Carita Tilu Bagian Asikin Hidayat: RUNDLE MALL (2)

Bagian 2

Adelaide bulan Mei jeung Juni keur kacida tirisna. Teu aya salju, nanging lamun sakalieun ka luar ti imah teu maké baju kandel atawa rangkepan, matak kabulusan. Tirisna alahbatan di Lembang, Bandung. Leuwih nyecep. Nincak tehel keramik di jero imah gé teu kuat dampal dilagar, kudu disendal atawa disapatu. Paingan, Troy, di jero imah sok mamake sapatu, dalah keur masak oge teu leupas ti sapatu. Hartina, tong boro kuring anu jol ti nagri tropis, dalah urang dinyana gé teu kuateun nahan tiis. Padahal dina lalangit, di unggal rohang, dipasang heater, geusan ngahaneutan rohangan. Lumayan, kana awak mah haneut meueusan, nanging teu bisa ngahaneutan ubin.
Awahing ku tiris, Eto jeung kuring, tara leupas ti jaket atawa sweater. Lamun kaluar, kupluk téh tara tinggaleun. Enya, unggal isuk ka luar ti imah Troy muru ngalakonan kagiatan di sababaraha tempat anu beda-beda. Kacipta, 36 urang Indonesia tingkurumuy kaluar ti homestay masing-masing bari kabulusan. Ti sababaraha tempat anu pajauh muru ka hiji tempat anu geus disebutkeun dina schedule. Lamun teu asak tatanya ka host, kawasna bakal aya baé anu sasab da teu apal kudu ka mana leos. Leuheung anu duaan, boga batur diskusi jeung batur pakukumaha. Heg anu nyorangan kawas Pa Tata – pamilon asal ti Garut anu pangsepuhna – kacida teuing cuang-cieungna.
Selang-selang tina kagiatan, ngadon karumpul di lobi atawa di tempat istirahat. Nu dicaritakeun téh pangalaman nyorang dahareun anu salila hirup di Indonesia can kasorang, antarana baé sarapan roti maké daging cincang diamparan daun sosin, beuleum roti, coco-crunch dibanjur cisusu tiis cabrek, pasak emi ala Ustrali anu emi-na sagede-gedé cacing cau... Kabéh pada nyebut teu mirasa. Lamun téa teu ngahargaan nu boga imah, moal gé didahar.
Nu genah jeung matak sugema mah anu host-na bangsa Indonesia, ka tempat kagiatan téh mekel sangu jeung deungeunna anu ‘indonesia’ pisan. Kawas Evih jeung Rina, nu duaan ieu mah tara towong ti mawa sangu. Kalan-kalan mawa sangu goréng jeung Emi ala Indonesia. Masak sorangan cenah maranehna mah, nu matak lamun sakalieun – aeh, sering malah – ménta sangu ka Evih jeung ka Rina kana letah cocog kabina-bina.
Kitu jeung kitu baé sapopoe téh, ka luar ti homestay, ngabandungan ceramah, karumpul, silihtukeuran dahareun, silihtukeuran pangalaman. Mu matak seeleun mah lamun geus nyaritakeun pangalaman sasab di jero kota. Nu salah kandaraan, nu salah arah, nu teu bisa nyarita basa Inggris, nu nganyanyahoanan. Kawasna di antara nu 36 téh kuring jeung Eto nu leuwih sering sasab, babakuna kuring sok hayang nyoba nu anyar nu teu kasorang batur. Heg téh ninggang di salah jeung salah wé. Eto mah nepi ka nuding yén kuring ngagem aliran sasab!
Rupa-rupa pangalaman, jeungna masing-masing ngabogaan pangalaman. Pa Zaenal nu sasab peuting-peuting sarta ditulungan ku pulisi, kuring jeung Eto nu teu nyaho jalan balik, Pa Rudi nu salah paham jeung supir busway, Evih nu homestayna tara aya di imah ari peuting sarta boga budak anu unggal poe tara panggih jeung indung, Mira jeung Aris anu host-na rarangdaan sarta keur ihtiar nyiar pijodoeun, Argin anu host-na kawas indung-bapa ka anak. Pangalaman nu éndah, nu pait, nu pikalucueun, bakal awor jadi akumulasi pangalaman lahir batin bawaeun balik, caritakeuneun lamun geus aya lembur.
