NYAAH DULANG
ku: Unang Sumarna
Nyaah dulang tèh mangrupakeun hiji babasan
nu pihartieunna kanyaah kolot ka nu jadi budak nu salah ngalarapkeunna.
Pangrasa bener, tapi dina kanyataanna mah mawa madarat malah bisa ngancam nyawa
budak nu jadi sasaran rasa 'nyaah' èta. Nyaah dulang tèh lain fatamorgana, tapi
nyata loba kajadian. Siloka nu dijieun ku karuhun baheula mah biasana abadi,
lumaku sapanjang jaman.
Kamari, 15 Februari 2019 di wilayah Gowa
Sulawesi Selatan hususna, di nagara urang umumna, geunjleung ku kajadian budak
SMP nu matèni karep ku jalan ngagantung manèh. Alibi nu kabaca tina surat
pamungkas nu kapanggih di deukeut tempat manèhna gantung diri tèh cenah pèdah
'baper' salila ieu gawèna ngan ngariripuh indungna wungkul. Èta budak nu ukur
hirup jeung kolot nu kari sabeulah (indungna wungkul ) tèh iklas nelasan
sorangan alatan motor nu dipakèna disita, kaasup SIM jeung STNK nu indungna ku
pihak kapolisian, lantaran manèhna geus neunggar motor anggota TNI nepika
duanana tijungkel. Budak ku TNI èta dipasrahkeun ka pos polisi pangdeukeutna.
Nya terus wè di tahan motor, SIM katut
STNK-na. Tah èta salah sahiji conto kajadian nyata tina babasan nyaah dulang.
Mindeng kasaksian ku urang kiwari loba pisan
barudak umuran SMP malah SD geus tingserebet makè motor. Padahal ceuk aturan
kapolisian, geus puguh budak umur sakitu
mah can manjing makè kandaraan bermotor. Pihak kapolisian geus ngaluarkeun
undang-undang yèn nu bisa meunang/ miboga surat ijin mengemudi alias SIM mah,
nu umurna geus tujuhlas taun ka luhur. Meureun paling henteu kudu geus kelas
dua SLTA. Ari ieu ku kolotna teu sirikna dibèrè 'doa restu'.
Sacara mèntal jeung fisik budak umur SD
jeung SMP can manjing makè motor sok komo nyetiran mobil. Umur sakitu èmosi
jeung logikana masih kènèh labil. Teu mikirkeun kasalametan nu penting asa gaya
tingserebet ngebut. Malah teu jarang lampu sèn tara maèn mun seug mèngkol.
Leuwih parahna asa gagah asa gaul mun teu makè hèlm nu standar malah nepika
buligirna tah sirah. Teu mikirkeun kumaha akibatna mun seug cilaka, bisa geger
otak mun keur ngebut labuh hèg sirah nenggel kana batu, trotoar, portal, atawa
aspal. Malah teu pamohalan bencar tah sirah.
Tina segi fisik gè budak saumur kitu mah
asana can manjing. Sok sanajan loba ogè budak nu bongsor, tapi da lolobana mah
motor jauh leuwih jangkung jeung gedè tibatan nu naèkna. Tangka jèngkè mun naèk
tèh. Tapi da ih damang wè teu paureun, tuang sepuhna gè sami mawon, taya
kamelang da bakat ku nyaah ka putra kameumeut. Dasar nyaah dulang.
Lain saeutik kolot nu kalakuanna siga kitu.
Bakat ku nyaah, bakat ku ngogo, malah bisa waè bakat ku hayang katanggar ku
lingkungan yèn manèhna mampuh meuli jeung mekelan budakna ku motor. Maranèhna
anggur loba nu ngarasa reueus nempo barudakna tingserebet darangdang-durungdung
kana motor. Sok enya masing hal èta ukur 'tersirat' da nu 'tersurat'na mah
angger pokna lumayan ngirit ongkos, ambèh teu kasiangan, ambèh bisa gampang
barangtitah sakalieun kapèpèd bèakeun uyah nitah budak meuli ka warung makè
motor ngarah gancang. Heuy deuh..dina emprona mah nu aya budak jadi jarang aya
di imah da hayuh beberengbengan waè jeung babaturanna ulin makè fasilitasna,
enya motor inventaris ti kolot. Nyaah dulang ogè pan?
Satemenna ari kudu disarkasmekeun mah kolot
nu mèrè motor ka budak nu umurna can manjing sarua nitah gancang-gancang maot
ka budak, sarua jeung ngajongklokeun ka kuburan, sok sanajan enya jodo, pati,
bagja, cilaka mah anging Gusti nu uninga, tapi sarèatna geus dilakonan, dibuka, digali, ku para kolot
nu mèrè motor ka budak. Ari budak tèa sakali deui dina ngajalankeun motorna tèh
sok teu jeung adeuh, tara jeung kira-kira dapon gaya.
Naha èta kolot nu mèrè motor ka budak kitu
tèh geus yakin gedè maslahatna tibatan madaratna? Kumaha mun salianti matak
cilaka lantas ogè lumpatna kana kriminal? Bijil ti imah mah mani antarè
ngajalankeun motor tèh, pas geus jauh ti imah mah ngadius lir diudag jurig.
