CIMATA KURING CIMATA HAREPAN


  


k
u: Unang Sumarna


      Alloh, rarasaan aya nu ngamalir na jero dada, peurih, linu, taya di kieuna. Sesek, eungap karasa minuhan dada. Bet diri ngarasa diteungteuingan ku takdir, dikakaya ku kaayaan, nepi ka antukna ilang kagenah dina rasa. Ilang kabéngras dina léngkah. Ngan saukur harudum pepedut alum nu ngawasa jiwa jeung raga.
     Pangkéng ieu, nya pangkéng ieu. Risbang réyod ieu, lomari plastik heubeul, sepré jeung urung anggel nu mulen jumputan kapuk nu geus lalayu sekar méh lépét, jadi saksi nyata waktu talaga dina bendungan mata bedah mapayan pipi nu rarasaan asa ngipisan dagingna sabab mindeng kairid ku gulidagna cai nu bijil tina talaga na mata.
     Geuning peurih , nyeri taya di kieuna. Ati lir disiksik, bayah asa disasaak, mun nyawang kana nasib diri nu ceuk pangrasa mah asa teu parok jeung batur. Karunya ka guguling jeung anggel nu mindeng cipruk ku cimata kalan nepika digégélna bakat ku hayang ngaleupaskeun bangbaluh hirup.
     Nya, meureun ukur barang - barang éta nu ngarti kana jero ati kuring. Nu nampung sakabéh ungkara kaalum ieu. Ukur maranéhna.
     Komo mun seug reup peuting, kaayaan simpé beuki ngayun ngambingkeun kamarudah ieu. Komo mun ngarérét kana tumpukan saragem bodas biru urut kuring mangsa boga kénéh sesebutan siswa bet asa ngaléléwa ngaléléwé. Ngalélécé nyeungseurikeun nasib kuring. Deudeuh ieu diri, kalangkang katineung nu éndah jeung nu pait mangsa maké saragem éta terus nyiksa ngabangbabaluhan jero dada.
     Gusti, kasawang kiwari babaturan keur suka bungah, ngaréka carita, ngaréka cita - cita, di sakola nu anyar. Kasawang maranéhna suka bungah nyorang mangsa rumaja nu pinuh sumawur warna kembang. Mangkaning cenah mangsa nu pangéndahna téh mangsa rumaja, mangsa sakola di SLA,  nu moal bisa poho saumur hirup. Nya, kasawang keur saruka bungah dina saragem bodas abu, dina bangku - bangku ngéjah saniskara élmu jang bekel pikahareupeun, cenah sawaréh sok aya nu direumbeuy ku carita asih nu mangkak di sakola, nu cenah bisa mawa sumanget kana diajar, tapi bisa ogé jadi melid kana diajar.  
      Ah..., deudeuh diri! Diri mah ukur wasa cumalimba nganteur nyurucudna cimata di dieu. Na pangkéng heureut. Nu ukur kapindingan bilik nu dilabur jang panghalang panas, hujan, jeung angin.
     Kasawang mangsa mimiti asup maké saragem biru bodas alias SMP, pangharepan mumbul nembus alak paul. Sugan cita  - cita kuring nu digantungkeun saluhur langit bisa kahontal. Dibimbing ku pangrojong élmu, pangjurung laku, ti bapa ibu guru nu salabar, beuki ngagunungkeun harepan éta na jero dada. Angkeuhan peupeuriheun kolot ukur hirup  jadi bulu taneuh, nu ukur boga lahan sawah  satalapok peucang, nu lolobana ukur ngandelkeun buburuh tina ngabedug, nu teu kungsi nyorang sakola, nu hirupna poé ieu dahar isuk mah can karuhan, éta sakabéh hayang dirobah ku kuring. Ampun paralun, lain kufur nimat. Kuring bisa sagedé kieu téh saréatna ku itikurihna kolot nu batan sakitu, hakékatna barokah Gusti. Tapi meureun da hirup téh kudu aya kahayang ngarobah kanu leuwih maju leuwih alus. Alloh moal ngarobah nasib hiji kaom mun lain maranéhna sorangan nu ihtiar ngarobahna. Nya ceuk pamikir kuring saréatna ku sakola luhur. Da ayeuna mah hirup teu boga ijasah mah hésé pisan ari lain kuli kasar, naktak mundak, macul jeung ngaduk, komo kuring pangawakan awéwé. Héngkér lengkah héngkér tanaga. Biheung ka dada. Nya kahayang éta pisan nu geus nilemkeun kuring dina sagara katunggaraan sabab antukna manggih jalan buntu nu  pamohalan bisa kasorang.
     Kasawang kénéh mangsa nyarungsum harepan di SMP ieu nu sing sarwa haratis. Nu jarakna teu pati jauh ti imah. Kuring nyoba diajar kalawan daria. Di madrasah ari pasosoré ongkoh, nya di sakola ieu ti isuk nepi ka jam dua beurang geus karuhan. Alhamdulilah, na pangajaran mah kuring teu katinggaleun. Malah ceuk pa guru mah kaitung nu alus. Teu weléh asup sapuluh pinunjul réngking téh. Éléhna kuring nyaéta dina pergaulan. Tapi da kuring gé ngaragap diri. Mémang kaayaan kuring teu saperti maranéhna nu kolotna sarwa aya.
