Belajar Membaca Puisi Bahasa Sunda
TÉHNIK DASAR
MACA SAJAK
Ku Godi Suwarna
Dina saban kasenian tangtu aya nu ngaran téhnik dasarna.
Kitu deui dina maca atawa ngagalantangkeun sajak hareupeun anu lalajo. Prosésna
dumasar kana tiori atawa téhnik dasar. Téhnik dasar bisa diulik ku sing saha
baé nu daék ngalatih dirina. Aya sawatara hal nu kedah diperhatoskeun
kalih dilatih heula méméh tandang makalangan, minangka téhnik nu pangdasarna.
Di antarana:
Milih Bacaeun
Kudu diperhatikeun méméh tandang makalangan, nyaéta: milih
sajak nu rék dibaca. Da geuning rupa-rupa pisan ules sajak téh. Aya nu kudu
bulak-balik heula macana, karék kaharti eusina. Aya nu salancar, gampang
kaharti jeung karasa. Aya nu genah dibaca na jero haté. Aya nu nikmat upama
digalantangkeun. Bawirasa, milih bacaeun mah nya kudu nu pigenaheun mun digalantangkeun.
Ngalenyepan
jeung Nyurahan
Lenyepan téh kira-kira ‘penghayatan’ téa. Sabada milih
bacaeun, sajak terus diilo. Dibaca sababaraha balikan. Disasar, dirarasakeun,
disurahan naon nu nyangkaruk dina téks-na. Ngalenyepan jeung nyurahan téh
minangka tatapakan pikeun tahapan proses saterusna. Mun salah ngalenyepan jeung
nyurahanana, ka dituna bakal kacow. Upamana, puguh-puguh sajak cinta nan
melankolis, der dibaca bari amuk-amukan.
Sora atawa Vocal
Modal utamana maca sajak mah taya lian iwal ti vocal. Mun
pintonan teu maké pengeras, kapaksa sora téh kudu rada tarik, kudu kapireng ku
nu lalajo pangtukangna. Aya sawatara cara pikeun ngalatih sora sangkan bisa
tarik. Upamana, ku ngagerendeng, kawas nu humarurung, saeutik-saeutik
diundakkeun boh tarikna boh nadana, ti mimiti laun, nada rendah, ditingkatkeun
satahap-satahap tepi ka ngagorowok satarikna, saluhur-luhurna nada. Balik deui
kana laun, nada rendah, tepi ka satarikna, saluhurna deui. Kitu jeung kitu, bulak-balik.
Atawa ku cara ngagorowokkeun susunan abjad, ti A tepi ka
Z, bari jeung kudu béntés ngucapkeun aksara per aksarana, sakalian bari latihan
dasar artikulasi. Sabada bulak-balik ngagorowokkeun abjad, bisa diseling ku
kieu: urang kawas nu nyorowokkeun abjad sataker kebek, tapi ulah tepi ka kaluar
sora. Sorana ditahan. Éta téh ngalatih otot dada, tikoro, pipi, supaya kuat
lamun urang nyorowok enyaan ....
Artikulasi
Artikulasi dina maca téh taya lian iwal ti kajéntréan
lebah ngalapalkeun aksara demi aksara, engang demi engang. Dina maca aya nu
disebut cacad artikulasi, nya éta teu jelas dina ngalapalkeun aksara atawa
engang lantaran létah si pamaca henteu nepi kana wewengkon artikulasi. Upamana,
dina ngalapalkeun aksara T apan létah téh kudu neken antara huntu jeung gugusi.
Ngalapal M biwir kudu rapet, jeung sajabana. Kalan-kalan, sok aya nu
artikulasina semu ngagulung, teu puguh kadéngéna. Mun artikulasina teu jéntré,
sajak bakal teu puguh kapirengna, nu ngabandungan tinangtos jéngkél.
Aya sawatara cara pikeun latihan artikulasi, di antarana: ngalapalkeun sababaraha balik kalawan gancang bari kudu jéntré
kalimah-kalimah nu hésé diucapkeunana, upamana; laleur mapay areuy, ban oplét opat, babu ibu abi, kuku kaki kakekku
kaku-kaku, jrrd.
