CARPON: TANEUH




Ku: Unang Sumarna

"Pa mana paculna?" kuring nyampeurkeun bapa nu keur memener kuluwung cai na sawah di pasir tonggoh. Hawa isuk nu nyecep mimiti nyingray marengan nyingrayna pepedut ditundung ku meletékna panonpoé. Bapa ngalieuk. Leungeunna lamokot ku leutak.
"Geus montong leledokan! Keun ku bapa. Meuning awur lauk nu na balong lebak! Terus ka héler pangbéjakeun ka Mang Agus sing ngirim huut tilu karung. Parab méh érép. Ngan kadé entong dibawa ku sorangan! Ledok," Bapa maréntah.
   Kuring ngarénghap. Teu rubah bapa mah kitu waé ka kuring téh. Tapi kuring teu bisa ngalawan ka bapa. Anggur ngaléos ninggalkeun bapa jeung panyawah si bapa nu geus mimiti anteng na kotakan, indit ninggalkeun si bapa nu keur bobolokot leutak. Rék nurut kana paréntah bapa.
"Éh ka Si Embu kadé ké beurang anteuran dahar ka dieu! Bapa hayang pangnyambelkeun jeung pangmeuleumkeun peuteuy kituh!" si bapa nyorowok.
   Si bapa memang patani nu suhud. Sawah, balong, kebon na lega. Ingon - ingonna riab ti mimiti marmot, kelenci, hayam, entog, meri,  nepika embé, boga si bapa mah. Katelahna juragan tani. Beunghar kampung pibasaeunana mah. Da ari bangsa mobil méwah imah sigrong mah teu boga. Ngan pakayana mah aya dina tatanen jeung tanah  nu upluk - aplak. Malah mah anjeunna bogaeun panyawah sababaraha urang. Tapi anéhna si bapa mah teu kawas sifat juragan lianna nu anggur sidéngdang nunggu hasil, nu ukur bentik curuk balas nunjuk capétang balas miwarang. Tapi anjeunna mah langsung turun bobolokot leutak ngolah lahan tatanén. Ditanya majar bapa mah inget ka wiwitan. Bapa mah asalna gé patani leutik nu boga lahan ngan ukur sacangkéwok, satalapok peucang. Ku suhud mah bisa rekah. Bapa mah naratas téh ti enol. Matak asa nyaah mun dimomorékeun. Katambah bapa mah ti baheula gé jalma gawé. Teu bisa cicing, matak ayeuna gé meuning milih bebelesekan na leutak da mun dicicingkeun mah anggur gering awak téh. Hiji waktu anjeunna nyarita.
  Hébat pisan bapa kuring mah najan ukur patani tapi paradigma mikirna mah ngajaul ka alak paul. Bélaan kuru cileuh kentel peujit, bélaan ngaduakeun huap. Anjeunna hayang anak - anakna maraju ulah jiga anjeunna nu ukur jadi bulu taneuh. Najan buluna gedé, tapi da angger bebelesekan kénéh kana leutak mah istilahna tetep wé bulu taneuh. Anjeunna mah hayang anak -  anakna maju kahirupanna, luhur darajatna, ku cara sarakola sing junun. Anjeunna usaha dug hulu pet nyawa pikeun nyakolakeun anak-anakna saluhur-luhurna. Buktina taun ieu adi kuring nu awéwé asup taun munggaran kuliah di kabidannan nu biayana naudzubillah keur ukuran urang lembur mah, adi nu bungsu kelas 3 SMP. Ari kuring? Kuring ku yasana nyiar kipayah bapa nu bébéakkan bisa méréskeun kuliah tur boga gelar SH. Sok sanajan kiwari masih kénéh ngaligeuh.
   Ngan aya anéhna, duka kunaon? Duka pédah bakat ku nyaah ka anak,duka kumaha, maksudna tadi kuring nyebut bapa mah kitu waé , da bapa mah nyaram pisan mun kuring leledokan ti leuleutik gé. Kotor. Loba kuman. Piménakeun mah ulah ngoprék taneuh. Meuning diajar sing bener. Didungakeun ku bapa sing jadi jelema. Ulah jiga bapa. Na ari bapa? Ari bapa lain jelema kitu? Pokona nepika kuring gedé gé, nepi ka kuring jadi sarjana ngaligeuh gé, tetep teu rubah. Buktina kawas tadi isuk - isuk. Rék mantuan macul anggur dititah ngawur lauk nu teu kudu leledokkan, ah.
   Hal éta téh terus - terusan dipapagahkeun ku bapa. Méh unggal peuting, biasana bada magrib mangsa dahar bareng ngariung sakulawarga di rohang tengah. Da bapa mah sok mereketkeun, nekenkeun, kudu aya waktu jang ngariung kulawarga, sok sanajan ngan ukur sakali sapoé. Keur laleutik mah bisa. Tapi da geus mimiti kuliah mah  hésé ku kariweuh. Tapi mun geus patali jeung waktu kuliah mah, bapa sok ngamalum. Ah bapa.
