Carbung: Nu Nyangsaya Di Pipir Sakola (Bagean 2)
Ku: Eva Walipah
Nu ngalempréh diusapan tarangna ku bapa Kepala, katembong
anjeunna ngaharewos dina cepil katuhu Iwan bari socana peureum. Indungna diuk
gigireunana bari terus ngaos surah yasin sakapeung kadenge ingsreuk-ingsreukan
nahan cimata, sorana laun ampir-ampiran teu kakuping. Teu lami bapa Kepala kaluar rohangan perawatan,
anjeunna rutin besuk Iwan ka rumah sakit.
Tos dua minggu, Iwan dirawat tapi teu acan sadar waé.
Ceuk dokter mah koma cenah. Selang infus jeung selang oksigen pakuranténg, aya
oge selang nu nyambung kana alat disada tut...tut...tut sorana anca. Leungeun
katuhuna diperban da potong tea.
“Pa Guru, Iwan teh bade dicandak uih wae” ceuk bapana
ngobrol ka bapa kepala di luar rohangan.
“Naha? pan teu acan sehat.boro-boro sehat sadar oge
acan” tembal bapa kepala.
“Eta waragadna pa Guru, kuring teu sanggup” ceuk bapana
bari luk tungkul. Bapa Kepala unggut-unggutan, salirana anu bayuhyuh katembong
gagah, rambutna anu makplak bodas jiga karagragan kembang kopo nambahan wibawa.
“Tos sabarahaeun waragadna?” pa kepala naros deui
“Tos langkung ti lima rupiah pa guru” tembal bapana.
“Sual waragad, anjeun tong salempang. Keun eta urusan
kuring salaku pimpinan di sakola, nu penting anak anjeun sehat cageur deui
sabihara sabihari” ceuk bapa kepala deui
“Bapa uninga ku anjeun, kuring mah keur dahar sapopoe
oge ceuk paribasana koreh-koreh cok kadang aya kadang teu aya komo ieu kanggo
waragad rumah sakit” ceuk bapana bari nyegruk ceurik.
“Enya anjeun sing sabar wae, mudah – mudahan anak anjeun
si Iwan cageur deui jeung bisa mukakeun lalangse kajadian ieu. Kuring panasaran
pisan saha jalemana anu tega ngarogahala si Iwan di lingkungan sakola. Soal
waragad keun tanggung jawab kuring” ceuk bapa Kepala deui, teu lila anjeunna
pamit. Karasa aya nu rada hampang dina jero dada bapana ngadenge kasanggup bapa
kepala ngeunaan waragad rumah sakit.
Sanggeus jajap bapa kepala kahareup, bapana asup deui ka
rohangan nyelangan indungna bisi butuh nanaon. Barang sup ka rohangan, kasampak
indungna nangkub kana ranjang Iwan, masih make mukena. Teu kungsi lila, kadenge
sora alat disada rada tarik, layar na komputerna reup bray.
“Tut...tuut...tuuut” bapana curinghak. Katembong
leungeun Iwan usik, mimitina curukna tuluy ramo-ramona.
“Alhamdulilah” Bapana nyampeurkeun Iwan, tuluy ngusapan
leungeunna. Katembong socana beunta.
“Ba..ba pa” sorana laun pisan.
“Iwan” ceuk bapana.
“Nyeri pa” ceuk manehna sorana laun
“Sabar bageur, kasep” ceuk bapana deui
“Sieun” ceuk Iwan deui
“Sieun naon su?” tanya bapana, Iwan teu ngajawab malah
ngadégdég awakna, biwirna geunteul. Bapana reuwas tuluy mencét tombol ngageroan
perawat. Indungna nu keur nundutan kagugahkéun.
“Aya naon, pa? Kamana bapa kepala?” ceuk indungna.
“Iwan sadar” tembal bapana
“Alhamdulilah” ceuk indungna
“Bapa kepala parantos mulih” tembal bapana.
