Mupunjung Basa Indung
Ku: Ratna Muda Ningrum
Nalika basa indung dipupunjung,
indung hayang jadi conto nu nanjung,
sangkan anak incu hadè tata hadè basa,
sangkan polah istiqomah
tur amanah,
Anaking,
indung nyimpen pangharep nu ngagunung.
Bral, geura ngalèngkah nu merenah!
Kadè tikosèwad nincak cukang hirup anu salah!
Anaking,
nalika Anjeun èling basa digeuing,
sing inget ka Nu salawasna nyaring beurang jeung peuting,
Nu Mahaasih, kaasihna tara pilih kasih!
Anaking,
Pidu'a indung teu kudu dipènta,
salawasna ngagolontor dina rènghap Andika!
Sukabumi, 21 Februari 2019
Ratna Muda Ningrum
(diajar ngamumulè basa indung)
0 Response to "Mupunjung Basa Indung"
Post a Comment