Carita Tilu Bagian, Asikin Hidayat: RUNDLE MALL (1)

Bagian 1

Sanggeus ngalakonan genep jam perjalanan, pesawat Quantas turun di Bandara Sidney. Kuring jeung rombongan guru-guru Jawa Barat nu lobana 36 urang ngantay di lulurung antrian anu diwates ku pita warna biru, arula-arileu bari panjang pisan, seja dipariksa paspor, kartu arrival jeung barang-barang bawaan.
Ngantay antri téh bari tingarigeug nyényéréd koper anu rata-rata galedé. Hareupeun kuring aya ibu-ibu anu angkaribung ku barang bawaan; koper gedé, kantong gandong, kantong jingjing, jeung kantong leutik nyampay dina pigeulang leungeun katuhu. Naluri awéwé pastina, sagala dibawa geusan maturan hirup salila tilu minggu di Ustrali. Teu cara umumna lalaki, barangbawa téh dapon hampang jeung praktis.
Ningal kuring teu pati riweuh, si ibu nu raridu ku babawaan teh ménta tulung.

“Tolong, dong, bawain koper saya satu,” cenah bari nuduhkeun kana koper gedé nu numpra kitu baé dina lanté. Nilik tina lentongna, ieu awéwé téh lain urang priangan.

“Seueur cacandakanana geuning, Bu?” ceuk kuring bari enggah-enggéh naékkeun koper manéhna kana luhureun dorongan. Koper kuring anu ukuranana leuwih leutik ditumpangkeun luhureunana. Tuluy disurung. Si ibu nuturkeun tukangeun kuring.

“Terima kasih dibantu,” cenah.
Ningal kuring mantuan nyurung koper si ibu, satpam bandara anu kulitna bulé imut, tuluy ngacungkeun jempol, bari pokna : “Good boy!” cenah.

“Thank you!” ceuk kuring.
Rada jauh leumpang muru rohang hareup bandara téh. Lamun teu dibarengan ku Ibu Lisa ti Tiara Leisure – EO nu ngiangkeun rombongan kuring ka Ustrali – kawasna bakal loba salah arah. Ka ditu ka dieu téh dituduh-tuduhkeun ku anjeunna. Diaping sangkan sagalana lumangsung lancar.

Sajeroning leumpang, kuring ngobrol jeung si ibu nu ditulungan.
“Ibu ti mana?” tanya kuring.
“Cirebon,” cenah.
“Oh, caket atuh. Abdi ti Majaléngka,” cékéng.
“O, ya. Majaléngkanya di mana, Pak?”
“Di Munjul. Sering ka Majaléngka?”
“Lewat sih sering.”
“Oh ....”

Kawasna kalakuan kuring nulungan téh aya nu nalingakeun. Ti tukangeun aya nu dédéhéman.
“Ehem! Pa Asikin kénging gébétan enggal nya ...,” cenah. Sora awéwé. Duka saha jalmana.
Ku kuring teu dipalire. Barina kateuteuari kudu ngalayanan nu ngaheureuyan. Tonggoy baé nyurung koper nepi ka lobi.

Hawa di Sidney karasa nyecep tiis. Komo basa kaluar ti lobi, tiris nyaliara ka sakujur awak. Lantaran karasa tiris, isuk-isuk bari can mandi oge teu karasa kareunang. Malah basa dibawa nguriling ku Ibu Lisa ka basisir Bondi, Opera House, The Rock, Pearl Gate, jeung Pasar Cina téh teu asa can mandi. Ongkoh dina mandina oge kawasna moal kuat ku tiisna.

Kalakuan nu kakara nincak tempat anyar, kawas nu dikariakeun. Tingjalepret kamera, dipotret di ditu di dieu. Teu rék kitu kumaha, Opera House anu salila ieu ukur ngelemeng dina impian, ukur katingal dina film, ukur kajeueung dina gambar, ayeuna kasorang jeung katincak palataranana. Hiji tempat anu kacida endahna. Ditata kalawan apik. Mungguh matak giung panineungan.
Naluri ringkang-ringkang guru téh sapada harita mah ditinggalkeun. Tingjérété tingalacreug, kawas budak manggih cocooan anyar. Piligenti ménta dipotret, nu babarengan, nu saurang-saurang. Ceuk Eto guru Penjas ti Ciamis mah, narsis cenah. Kekecapan nu luyu ditujukeun ka sakur paningkah anu teu lumrah jeung loba gaya. Tingcakakak tingharuit, papada hayang ninggalkeun panineungan hade, mawa balik sakur kesan jugala. Meungpeung di lembur batur meureun. Teu ngabibisani.

