplyDeleteMuhun, hehe ...
ReplyDelete