Sajak Godi Suwarna
SERAT SADIKANTUN
Godi Suwarna
Jungjunan,
Aya bulan nu ngalangkang
Palebah genclang cisoca
Mèmèh ngeclak tina damis
Nyiram pepetètan simpè
Jungjunan,
Rènghap angin humarèwos
Ngedalkeun saban kasono
Ka salira nu nyalingker
Sapengkereun langit wening
Jungjunan,
Ti barang salira miang
Mung kantun halimun liwung
Nu nyarengan ieu ringkang
Kumareumbing muru jempling
Jungjunan,
Nu miang kantun aweuhan
Lembur janten semu nguyung
Tapak lacak salira nyampak di dieu
Dina kalbu nu ngulawu
0 Response to "Sajak Godi Suwarna"
Post a Comment