   Keur leutik mah asa atoh ku bapa dicaram gawé leledokan téh. Da jeung enyana capé. Meuning lalajo tipi atawa maca.
      Kiwari kuring geus dewasa. Sakapeung sok mikir naha sikep bapa kitu téh bener? Kunaon kolot téh lir nu ngajauhkeun diri tina asal nyaéta taneuh. Naha ieu téh réka perdaya iblis, nu geus ngarobah mindsét manusa sangkan jauh tina hakékat sajati. Ngajauhkeun tina asal hirupna nyaéta taneuh. Sok wé pikir ku urang. Urang kudu maké sendal ambéh teu kotor jeung keuna ku kuman tina taneuh? Dahareun nu geus murag kana taneuh kudu dipiceun atawa dikumbah améh teu kacampuran bibit panyakit. Naha taneuh téh kacida kotorna kitu? Sumber kuman bibit panyakit? Na kunaon mun urang solat kudu diamparan sajadah atawa alketip? Paribasa najis. Na enya taneuh téh sumber najis? Mun kitu mah atuh awak urang téh teu bina ti kumpulan kokotor, panyakit jeung najis, da dijieunna tina taneuh? Ah, paingan loba manusa nu kalakuan, ucapan, jeung pikiranana teu bina ti najis, kotor, jadi bibit panyakit keur sasama. Ah, salah kitu pamikiran kuring kieu téh?
   Sakali deui,naha ieu téh tipu muslihat iblis nu seja ngajauhkeun manusa tina prosési suci. Tingali ayeuna. Kolot leuwih reueus budakna diuk satukangeun méja ngolah angka. Kolot leuwih sugema mangsa budakna gogorowokan ngajar di kelas atawa madrasah. Kolot leuwih rido budakna tutunjuk ngatur batur keur ngarapihkeun hiji proyék usaha, rebut tawar harga,  atawa ngatur nagara. Kolot leuwih atoh niténan budakna nu ngapung ka awang - awang nembus ngajaulna téhnologi. Kolot leuwih reueus mangsa nempo anakna ajeg gagah satukangeun bedil atawa  téng waja. Nya, leuwih reueus tibatan jadi patani nu ukur bebelesekan guyang leutak di sawah. Ah. Sarébuning anéh. Mun kabéh mikirna kitu cilaka. Rék saha generasi ka hareup nu bakal ngusahakeun widang tatanén mun seug kolot-kolot nu pamikiran kitu geus taya dikieuna. Ah. Kasawang iblis keur surak ayeuh-ayeuhan niténan ieu. Padahal di widang ieu  mah jauh tina pidosaeun. Jauh tina basilat. Jauh tina hianat. Jauh tina konspirasi hideung. Jujur. Murni nu aya. Ukur suhud, junun, modal ngahontal hasil téh. Ah. Ahéng sakali deui puguh gé. 
  Saperti si bapa nu ngarasa atoh kacida, siap ngalakukeun naon waé, nyadiakeun duit sabaraha waé, mangsa kuring hayang ditarima gawe di hiji kantor pangacara kawentar di puseur  dayeuh nagri ieu. Tariking takdir tug nepika ditarimana.
  Bener ceuk si bapa, kakara gawé sabaraha taun gé, ari digawe di nu kieu mah rejeki téh tinggoréhél. Nincak sapuluh taun gawé geus kabeuli gedong sigrong jeung mobil méwah. Tangka ngageleser unggal taun muru lembur. Tangka atoh kolot nempona. Tah ceuk bapa gé naon? Ladang sakola luhur mah kieu. Bapa bangun reueus.
  Bet teu kuhanteu, pangaruh lingkungan geus ngarubah jiwa kuring. Komo basa mimiti gabung tur langsung jadi dedengkot hiji parpol mah. Ting térékél ting goréhél rejeki téh. Tingbulungbung muka lega jalanna.
   Inget kuring harita bapa tangka béak héktaran sawah nu di pasir tonggoh. Nu taneuhna léndo. Nu sungapan caina teu kungsi saat da ka kurilingan leuweung awi nu kacida legana. Sawah nu geus ngahirupan kuring sakulawarga baheula. Sawah nu saréatna, ku asih Mantenna hakékatna,  geus ngajadikeun kuring kawas ayeuna. Sawah nu ngajadikeun adi kuring nu awéwé jadi bidan di hiji rumah sakit pamaréntah, nu ngajadikeun adi kuring nu bungsu hakim di MA. Sawah nu harita bébéakan dijual dipaké biaya kampanyeu kuring mangsa nyaleg tur nepika kuring anjeucleu na kursi déwan perwakilan rakyat pusat, nepi ka rék parat periodeu katiluna.