Teu lila jol perawat sumping mariksa kondisi Iwan,
indung bapana nungguan diluar. Rada lila oge perawat teu kaluar-luar, Indung
bapana ngarasa guligah, melang kaayaan Iwan. Iwan budak cikal, adina loba aya
lima, budak lungguh budak bageur budak nurut ka kolot nyaah ka dulur nyaah ka
babaturan tapi naha nasibna bét goreng disiksa dirogahala dijero wc, bari jeung
teu apal kusaha masih keneh poék.
Sanajan bapana ukur tukang dagang cilok nu nguliling ka
lembur-lembur, tapi Iwan tara minder, manehna tara mekel duit jajan kasakola nu
penting geus mumuluk memeh indit sakola.
Di sakola na oge kaasup murid pinter sok asup rengking. Ayeuna kaayanana matak
pikarunyaeun, teu walakaya.
Selang sababaraha menit, perawat kaluar ti jero
rohangan.
“Kumaha kaayaan Iwan, suster?” tanya bapana panasaran.
“Iwan tos sadar, tapi kondisina masih keneh teu acan
stabil” tembal perawat bari leos indit deui ka rohangan perawat.
Indung jeung bapana muru ka jero kasampak Iwan tos beunta, barang nempo aya
indung bapana manehna katembong marahmay.
“Ema, bapa” ceuk Iwan
“Ma, nyeri”
“Naon nu nyeri bageur?” tanya indungna
“Dada Iwan nyeri”
“Uhuk...uhuk” manehna batuk, bari jeung muringis
“Panangan Iwan oge ma, nyeri pisan” ceuk manehna deui,
cimata murubut dina pipi indungna.
“Komo mastaka Iwan mah, ma nyeri pisan” ceuk Iwan deui.
“Teu kuat, ma”
“Ehm tong nyarioskitu kasep, soleh hidep pasti kuat”
“Nyeri pisan, Ma”
“Iwan kuatan” ceuk indungna deui.
“Iwan moal kuat, Ma nyeri pisan”
“Hidep teh kunaon?” tanya indungna
“Iwan diteunggeulan”
“Kusaha?”
“teu kusasaha”
“Naha teu kusasaha?” tanya indungna. Iwan gideug bari
murubut cisocana. Indungna beuki karasa nyesek peurih dadana nempo anakna
kaayaan kitu.
“Ema teu kudu terang Iwan diteunggeulan kusaha” ceuk
Iwan deui bari nafasna pondok-pondok siga nu sésék.
“Wan, bageur wartoskeun ka Ema Iwan diteunggeulan
kusaha?” Iwan ukur gideug alon bari seuri.
“Pedah naon Iwan diteunggeulan?” tanya indungna deui
“Pedah Iwan tara mayar artos siga batur” tembal Iwan,
sorana les-lesan ampir teu kakuping. Iwan ngulahek, socana peureum awakna
leuleus.
“Iwaaan” indung na ngajerit, perawat datang ka rohangan
mariksa kaayaan Iwan.
“Innalilahiwainna ilaihi rojiiun” ceuk perawat bari
nyimbutan Iwan dirurub nepikana sirahna.
Indung bapana ceurik balilihan, teungteuingeun Iwan maot
ku cara kitu. Sanggeus dipulasara sakumaha mistina. Disalidik nu ngarogahala
Iwan teh nya éta si Kardun jalema gelo nu dititah asup ka jero wc ngadon
neunggeulan Iwan. Nu nitahna salah sahiji budak SMP tukang palak. Pedah Iwan
tara pernah mere duit ka eta budak SMP. Harita salila si Kardun nyiksa Iwan,
eta budak SMP tukang palak cicing diluar ngajagaan.
Deudeuh Iwan.
***
Sumedang,
18 Pebruari 2019
0 Response to "Carbung: Nu Nyangsaya Di Pipir Sakola (Bagean 2)"
Post a Comment