     Kuring loba cicing di kelas. Teu loba ceta teu loba obrol komo jékrém jiga kelompok Si Nénéng nu kolotna sing sarwa aya. Kelompok élit nu gawéna sélfi ku hénpon mahal. Tingirihil tinggéréwék di  jero kelas. Ka sakola maraké motor. Sok sanajan ku sakola dilarang mawa motor gé da ih maling - maling. Bélaan motor disimpen di kebon atawa imah warga di sabudeureun sakola da kabeneran sakola téh aya di suku gunung, bangunan sakola téh masih katingker ku kebon jeung pasawahan. Ah, kuring mah bororaah dibekelan motor, atawa kabeuli hp. Dalah kabutuhan sapopoé gé pan seuseut.
     Gawé kuring ukur diuk nyempod di  juru kelas. Tara nyarita mun teu aya nu nakon mah. Istirahat batur mah lolobana indit ka kantin jarajan. Gusti kuring mah ukur ngusap dada. Boro - boro dibéré duit bekel. Dina aya na gé paling dibekelan dahareun ti imah kawas seupan sampeu atawa uras tamba lapar . Éta gé sok susulumputan daharna, da mun katohyan ku babaturan mah inggis dilalédék. Ari cai nginum mah sok mekel waé na  botol akua urut, da sieun halabhab. Mangkaning jalan ka imah kuring mah sok sanajan teu jauh teuing ti sakola nanjak mudun,  netek kacida deuih. Kasawang capéna mun balik sakola, nya panas nya capé nanjak, matak mekel cai nginum gé. Balik deui ka nu tadi, lolobana mah istirahat téh sok méakeun waktu di pabukon sakola ngadon maca, jigana Pa Héndar nu tunggon gé geus boseneun nempo kuring unggal istirahat jebul deui jebul deui ka dieu. Da ari istirahat lohor mah  sok ngadon lila di masjid  sakola sanggeus barjamaah lohor téh. Itung - itung nungguan bél  abus.
     Éta kaayaan kuring mangsa sakola di SMP téh. Tapi, éh kétang, teu kitu saratus persén. Aya kénéh babaturan nu rajeun maturan. Tilu urang teu kurang teu leuwih nu haat téh. Kaasup Ifit babaturan sabangku. Kalan maranéhna sok pirajeunan ngajak ka kantin ka kuring.  Dijajanan. Kawantu maranéhna mah jalma aya. Nu séjénna mah nanya atawa ngajak téh mun pareng aya butuh wungkul. Tapi aya untungna ogé kuring teu loba ceta téh, barudak lalaki teu daraékeun ngaheureuyan, béda jeung ka grup jékrém. Duka karunyaeun duka jarijipeun ka kuring mah. Teu nanaon nu penting aman. Da ari ku guru mah tara dibéda - bédakeun.
     Sok sanajan tara dibekelan duit, tapi da ari sapatu, tas, baju sakola mah aralus. Mindeng meuli nu weuteuh. Da kuring mindeng meunang duit BSM ti sakola. Da sok terus dibalanjakeun kaperluan sakola. Da saur pa kapala gé cenah awas duit bantuan ieu ulah disalah gunakeun jang meuli béas atawa hapé, sok komo emas, tapi kudu dibeulikeun jang kaperluan sakola. Nya ku si bapa téh sok dijeujeuhkeun kana sapatu, kantong, saragem, jeung buku. Lumayan teu kaciri rudin teuing.
     Tilu taun kuring sakola dina kaayaan kitu. Sok sanajan kitu, dikeureuyeuh wé.  Pangrojong sumanget ti bapa ibu guru bener - bener ngagedurkeun sumanget diajar kuring sok sanajan dina gaul jeung babaturan rada kalindih, kasisihkeun ceuk Malayuna mah.Tepi ka antukna kuring lulus ninggalkeun ieu SMP. Tariking kaasih Gusti kuring meunang réngking tilu UNBK sasakola.
    Kabéh pananya guru ,panalék babaturan jeung pihak SLTA nu promosi ngeunaan rék neruskeun sakola, gideug jeung gideug wé jawaban kuring bari seuri maur lantaran jero haté mah asa aya boclék getihan linu karasana.
