TALATAH
ku Eti Nurhayati*)
Mihapé ka
angin nu rék miang
Pangnepikeun iber kamelang
Nu ngalangkang unggal jam
Nu ngabetrik ati saban ganti wanci
Nepi ka kiwari
Béjakeun ku anjeun ka beurang nu caang
Haréwoskeun ku anjeun ka peuting nu simpé
Sangkan tingtrim dina ati
Tong galideur babakti
Wungkul ka gusti nu Maha Suci
Sanajan loba pisan gogoda
Noélan rasa
Ngendag-ngendagkeun pancegna iman
Poma istiqomah
Tong wungkul jadi babasan
Tasikmalaya, 04 Juni 2019
*) Guru SMPN 1 Sariwangi, Kabupaten Tasikmalaya.
Jurutelik: Teti Mardiana
0 Response to "TALATAH"
Post a Comment