Di antara babaturan saabrulan anu keur saruka bungah téh katangar aya saurang awéwé anu paningkahna rada mahiwal. Cocorowokan bebas pisan, ménta dipotret ka ditu ka dieu. Horeng ieu awéwé téh anu ditulungan dipangmawakeun koperna téa tadi bandara. Can wawuh saha-sahana. Untungna kateunyaho téh gancang katulungan ku salah saurang lalaki anu nyalukan manéhna.
“Bu Aris, sini, difoto bareng saya,” cenah.
Awéwé anu disebut Bu Aris téh giak nyampeurkeun bari acreug-acreugan. Duka sipatna kitu, duka niru-niru kalakuan budak.
“Asiiik, difoto bareng Pa Jumhur!” cenah, bari sorana dikawas-sora-budakkeun.
Ningali Bu Aris kitu peta, karasa asa seueul. ‘Lebay’, ceuk kuring bari terus malingeus. Kateuteuari nalingakeun nu teu uni kawas manéhna. Kalah ka matak hayang olab, rarasaan.

Kukurilingan di Sidney teu lila, kira jam 13.00 waktu satempat kuring jeung rombongan kudu transit di bandara regional Sidney, naek deui pesawat ka Adelaide Ustrali Kidul. Di Bandara Adelaide, masing-masing dipapagkeun ku host nu boga homestay. Wawanohan sakeudeung jeung host saterusna arindit ka panganjrekan anu beda-beda tempatna. Kuring bareng jeung Eto sahomestay, di Beach Street, wewengkon Grange Rd. Kabeneran sahomestay téh duaan-duaan. Nu teu pareng mah ketang malulu sahomestay téh sosoranganan, cara Ibu Wuryan , Pa Zaenal, Pa Tata, Pa Jumhur, jeung Ibu Tin. Duka naon dasarna pangna nu limaan ieu diperenahkeun sosoranganan. Basa Inggrisna meureun nu limaan ieu mah palinter.

Memeh mariang ka tempat homestay, ti lebah nu rada anggang kareret Aris kawas nu bungah pisan panggih jeung host-na. Silih tanyakeun béja jeung kaayaan diri maké basa Indonesia. Euh, kawasna si Aris mah, bareng jeung Ibu Mira urang Bogor, meunang host téh bangsa Indonesia nu geus lila cicing di Adelaide. Panggih jeung host téh maranehna mah kawas nu geus lila wawuh. Aris ajrag-ajragan kawas budak, ngarangkulan host-na teu eureun-eureun. Bungah meureun, nu dipikahariwang rék babasainggrisan unggal poe téh moal kaalaman.

“Pa Asikin, meuni anteng...,” Eto ngagebah.
Kuring ngabelehem. Asa katohyan keur nalingakeun batur.
“Ibu Mira itu téh, urang Bogor,” ceuk Eto.
“Euh, kitu?” kuring gancang ngarespon. Teu engeuheun yén nu jadi perhatian kuring mah Aris, anu paningkahna ti awit di Sidney kénéh geus katémbong kawas bubudakeun, lain Ibu Mira nu katingalna leuwih kalem.
“Let’s go,” ceuk Troy Gunter, host kuring, ngajak miang.
“Oh, thank you,” ceuk kuring jeung Eto rada rampang-reumpeung.

Gancang nuturkeun Troy nu leumpang gancang bari mangnyurungkeun dorongan koper nu kuring jeung Eto. Reugreug boga host téh, nya jangkung nya badag. Numutkeun katerangan awal, Troy téh umurna 40 taun, pulisi, single parent alias duda, boga anak awéwé kelas 5 SD. Karesepna fitness, jalan-jalan di basisir, nabung, jeung tennis. Ah, muga-muga wé, kuring jeung Eto diajak jalan-jalan ka laut lamun pareng aya kasempetan.

Mobil troy ngadius nembus kota Adelaide. Harita karék jam 18.30 waktu Adelaide, nanging asa geus peuting pisan. Talimarga simpe. Di sapanjang Grange Road ukur sakali-kalieun mobil ngulampreng atawa papaliwat. Cepet ngidul, asup ka wewengkon suburb anu diwengku ku sababaraha blok anu katangen rapih jeung beunang ngatur kalayan maké rencana tata kota anu hade.
Bari luak-lieuk nalingakeun kaayaan di sakuriling bungking, pikiran uleng nyawang. Enya, ti semet peuting ieu kuring bakal jadi urang Adelaide. Salila tilu minggu bakal hirup kumbuh jeung urang dinya, miwanoh kahirupan sosial budaya urang Ustrali, nyaluyukeun diri jeung kabiasaan hirup, kadaharan, jeung tangtuna basa Inggris. Pangalaman anyar anu bakal jadi sawangan anu biheung iraha kasorang deui. Mangkaning bari jeung gratis. Mungguh kasempetan anu langka kacida.




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Carita Tilu Bagian, Asikin Hidayat: RUNDLE MALL (1)"

Post a Comment