Carbung: Nu Nyangsaya di Pipir Sakola (Bagean 1)
Ku: Eva Walipah
Panonpoé géus surup, wanci réupreupan. Hibar layung marakbak minuhan sakuriling bungking, tonggéret geus teu disada déui, papatong
geus arampih, ganti ku kalong jeung lalay halibér ngabagéakeun datangna peuting.
Mang Ujang katémbong rusuh mukakéun gerbang sakola, tuluy
muka konci asup ka rohangan kantor guru. Teu kungsi lila bray lampu-lampu
diburuan sakola harurung. Tuluy mang Ujang kaluar ngoncikeun deui panto.
Manehna nyampeurkeun gerbang sakola dikonci ti jero, tuluy leumpang mapay-mapay
lorong sakola. Nguliwéd ka beulah pipir
maksudna rek jalan gerbang tukang sabab imahna aya dipipireun sakola. Pipir
beulah wetan aya lahan kosong nu dipake kebon sakola dipelakan sampeu, kacang
panjang, hiris jeung tangkal gedang. Subur meuhpéuy buahna sabab alus piara. Mang Ujang penjaga sakola ngarangkep tukang
kebon sakola rajin jeung daekan miara kebon jeung daék tatanen, hasilna dibagiken ka guru-guru matak guru-guru sarérea nyaah kamanehna.
Dipojok kebon sakola
beulah tukang aya bangunan wc, kabehna aya 2 rohangan. Palébah dinya mang Ujang rada ngarandég sabab
katembong salah sahiji panto wc oyag-oyagan padahal teu karasa aya angin,
kadengé sora nu haharurungan. Rey bulu punduk mang
Ujang muringkak, tuur nyoroncod, sukuna karasa beurat dilengkahkeun. Manehna
ngahenéng ngaraga menéng saendéng-endéng.
“Astagfirullohaladzim”
mang Ujang istigfar bari ngusap beungeut, tuluy ngumpulkeun pangacian. Ber
lumpat tipaparetot. Gerbang tukang teu kungsi dikonci sabab kaburu sieun. Dina
pikiranana teh aya kunti atau tuyul nu keur ulin dijero wc. Da tukang warung
hareupeun sakola mindeng ngadongeng sok loba tuyul nembongan diburuan sakola
teh cenah.
Nepika golodog imah
mang Ujang hah heh hoh bangun nu capé pisan padahal
jarak sakola ka imahna paling dua puluh meteran.
“Kunaon akang? Aya
naon?” Nyi Imas pamajikanana ngabagéakeun bangun nu
hariwang.
“Aya jurig” ceuk
mang Ujang
“Jurig naon, akang?”
Nyi Imas malik nanya
“Duka jurig naon
pokona mah pikasieuneun” Ceuk mang Ujang deui.
“Jiga akang?” tanya
nyi Imas bari nahan seuri
“Hus nyai mah mal
enya akang pikasieuneun” Mang Ujang rada baketut, sor nyi Imas ngasongkeun cai
dina emuk
“Sok dileueut heula
caina, akang supados tenang!” Ceuk Nyi Imas, mang Ujang nginum cai nu
disuguhkeun ku pamajikanana.
“Sok ayeuna mah
akang carita aya jurig naon disakola?”nyi Imas nanya deui.
“Tadi basa akang
ngaliwat ka hareupeun wc, salah sahiji panto wc teh oyag-oyagan bari kadengé sora anu haharurungan. Panto wc anu hijina oge muka tapi teu
oyag-oyagan.” Ceuk mang Ujang, nyi Imas katembong kerung jiga nu mikir.
“Kira-kira jurig
naon nya Kang? Urang teang yu! Nyai mah panasaran” ceuk nyi Imas
“Nyai mah sok kitu,
pamali pantes we aya jurig pan sareupna. Ceuk kolot mah mun saréupna teh loba jurig anu liar” ceuk mang Ujang.
“Tapi nyai tetep
panasaran, hayu urang téang kang!” ceuk nyi Imas
bari singkil menerkeun sampingna. Rap make sendal tapi balik deui kajero imah
mawa senter, sabab wanci geus mimiti mongkleng.
“Akang hayu!” ceuk
nyi Imas bari ngagidig ninggalkeun salakina.