   Bapa nangis balilihan mangsa nungkulan kuring diistrénan  jadi anggota legislatif periodeu ka hiji. Duka tangis bungah duka tangis sedih wiréh tanahna, sawahna nu taneuhna léndo geus ilang rubah jadi jabatan jang anakna. Jiga aya rasa hanjelu na sorot socana basa sawah anjeunna nu kungsi dipaké modal kampanyeu,  hiji waktu ku kuring digantian sanggeus kuring jeneng di législatif. Duka kunaon?
     Aya teuteup anéh na socana jiga nu ngemu kahanjakal nu teu kungsi kedal tina lisanna mangsa hadir dina acara ngistrénan kuring jadi anggota législatif periodeu ka dua.
"Sing iatna anaking!" ukur sakitu nu kacatur pamungkas ti anjeunna da cisoca tos beueus mantén dina kongkolak socana.
  Kuring? Ah kuring mah anteng wé. Ukur unggeuk bari neda piduana. Teu hayang maluruh kana sorot kahanjakal nu aya na panon bapa harita. Pan ieu téh kahoyong anjeunna ieuh.
     Antukna heuleut sawatara taun ti kuring diuk na korsi déwan periodeu ka dua, bapa sareng ambu dipundut ku Nu Kagungan. Di lembur pakaya dijual da bagi waris. Ledis. Taya deui taneuh bapa nu nyésa. Jeung bapa teu kungsi sumping nyakséni mangsa kuring diistrénan jadi anggota législatif nu ka tilu kalina.
*   *   *
   Kiwari kuring ngarasa sono kana taneuh. Tapi lain ka sawah bapa nu taneuhna léndo. Lain kana balong taneuh tempat mijahkeun guramé jeung patingasoyna éngkang - éngkang. Kuring sono taneuh pangbalikan. Kiwari kuring geus teu ngaboga - boga taneuh pangbalikan. Ukur taneuh saruangan heureut ieu nu jadi tempat cicing ieu. Nu sabenerna lain taneuh da lanténa najan tiis geus di semén jeung di sarigsig beusi. Pangbérokan! Nya pangbérokan. Bener ceuk batur. Pulitik julid, tengik, kejem, jahat, jahanam. Taya rasa silih asih .  Nu aya silih siku,  silih hianat, keur kakawasaan. Taya batur taya balad mun geus taya gunana atawa saingan mah meuning ditajong. Kahirupan nu asa moal kungsi kasorang mun seug kuring jadi patani ngolah sawah, ngurus taneuh di bali geusan ngajadi. Moal kungsi kuring jadi korban konspirasi pulitik hideung ti babaturan nu geus nuding kuring majar ngadahar duit nagara, sok padahal maranéhna nu ngosol-ngosol. Jeung pan maranéhna nu ngasaanna. Ah. Hal nu moal kapanggih di dunya patani. Di dunya nu bobolokot ku leutak. Lain bolokot ku hianat jeung dosa.
   Gusti kuring hayang balik deui ka mangsa dua puluh taun ka tukang mangsa bapa masih jagjag ngolah lahan tani. Tapi ketang asa hayang leuwih ti kitu. Kacipta sedihna mun bapa jeung ambu jumeneng kénéh nyaksian nasib kuring ayeuna. Komo mun uningaeun yén nu geus ngetok palu pangadilan nyebut yén kuring salah, jeung nyebutkeun hukuman jang kuring téh adi sorangan nu bungsu, nu jadi hakim MA. Gusti jigana langit bakal runtuh ninggang aranjeunna.
     Gusti kuring di dieu teu weléh micangcam taneuh. Lain taneuh bapa sumawonna nu kuring. Micangcam pendak sareng bapa ambu deui. Ieu meureun maksud cariosan bapa ka kuring nu nitah sing iatna baheula.
  Gusti kiwari kuring micangcam taneuh. Lain taneuh léndo sawah , balong, atawa kebon nu bapa. Lain taneuh nu luhurna aya gedong sigrong, mobil méwah kuring nu kiwari disita ku KPK. Tapi kiwari kuring micangcam taneuh nu teu lega. Cukup dua kali saméter ogé. Jang pangbalikan. Sugan jeung sugan diri nu lamokot ku dosa ieu masih kénéh bisa ditarima ku taneuh. Sok susuganan raga kuring teu nambahan kotor, nambahan najis, nambahan kuman panyakit kana taneuh nu nyababkeun manusa beuki embung adek kana taneuh.
     Nya embung adek kana taneuh. Salila nafas masih ngahégak , ngaberung laju nafsu kahirupan kénéh.
  Café Galuh, 020918

Unang Sumarna, Jl. Galuh no.7 Ciamis 46211

MILIKI MAJALAH PENDIDIKAN GUNEMAN EDISI No. 2 TAHUN V 2019




BAGI YANG MAU MENERBITKAN BUKU,  PENERBIT GUNEMAN SIAP MEMBANTU!



Subscribe to receive free email updates:

2 Responses to "CARPON: TANEUH"