Awahing ku sering papanggih jeung sering ngariung, jeung batur sarombongan anu jolna ti sakuliah Jawa Barat téh bet kawas nu geus lila panggih. Antukna heureuy jeung silih ledek téh jadi hal anu biasa. Pangpangna kuring anu dibekelan sipat beuki heureuy, lamun di jero kelas atawa di mana wae ngariung lamun teu heureuy téh asa palal biwir. Aya-aya baé hal anu bisa dipaké bahan heureuy, nepi ka hiji mangsa wani ngaheureuyan dosen sagala. Batur mah geus kumecrek baé ngabandungan lampah kuring téh. Heuheu, da kumaha atuh, watekna téh hayang baé heureuy. Maehan rasa kaluman ongkoh, tibatan inget baé ka nu di lembur, atuh heureuy-heureuy...!
Sabenerna nu beuki heureuy téh lain baé kuring, tapi di antara pamilon awéwé oge aya anu beuki heureuy, nya éta Aris. Enya éta, ibu guru anu kungsi ditulungan mawa koper ku kuring. Ngan si éta mah heureuyna téh ceuk anggapan kuring mah asa kateuingan. Lebay ceuk budak ayeuna mah. Celetak-celetuk anu teu larap dina tempatna, matak réhé nu ngadéngé. Kuring mah sok teu pati malire lamun Aris keur ngacaprak. Komo lamun geus nembongkeun kalakuan niru-niru budak leutik. Leuh matak sareukseuk, jauh ti pilucueun.
Sabenerna teu jadi masalah Aris beuki heureuy, atawa heureuyna kumaha baé oge. Nanging aya hiji hal anu matak kuring jadi ngarasa cua ka manéhna, nyaeta basa kapireng celetak-celetuk Evih nu matak teu genah karasana.
“Itu pasangan Pa Asikin keur ngaco,” cenah.
Na atuh, ieu hate mana bulit kabina-bina. Disebut ‘pasangan’ téh kalah nyel teu genah. Teu tarima. Eukeur mah ngupat baé na jero hate, yén kalakuan éta awéwé téh kateuingan, kari-kari aya nu nyebut ‘pasangan’, mentegeg téh hate kabina-bina.
Kuring ukur seuri leutik. Najan na hate teu panuju kabina-bina disebut pasangan Aris, teu ditembongkeun ieuh. Ngan orokaya, saterusna nu timbul na hate téh kaceuceub nu lain dikieuna. Bet geuleuh téh ningali Aris. Komo lamun keur ngaco jeung nembongkeun paripolah niru-niru budak. Lamun sakalieun Aris nyampeurkeun ngadeukeutan gé sok ngoloyong ngajauhan. Teuing ku embung akrab jeung nu saurang ieu. Babakuna sesebutan ‘pasangan’ bisi barobah jadi gosip. Kacida teuing risina lamun saterusna babaturan ngajangjaruhkeun. Aya saleuheung lamun ngajangjaruhkeun téh ka waruga nu kuring resep, ieu mah ka...
Ka Eto kuring balaka yén ka Aris kuring teu resep. Pangpangna ningali tingkah lakuna anu teu yuni. Eto oge ngaenyakeun, yén teu pantes cenah ibu guru boga paningkah kitu rupa. Hayang diseungseurikeun jeung hayang meunang perhatian leuwih ti sasaha, kaasup ti dosen.
“Geura, lamun ngariung téh panglobana paningkah,” ceuk kuring.
“Heueuh, teu pararantes teuing. Sayah gé cua nempona,” ceuk Eto.
Asa reugreug aya nu milu cua. Hartina kacua atawa kaceuceub kuring téh didasaran ku alesan anu kuat, sabab kacindekan pamadegan kuring ka Aris henteu sosoranganan. Yén Aris loba paningkah, lain ukur ceuk kuring. Malah pertelaan yén Aris heureuyna teu matut téh diebrehkeun oge ku batur-batur anu sejenna.