Malah ku ka'motèkaran' barudak ayeuna mah èta motor nu geus meunang memernah
ahli tèh diaromè, istilahna divarèasi, nya dibobok knalpotna, dicèpèrkeun, malah
aya nu kasundut ku panangtang ti babaturanna rèmna diblongkeun cukup ku gigi.
Majar adu kawani adu nyali. Beu..na boga pikiran tèh kitu san? Rajit.
Ngaheulakeun gaya tibatan nyaah ka nyawa.
Atuh motorna gè lain waras kalah ramijud, matak darareukeut kana
picilakaeun.
Gank motor nu karèrèanna pamuka jalan
kriminal ogè sabenerna jadi riwan keur para kolot nu mèrè motor ka budak
abègèhna. Jiwa nu labil, nu mimiti keur nèangan kaaingan, keur meumeujeuhna
nèangan pangakuan balarèa, nèang jatidiri, gampang kahasut ku hal nègatif.
Gampang diajak kana teu benerna. Matak tong ahèng mun budak nu dibekelan motor kitu gampang pisan mun
diajak asup kana gèng motor.
Rarasaanna asa gaya konpoi na motor. Aya nu
ngahalangan batur di jalan gogogan. Aya nu nyiap langsung ngabrèt nyusul.
Dipèpèdkeun. Teu jarang nepika silih habekna. Teu jarang nepika tawuran pikeun
ngelèbètkeun bandèra gèngna. Teu jarang tungtungna kudu ngaringkuk di
pangbèrokan. Lamun geus kajadian kitu
saha nu ripuh? Angger kolot kènèh. Leuheung mun ukur cilaka atawa ka
pangbèrokan budak masih kapuluk, palebah nepika palastra èta budak, lain ukur
hanjelu di dunya tapi ogè di ahèrat.
Ieu
kaalaman sorangan, bubuhan sakola kuring mah sakola sogun alias soko gunung, ih
barudak SMP atawa MI tèh bèbas geus
marakè motor, teu marakè hèlem deuih.
Darangdang-durungdung di jalan dèsa.
Geus teu anèh pamandangan budak MI boncèng dua atawa tilu ka sakola.
Taya kamelang ti kolotna, da ku geus biasa tèa. Padahal mindeng aya kajadian
budak tidongsok kana gawir na motor, budak SMP nabrak budak MI, nepika potong tulang sukuna, tapi da ih
angger wè sangkilang kudu ngaluarkeun waragad gedè jang ngubaran, jang
ngahadèan motor, jeung ampir kaleungitan nyawa budakna, da ih kolotna euweuh
kakapok, duka teu tegas. Geus sèhat deui
mah budakna, ih motor tèh dibikeun deui waè. Nyaah dulang tèa ning. Kuduna
sakali-kali mah operasi zèbra tèh dilaksanakeun di jalan dèsa lain di jalan
raya wungkul. Kacipta bakal loba nu kajaring utamana budak sakola.
Sabenerna, pikeun ngajaga supaya kajadian
kacilakaan kitu teu terus nambahan, pihak sakola di daèrah kuring, ngaluarkeun
aturan siswa teu meunang mawa motor ka sakola. Balukarna nu kabeurangan/bolos
jadi ngalobaan, alesanna jauh jarakna jadi leumpangna lila. Ah èta mah alesan
wè. Padahal bisa pan mun inditna leuwih isuk-isuk, atawa anteurkeun heula ku
kolotna ka sakola. Tapi da ih, paribasa sibuk cenah. Lucuna ku kamotèkaran
barudak ayeuna, geus bisa ngakalan guru. Ti imah makè motor, tapi teu di bawa
ka sakola da teu meunang tèa. Si motor tèh disimpen di imah masarakat samalah
di kebon. Teu mikir kumaha mun motor leungit aya nu maling. Tah pas bubar
sakola, apal-apal rabeng wè kalaluar tina liang cocopèt tah motor siswa tèh.
Saha nu salah? Kolot atawa kaayaan? Kaayaan
nu sing sarwa gampang pikeun mibanda kandaraan bermotor, ku duit ukur ratusan
rèwu jang dp gè geus meunang motor. Ampir unggal imah boga motor. Hal èta
tangtuna saeutik lobana bisa ngarojong kajadian èta. Faktor kolot? Geus puguh
pan loba kolot nu teu sadar yèn maranèhna
tèh...nyaah dulang.
Tah ku kituna taya salahna salaku kolot
muhasobah. Nyaliksik diri nalèngtèng awak. Na geus bener sikep urang ka budak
tèh? Na bener sikep atawa kanyaah urang tèh lain nyaah dulang nu inggis brasna
tèh jadi mawa cilaka ka budak. Wallohualambissawab.
Unang Sumarna, guru Bahasa Indonesia di SMP Plus Bina Pandu Mandiri, Sadananya, Jl. Galuh no.7 Ciamis 46211
0 Response to "NYAAH DULANG"
Post a Comment