     Pa, abi hayang neruskeun sakola, kungsi éta kalimah kedal tina biwir kuring ka bapa. Kumaha jawabna? Geus lah tong teuing hayang neruskeun sakola. Lain kunanaon. Ka hijina ti mana waragadna. Ka duana di kulawarga urang mah taya kabiasaan sakola luhur. Ti aki - nini, bapa, nepi ka lanceuk - lanceuk hidep gé taya nu sakola luhur. Komo ieu awéwé. Geus meuning cicing di imah. Atawa ké masantrén di nu deukeut , di Ajengan Toha, putusan bapa harita. Ka indung gé kitu sarua jawabanna. Ku kuring geus dijéntrékeun haratis gé, da cenah heueuh bayaran haratis, tapi  pan sakola téh kudu maké saragem, pan indit téh kudu maké ongkos, ti mana duitna? Ari kitu manéh kuat badarat sakitu jauhna? Geus lah tong loba kahayang ceuk bapa mah. Ké wé ngaji di pasantrén Ajengan Toha, keukeuh kitu jawab bapa mangsa kuring maksa. Jeung deui enya puguh gé. SLA nu pangdeukeutna aya kana lima kilo méterna ti imah kuring jarakna téh. Bapa keukeuh narah basa kuring maksa nyebut sanggup badarat leumpang ka sakola. Bapa kuring téa gurat batu. Carék hideung téh nya kudu hideung.
     Masantrén? Ah kuring mah hayang nyoba sakola di sakola formal. Sukur - sukur bisa bari masantren. Suudzonna ieu mah akal - akalan si bapa. Kawas lanceuk - lanceuk kuring. Ka luar SMP , malah ti MI harita mah, sataun masantrén ka dua taunna ditéang da cenah aya nu seja mileuleuheungkeun. Kawin. Kuring embung kitu. Kuring boga cita - cita. Inget kénéh kuring diajar nyieun poster ku guru Basa Indonésia nu ungkarana nyerep kana rasa. Unina kieu: aku ingin sekolah tinggi,bukan menikah dini. Kitu cenah, rék nyoba ngadobrak budaya di dieu nu asal geus réngsé SMP langsung dikawinkeun, kitu kalolobaanna nasib budak awéwé di lembur kuring mah.
     Kuring ukur pangawakan awéwé. Ngalawan totojér gé moal aya hartina. Nya antukna serah bongkokan, sok sanajan haté mah tetep ngacacang na panglamunan ngeunaan resepna ngéjah poé ka hareup  nu éndah dina bangku SLA. Pangolo guru jeung pihak SLA nu ngahaja datang ka kolot nu ngajéntrékeun pentingna sakola formal malah ditambahan janji diharatiskeun waragadna teu ngajadikeun haté bapa lééh. Tetep ajeg dina pamadeganna.
     Nu matak nalangsa jeung nyeri haté mah ningali babaturan nu niléyna sahandapeun, badung, tukang bolos, malah nu réngking panyocok ampir -  ampiran teu lulus, tukang niron mangsa ulangan ka kuring,  keur cuhcih sasayagaan pikeun neruskeun sakola bubuhan kolotna jalma araya. Sedeng kuring ah..nasib naha bet kieu - kieu teuing. Mana nyeri - nyeri teuing karasana. Lain aral subaha. Tapi bet asa diteungteuinganan ku nasib. Komo basa saliwat teu kahaja ngadéngé padungdengan bapa jeung ema di kamer,  cenah saminggu ka tukang aya nu geus neundeun carita rék mileuleuheungkeun kuring. Kawin. Gusti...na kieu - kieu teuing nasib diri.
      Cipanon nu tuluy murubut jadi saksi. Kuring teu walakaya . Di hiji sisi kuring hayang sakola ngudag cita - cita. Di sisi nu séjén kuring teu wasa ngalawan ka indung bapa. Pan ceuk agama gé  dipahing pisan ngalawan nganyerikeun haté kolot téh. Obrolan salah saurang guru nu nyebutkeun kudu jadi Kartini nu wasa ngadobrak budaya  féodal nu salah ngeunaan kahirupan wanoja, harita kudu mental kana tuntunan agama oge budaya. Ah..meureun geus titis tulis bagja awak kuring ti Nu Murbéng alam.
     Sakapeung sok aya pikiran pondok , tapi sok gancang disieuhkeun. Naudzubilahhimindalik. Tebihkeun hal éta tina diri abi.  Ya Karim! Wioslah kapeurih kasedih mah badé nyobi ditampi ku kajembaran haté ku ieu diri. Susuganan ka payun aya takdir malikeun kaayaan najan kamungkinanna alit pisan.
      Ya Alloh, sembaheun diri. Ieu haturan cimata kuring. Cimata kuring cimata kahanjakal. Cimata kuring cimata kapanasaran. Cimata kuring cimata katunggaraan. Cimata kuring cimata kamarudah. Cimata kuring cimata kasadrah. Cimata kuring cimata pangharepan. Susuganan ka payun aya kénéh ciibun ka asih Anjeun nu bakal ningtrimkeun ieu diri. Nu bakal nganteur diri pikeun nimu kabagjaan sajati dina amparan jaladri kanyaah Anjeun. Najan hal eta ukur sakeclak. Nya. Sok sanajan ukur  sakeclak. Amin ya robbal alamin. Wallohu alam bissawab.

Cafe Galuh.2018


Unang Sumarna  ( Guru di SMP Plus Bina Pandu Mandiri Ciamis )
Alamat rumah:
Jl. Galuh no.7 Ciamis 46211

MILIKI MAJALAH PENDIDIKAN GUNEMAN EDISI No. 2 TAHUN V 2019






Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "CIMATA KURING CIMATA HAREPAN"

Post a Comment