Ngawangun Karakter Bangsa ku Resep Maca
ku
Eti Nurhayati, S.S., M.Pd.*)
Nyempetkeun waktu keur maca kacida
pentingna pikeun nambah-nambah kanyaho/ wawasan. Maca buku pangajaran mémang penting, tapi maca buku-buku salian ti
buku pelajaran ogé penting.
Ngawangun karakter resep maca téh teu
gampang. Sangkan siswa resep maca, perlu
bingbingan jeung tuladan ti bapa ibu guruna. Siswa diajak babarengan maca.
Di sakola-sakola, ti mimiti Séptémber 2016 aya program nu ngarana WJLRC
(West Java Leader Reading Challenge) nu
diteruskeun ku GLS (Gerakan Literasi Sekolah). Program-program ieu mangrupa
program pikeun ngaronjatkeun karesep maca,
nu tangtuna sapakét jeung nulisna.
Biasana hasil maca téh terus ditulis
mangrupa réviu buku laju dipréséntasikeun bagilir sakali séwang. Nu séjénna
ngaregepkeun. Taya istilah bener jeung salah, nu penting mah saréréa dipiharep
mikaresep maca jeung nulis (Literasi).
Kagiatan ieu dilaksanakeun di lapangan dimimitian ku maca babarengan. Cag.
Salam Literasi! EN, 17082019
*)
Penulis: Eti Nurhayati, S.S., M.Pd.
adalah Guru SMPN 1 Sariwangi, Kabupaten
Tasikmalaya.
Jurutelik: Teti Mardiana
0 Response to "Ngawangun Karakter Bangsa ku Resep Maca"
Post a Comment