HAMPURA, ABAH
ku: Iwan Al-Aswad
Kuring bati ngerik
Basa 'na televisi
Jalma-jalma pating jumpalik
ditarajang pélor tarik
Kuring bati ngerik
yén muslim golongan leutik
bati jadi sasaran licik
Di wewengkon nagri deungeun
Baréto
basa kuring keur leutik
Nongtoréng papatah abah
Di jero tajug nutumaninah;
Anjeun kudu welas asih
Boh kasato sumawona jalma
Ulah jail kaniaya
Komo niat ngarogahala
Hampura Abah
Kuring taat kana papatah
Tapi batur malah marotah
Nyawa dianggap saukur runtah
Pédah béda anu disembah
Hampura abah
Kuring seja neda widi
Pikeun nyoba ngabela diri
Sabab téréh cunduk waktu
Salah bener pagaliwota
Matak saru milihanna
Hampura Abah
Sim kuring seja bébéla
Ka korban nu dirogahala
Sanajan ukur bisa ngawakca
"Save moslem New Zealand"
Sukabumi, Medio Maret 2019
UNTUK BERLANGGANAN HUBUNGI NO. WA:
0821-2722-5655 (OESEP) atau 0812-2017-090 (MARDIAH)
PENGIRIMAN NASKAH:
Guneman Online: gunemanonline@gmail.com
Geneman Cetak: guneman_magazine@yahoo.com
0 Response to "HAMPURA, ABAH"
Post a Comment