“Kateuingan,” ceuk Rina dina hiji kasempetan, milu ngomentaran paningkah Aris. “Bu Rini mah nepi ka nyarios, kumaha cenah lamun kikituanan payuneun murid-muridna. Teu lucu nya? Kumaha cara ngajarna?” cenah.
Beuki dieu kalakuan Aris beuki teu pikayunieun. Basa di Wild Life – cagar alam, tempat miara kanguru jeung rupa-rupa sato langka sejenna – tingkah Aris beuki tembong kaleuleuwihi. Ajrag-ajragan nurutan sato, bari ngak-ngik-nguk niru-niru sora koala.
Kalakuan Aris beuki dieu beuki atra kaleuleuwihi. Lamun aya batur keur dipotret, telenjeng manéhna lumpat nyampeurkeun bari nyarita : “Pengeeeeen...,” cenah. Mun pareng keur muru ka hiji tempat tumpak beus, mikropon supir teu weleh dicecekel, ngaco noroweco, ngadongeng atawa tatarucingan, anu kadengena ku kuring mah matak réhé kabina-bina. Jeung sababaraha paningkah lianna anu beuki nguatan beuki ngedeplikna kangewa kuring ku manéhna. Nepi ka tepung oge mun bisa mah ulah. Nu matak, basa di Victor Harbour manéhna ménta dipangmotretkeun téh kuring mah pura-pura teu ngadéngé. Babakuna mah era ku batur,  bisi disangka enya jadi ‘pasanganana’!
“Naha euy meuni anteng ngalamun téh?” tanya Eto di jero kamer. Harita téh kagiatan pere, tapi kuring jeung Eto leuwih milih caricing di jero kamer batan lunta kaluar ti imah. Babakuna teu kuat nahan tiris.
“Inget ka balik sugan?” tanya Eto deui.
“Lain inget ka balik, Eto. Tapi, ieu geura...,” kuring nembongkeun lambaran daftar kelompok school placement, tugas survey praktek atikan di sakola-sakola di Adelaide. Kuring meunang tugas téh di Le Fevre High School di wewengkon Smaphore, deukeut ka Port Adelaide. Dina daftar kabaca nu sakelompok jeung kuring téh Eto, Evih, Rina, Mira jeung...Aris!
“Kawas nu beunang ngajodokeun nya?” ceuk Eto bari seuri.
Kuring kapaksa milu seuri. Seuri maur.
“Naha nya bet disakelompokkeun jeung nu teu dipikaresep?” ceuk kuring.
“Nyeta, apan ari jodo mah moal ka mana boa. Hahaha...!”
Enya, teu ku hanteu, jadi kudu panggih unggal poe jeung Aris. Puguh baé beuki jentre. Di sakola semu hayang baé katangar pangdariana. Sagala hayang diteang, sagala dipenta, sagala ditanyakeun. Semangat nu kaleuleuwihi. Nu pangpikasebeleunana, hayang dipotret jeung sasaha. Geus kantenan dipotret jeung guru-guru bule, dalah jeung murid oge maké ménta dipotret bareng. Lebay kabina-bina. Lamun téa di Le Fevre teu aya guru nu geulis saperti Kylie jeung Sarah Craddock, saminggu di sakola téh kaluman boa.
Sabot ngalamun, hape BB nu Eto disada. Kawasna aya be-be-em asup.
“Evih jeung Rina ngajak ka kota, Kin. Arek?” tanya Eto.
 “Hoream euy, aya si Aris...,” témbal kuring.
“Jadi urang rék di dieu baé di jero kamer nyah? Ngadagoan burit bari jeung angger awak mah katirisan? Mending sakalian tiris di luar, hade deui,” ceuk Eto, sari-sari nu ngadesek sangkan kuring ngarobah sikep jadi daek.
Memeh nyieun kaputusan, kuring ngahuleng heula. Memang kesel sapopoe di jero kamer. Tapi pikeun ka luar ti imah, horeamna kabina-bina. Lian ti tiris, katambah ku kudu panggih jeung Aris. Dua hal anu sarua ngabeuratkeunana.