Mang Ujang eleh deet
kapaksa nuturkeun Nyi Imas nu ngagidig muru ka palebah wc sakola.
Barang nepika
hareupeun panto wc, eta panto masih keneh oyag-oyagan. Nu haharurungan beuki
eces kadenge, ku nyi Imas disampeurkeun lalaunan bari disorot ku senter. Da
palebah wc mah teu dipasangan lampu. Bray panto wc disurungkeun tiluar, karasa
aya nu ngaganjel.
“Aduh” sora aya
budak dijero.
“Astagfirulohaladzim”
nyi Imas istigfar, tuluy noong saeutik kajero wc bari disenter. Kasampak aya
budak nyangsaya dina ubin wc nu kotor jeung barau.
“Tulung” ceuk eta
budak bangun anu leuleus pisan sorana ampir-ampiran teu kadenge.
Nyi Imas jeung Mang
Ujang tuluy nulungan eta budak nu nyangsaya dipipireun sakola, dijero wc nu
kotor jeung barau. Masih keneh make baju seragam, bajuna baraseuh, awakna
ngahodhod kabulusan jeung baloboran getih saawak-awak.
“Iwan?” ceuk mang
Ujang apaleun da memang eta budak murid sakola, murid kelas genep. Budak bageur
budak lungguh. Eta budak ku mang Ujang dipangku dibawa ka imahna, tuluy
diberesihan disalinan ku nyi Imas.
“Eum deudeuh teuing
kasep” ceuk nyi Imas bari rambisak, manehna kagagas ngarasa ka anak sorangan,
kumaha teuing indungna mun apaleun budakna kaayaan kitu. Sanggeus budak beres
disalinan tuluy digolerkeun dina kasur di tengah imah. Nyi Imas nyieun teh
manis tuluy dihuapan sasendok-sasendok. Sedengkeun mang Ujang indit ka imahna
bapa Kepala sareng ka imah kolotna Iwan.
Nyi Imas teu waka
wani nanyakeun ka eta budak kunaon ber aya dijero wc barijeung kaayaan teu
walakaya baloboran getih make keneh baju seragam. Da ari ukur labuh mah moal
nepika kitu. Saha nu ngarogahalana? Pedah naon? Nyi Imas terus ngira-ngira
jawaban.
Sabada Isya, aya
kolotna Iwan nyusul ka imah mang Ujang. Indungna rawah riwih ceurik komo
ninggali kaayaan anakna kitu ampir-ampiran kapiuhan.
“Iwan anaking kunaon
hidep teh kasep? Saha nu tega ka anak kuring? Saha?” ceuk indungna balilihan.
“Ku Ema diteangan ti
beurang keneh euweuh nu apal Iwan kamana sarerea teu aya nu nyangka Iwan aya
dijero wc tapak mergasa” Indungna masih keneh ceurik
“Atos, Ceu. Ayeuna
mah Iwan tos kapendak, Euceu tenang” Ceuk Nyi Imas bari ngusapan Indungna Iwan.
Bapa Kepala Sakola ge aya sumping nepangan ka bumina mang Ujang. Kaayaan budak
parna pisan, awakna panas, sasar bari jeung tatu bohak dina sirahna, leungeunna
potong jeung eumeur saawak-awak. Budak can waka bisa ditanya nanaon kondisi
psikisna jigana masih can stabil, manéhna ngalaman
trauma nu jero. Sanggeus saréréa barempug ahirna budak dibawa ka rumah sakit, dijajap kanu mobil bapa
Kepala sekolah.
Di rumah sakit, budak
dirawat diubaran, tapi matak panasaran kunaon budak bét nyangsaya di pipir sakola dina kaayaan kitu. Geus saminggu, kaayaan
budak beuki parna saur dokter Iwan ngalaman pendarahan dina otak sabab
kateunggeul ku barang téuas. Dina kaayaan kitu
Iwan teu bisa ditanya nanaon, saréréa teu aya nu apal ukur Iwan sorangan nu ngalamanana nu apal. Saur
dokter Iwan moal bisa katulungan sabab pendarahanana parna pisan. Sarerea
ngaheruk, bingung, sedih, karunya pagalo jadi hiji.
***
Sumedang, 11 Pebruari 2019
0 Response to "Carbung: Nu Nyangsaya di Pipir Sakola (Bagean 1)"
Post a Comment