Intonasi atawa
Lentong
Intonasi alias lentong téh nyaéta lagu kalimah. Intonasi
dina maca sajak ditangtukeun pisan ku ules sajakna. Intonasi karék bisa genah
karasana lamun pamaca sajak bisa nyurahan tur ngalenyepan eusi sajakna. Sok aya
pamaca nu ngaheulakeun lentong batan nyurahan jeung ngalenyepan sajak, nu
ngabalukarkeun lentongna karasa dijieun-jieun teuing. Lentong mah bakal
nuturkeun mun pamaca bener-bener geus ngajiwaan eusi.
Wirahma
Wirahma téh nyaéta kombinasi antara gancang-lambatna,
turun-naékna, panjang-pondokna, tarik halonna maca. Nya wirahma pisan nu
ngalantarankeun rasa jeung pikiran dina sajak terus ngocor teu pegat-pegat,
ngawangun imaji nu hirup tur jéntré.
Wirahma ngawujud tina tekanan-tekanan kana kecap. Aya nu
disebut tekanan dinamik; tarik jeung halonna ucapan. Tekanan nada: luhur jeung
handapna sora. Tekanan témpo; gancang jeung lambatna dina ngucapkeun kalimah.
Catetan: pamaca kudu ati-ati dina ngagunakeun témpo. Témpo kudu pas, ulah
gancang teuing bisi teu katéwak maksudna, ulah lambat teuing bisi nu
ngabandungan boseneun. Lebah ngawirahmakeun maca mah urang téh
teu bina ti komposer nu kudu rancagé dina ngadumaniskeun nu ditataan di luhur.
Randegan
Randegan atawa jéda téh nyaéta eureun sakedapan. Tangtuna
gé pamaca dina macana teu nurugtug kitu baé. Lian ti ngarandeg dina tanda-tanda
baca, pamaca ogé kudu ngarandeg sabada kalimah-kalimah penting dina sajak,
sangkan nu ngadéngékeun (nu lalajo) bisa ngalenyepan éta kalimah penting téa.
Randegan kieu téh digunakeun saperluna baé. Upama pamaca mindeng teuing
rundag-randeg, bisa ngabalukarkeun témpo maca jadi lambat, matak kesel ka nu
lalajo.
Pasemon jeung
Réngkak
Pasemon (mimik) tangtuna gé diluyukeun jeung rasa nu
nyangkaruk dina sajak nu dibaca. Pasemon, ruak-riukna pamulu, gular-gilerna
panon, ditangtukeun pisan ku kateleban penghayatan pamaca kana sajak nu dibaca.
Pasemon bakal karasa wajarna upama pamaca enya-enya ngalenyepan eusi.
Sedengkeun réngkak; usikna leungeun, meureup, ngacung,
gilek sirah, gejlig atawa léngkah, fungsina taya lian iwal ti pikeun leuwih
ngajéntrékeun naon nu nyangkaruk dina eusi sajak nu dibaca. Réngkak kudu jelas
motivasina, kudu puguh maksudna. Réngkak nu dapon usik, komo mun pakepuk
teuing, bisa jadi kalah matak teu puguh kana naon nu rék dijéntrékeun.
Puncer atawa
Klimaks
Puncer alias klimaks téh minangka puncakna tina maca
sajak. Numawi, sajak bacaeun kudu nu aya puncerna, sangkan nu lalajo kabedol
manah. Biasana, puncer téh sok aya ka tungtungnakeun téks. Paminton kudu bisa
muncerkeun maca. Ngamimitian maca ku sora nu laun, ku témpo nu anca, ku réngkak
nu sahinasna. Dina ‘lalampahan’ muru puncer, pamaca kudu bisa nahan diri
heulaanan. Dieutik-eutik. Beuki lila, sora beuki tarik, wirahma beuki rancag.
Terus nanjak, terus netek muru puncer. Rupaning eksprési nya ‘dijelegurkeun’ di
puncerna téa. Térus mudun deui dina anti klimaks-na.
Kangaranan téhnik téh ‘dipelajari untuk dilupakan.’ Dina
derna maca mah naon rupa nu ditataan di luhur téh geus kudu otomatis
diprakkeunana. Geus kudu jadi naluri. Kawas nu nyupiran, keur diajarna mah
tangtu diapalkeun heula, dicobaan hiji-hiji, kumaha carana metakeun setir,
kupling, persenéleng, erém, bari dina geus apal cangkemna ogé angger majuna
angkog-angkogan, atawa nabrak tukang céndol. Lila-lila tangtu bakal beuki
tapis, geus teu kudu ngapalkeun deui rupa-rupa kagunaan alat.*
0 Response to "Belajar Membaca Puisi Bahasa Sunda"
Post a Comment