Sakapeung kuring sorangan teu ngarti, naha bet dibekelan sipat goréng patut : babari ceuceub ka batur. Sipat nu napel ti bubudak. Lamun hate geus dieunteupan rasa eta, hese rék leahna. Butuh proses anu lila pikeun leah jeung ragrag hampura. Leah bakal datang lamun hate geus yakin pisan yén alesan miceuceub téh teu didasaran ku alesan anu kuat. Hampura bakal ragrag lamun sagalana geus lubar bareng jeung bukti nu kawenehan. Nanging eta dua hal téh henteu babari datangna. Sakumaha ayeuna anu keur karandapan, ngewa ka Aris. Lain euweuh usaha pikeun nganetralisir eusi hate. Dalah dikumaha, bujeng-bujeng leah, nu aya kangewa kalah beuki ngandelan. Ngedeplik bareng jeung beuki atrana paningkah teu uni nu ditembongkeun ku Aris unggal panggih.
“Kumaha?” ceuk Eto.
“Hayu atuh,” cekeng. Dina hate diniatan, moal nembongkeun geuleuh atawa ceuceub ka Aris sanajan kudu jonghok. Leuh, bakal jadi runtuyan waktu nu kacida beuratna jalan-jalan jeung jalma nu teu dipikaresep.
Jam 09.00 waktu Adelaide kuring jeung Eto kaluar ti imah. Troy, nu boga imah geus miang ti isuk kénéh. Ngantor meureun.
Nu dijugjug téh Rundle Mall di puseur kota. Cenah, Evih jeung Rina geus narungguan. Dina hate ngadudu’a, muga baé Aris teu milu.
Aya dua jenis kandaraan anu bisa dipilih pikeun bisa ngajugjug puseur kota, nya éta busway atawa train. Ti imah Troy ka halteu busway atawa ka stasion train di Grange sarua jauhna. Poe éta Eto ngajak naek train. Ti imah Troy kuring jeung Eto leumpang mapay Beach Street, tuluy mengkol ka Surrey St. Ti dinya mengkol ngenca ka Jetty St. Nepi ka Swan St. Stasion train Grange perenahna paeunteung-eunteung jeung Charles Sturt Ave jeung Baker St. Sering jeung Eto paheula-heula nepi ka stasion jeung train nu kapireng hatong jeung gujesna ti kajauhan. Telat sakeudeung baé bisa katinggaleun. Nu matak meh unggal isuk kuring jeung Eto lulumpatan. Najan kitu, kesang mah weleh teu kaluar. Hawa tiis leuwih ngadominasi suhu awak.
“Rék eureun heula di Woodville teu, nyampeur Evih jeung Rina?” tanya kuring.
“Langsung baé ka stasion kota. Evih rék nyusul cenah maké kareta nu ti Port Adelaide.”
Turun tina kareta, leumpang pagancang-gancang jeung masarakat Ustrali nu rata-rata jarangkung jeung lengkahna paranjang. Sanajan digancang-gancang, lengkah téh angger baé tinggaleun. Kaluar ti stasion, cle kana trem. Pagegeye nangtung, muntang kana pipah pamuntangan nu ngabentang manjang ti hareup ka tukang. Pas hareupeun Rundle Mall, di William King St., kuring jeung Eto tarurun. Laju milu aub jeung batur nu rék meuntas jalan. Sanggeus sora tanda meunang meuntas disada sarta mobil nu lalar liwat areureun, saréréa mareuntas.
Rundle Mall, lamun ditilik tina patempatanana, teu bina ti Cihampelas Walk (Ciwalk). Malah leuwih rame Ciwalk. Ngan bedana, di dieu leuwih rapih, beresih jeung leuwih marahal. Enya, mahal ceuk ukuran kuring, malah ceuk ukuran urang Indonesia umumna. Barang-barang anu dijual paling murah dua dollar, lamun dibandingkeun jeung harga Indonesia meureun kira-kira 20 rebu rupia. Malah cai inumeun, saperti aqua, pangmurahna téh dua dollar. Harga jam tangan aya nu nepi ka 500 dollar, sarua jeung 5 juta rupia.
Nyeueung harga marahal jeung ngararasakeun tiris nataku, kalah ka matak jangar kana sirah. Bujeng-bujeng hayang balanja, kalah lebar nu aya. Dina hate kalah timbul paniatan, balanja téh engke baé di Jakarta atawa di Bandung. Leuwih murah, jeung tangtu duit bekel dollar téh bakal aya sesana.
