Nalipak manéh

Ku Badriah


"Hanjakal salaki téh kuuleun, teu siga Kang Dudi, sagulak sagilek téh jadi duit," manéhna ngagerentes sorangan bari leungeun kéncana ngagupay ngeureunkeun angkot. 

"Mun harita narima Kang Dudi, kacipta ayeuna téh keur naék mobil anyar, nyetiran ku sorangan. Lain naék angkot butut, bari loba bebenyit, garandéng pira gé kabeuli és krim meni kawas kabeuli Gunung Gedé, " manéhna norowéco sorangan bari rada mundelik ka barudak nu dariuk hareupeunna.

Manéhna katelah Shéla, hiji awéwé geulis. Awakna jangkung, kulitna konéng umyang. Anu matak deungdeuleueun: halisna, hideung meles ngajepat lir jelér paéh téh lain bobodoan. Najan geus boga anak dua gé, nu nyarebut téh sok Enéng wé da awakna siga tacan ngalaman buncireung bureuyeung orok, jeung mémang manéhna mah katingali ngora baé.

Keur manéhna galécok ngupat salakina, bus kana angkot asup ibu-ibu. Lengeun katuhuna ngajingjing karanjang eusina bungkusan rupa-rupa kopi sachét. Leungeun kéncana, nyekel térmos dua. Rarèbo pisan matak hésé asup kana panto angkot. Bus heula leungeunna nu katuhu, sok jingjingan nu sagedé alaihim téh ditunda, karék manéhna bisa asup. Gek diuk hareupun Shéla pisan. Shéla rut rét merhatikeun si ibu-ibu, ti tungtung leungeun kénca anu nyekel térmos sadua-dua, lengeun katuhu jadi nyekel tas leutik, nepika sukuna nu dipaké ngahalangan karanjang badagna, sigana bisi murag ngajol tina panto angkot.

Si ibu ngarasaeun mereun diteuteup baé.  Padahal Shéla  nempo malaweung saényana mah. Manéhna keur ambek ka salakina nu ceuk rarasaanna taya kabisa. Ongkoh baé pagawé nagri, tapi imah teu ngajengléng siga batur, boga mobil hiji gé meunang kiriditan. Teu kakiridit ari mobil hiji séwang mah, alesan teu boga keur uang mukana. Bener-bener teu kreatif, gawé ngandelkeun gajih, teu pernah sugan balik mawa duit ngalembur, atawa duit naon wé kawas batur. Ieu mah, gajih téh saukur gajih wé. Matak kesel, lamun seug manéhna dimeunangkeun gawé, kaayaan moal siga kieu. 

“Néng, punten kaheurinan. Mulih ti mana?” si ibu nanya ngagebahkeun lamunan Shéla.

“Wios Bu. Mulih damel Bu?” Shéla kalah malik nanya kanu nanya.

“Muhun Néng, icalan di Alun-alun. Pan sadayana apal, alun-alun nuju dirombak.”

“Icalan cai kopi?” Shéla nanya deui.

“Muhun Néng, mios tabuh 2 subuh, supados tiasa icalan kanu di pasar, teras majeng ka nu uih ti mesjid Agung. Ti dinya nembé ka nu daramel ngalereskeun taman alun-alun, wangsul magrib Néng.” Pokna bangun nalangsa.

“Dupi Bapa- eu maksad téh carogé Ibu, kamana?” Shéla  bangun panasaran.

“Aya wé Néng di bumi, teu damel.  Kapungkur mah ngajagaan nu alit, pan tos dalapan taun Ibu icalan cikopi téh. Ti jaman si bungsu orok beureum kénéh, ayeuna tos kelas tilu.” Pokna bari teuteupna meuntas ka luar jandéla.

“Teu damang sugan dugika teu tiasa damel?” Shéla nanya deui.

“Ah henteu Néng, séhat, teu acan aya hidayah baé sugan. Tos gaduh anak opat téh, teu robih-robih. Kaubaran haté ibu ku si cikal anu tos damel di kimia parma. Kasundang saeutik-eutikeun. Namung da kangé sadidinten mah, teu cekap, kedah ibu wé nu ngeureuyeuh. Modal 50 rébu cekap Néng, namung pami nuju taya artos mah, gaduh 20 rébu gé mios.” Tembalna ngajelaskeun.

“Naha teu kaémut ku ibu kangé papirak? Naha bet sabar baé?” Shéla merekpek nanya, teu sadar mun dina angkot téh loba penumpang anu keur malencrong ka nu keur ngobrol.

“Euh, teu kaémutan kadinya Néng. Gaduh rumah tangga, tos mukakeun lawang rejeki kangé ibu ogé. Buktosna, ibu gaduh opat anak anu kedah diurus, ogé bapana barudak. Ladang ibadah wé Néng. Rumaos ibu mah teu tiasa sodakoh, wakaf, atanapi infak sapertos nu sanés.” Cenah bari ngeluk.

Shéla  milu ngeluk.  Dina haténa ngajerit, “Gusti, hapunten abdi. Abdi mah teu kudu hudang jam 2 subuh balik magrib, ditambah ngurus opat anak, teu kudu kabeungbeuratan ku salaki, teu kudu mamawa térmos.”

“Mang lirén di payun,” Shéla  ngeureunkeun supir bari pok ngomong, “punten angsulanna ka si ibu anu kerudung beureumkeun,” bari lenguneunna mikeun duit 50 rébu ka supir angkot. 

Boa salakina ogé siga si ibu éta. Rumah tangga téh ladang ibadah. Matak teu kapikiraneun mipit tanpa amit jeung ngala nu lain hakna, teu wani mawa balik duit anu teu puguh alang ujurna.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Nalipak manéh"

Post a Comment