“Evih teu bisa ka dieu cenah,” ceuk Eto bari tungkul maca be-be-em.
“Naha cenah?” kuring pura-pura kaget, padahal jauh dina jero hate nu pangjerona, kuring bungah, sabab moal panggih jeung Aris. Alhamdulillah...
“Hostna ngajak jalan-jalan,” tembal Eto. “Tapi pageto, sanggeus acara farewell party, Evih ngajak ka imah Dijah, rék dipangmasakkeun pasakan Indonesia. Rina pinter masak.”
“Saha Dijah téh?”
“Éta, host Mira jeung Aris.”
“Aduh...? Jadi kudu panggih jeung Aris nyah?”
“Alaaaaah...! Geus tong mikiran kacua heula. Nu penting mah urang ngasaan pasakan Indonesia!” ceuk Eto bari ngaleos, sup ka jero hiji supermarket.
“Rék naon ka dieu? Balanja?” kuring panasaran.
“Lain euy. Ieu hayang kahampangan, néangan toilet,” cenah bari ngagancangan lengkahna.
“Ah, sayah gé da arek,” cekeng bari nuturkeun. Hawa tiis ngabalukarkeun hayang wae kahampangan.
Sanggeus manggih toilet mah rarasaan téh rada ngemplong. Tapi ngemplongna rasa teu lumangsung lila, sabab pikiran kalah narawang ka poe isukan. Nyawang pipetaeun isukan lamun seug jadi indit ka imah Dijah sarta panggih jeung Aris, waruga anu dipicua kabina-bina. Puguh kuring téh embung panggih. Naha bet aya-aya baé jajalan pipanggiheun téh? Kumaha sikep kuring isukan, sedengkeun geus pasti pangajak Evih ka imah Dijah moal bisa ditolak. Deuk teu milu, piraku. Ari milu.... Ah, ketang kumaha isukan wé...!

Bagian 3

Kaluar ti imah Troy téh kira tabuh dalapan. Poe ieu mah teu bebekelan nanaon da tujuanana gé rék ka imah Dijah, rék ngadon curak-curak memeh isukan balik ka Indonesia. Perkara rék tepung jeung Aris saheulaanan disikangkeun. Muga-muga baé di hareupeun Aris kuring bisa munikeun semu, ulah nembongkeun kacua, bisi ngaruksak suasana bungah. Piraku baé curak-curak dahar balakecrakan dibarengan ku budi nu haseum jeung suasana hate nu teu merenah. Kondisi kondusif kudu dijaga.
Tumpak kareta ti stasion Grange, turun di Woodville.
“Urang ka imah Evih heula,” ceuk Eto. Maksudna ka homestay Evih jeung Rina. Imahna teu jauh ti halteu train Woodville. Leumpang sakeudeung, ngaliwatan tempat parkir umum, anjog di bagian tukang imah nu dituju.
Horeng geus ditarungguan.
“Antosan sakedap. Rék dijajapkeun ku Tanty,” ceuk Rina. Tanty téh host Evih jeung Rina. Sarua jeung Dijah, Tanty oge bangsa Indonesia anu geus lila dumuk di Adelaide. Sarua jeung Dijah deuih, kungsi kawin ka bule Ustrali, ngan duanana divorce atawa pepegatan alatan hal anu prinsipil. Duanana ayeuna jadi single parent. Ongkoh di Ustrali mah, hirup nyorangan bari ngurus budak ku sorangan téh hal anu lumbrah, boh awéwé boh lalaki.
“Kalem wé,” cekeng bari ngagoledagkeun maneh dina korsi sofa hareupeun televisi layar badag.
“Leumpang wé atuh yu,” ceuk Eto.
“Jauh, Eto,’ témbal Evih. “Imahna di Woodville Kidul. Ngaliwatan kira-kira lima blok ti dieu.”
Nu kasebut lima blok téh lain jarak nu deukeut. Kungsi nganyanyahoanan jeung Eto, basa balik ti Smaphore tumpak train. Harita téh Evih ngajak turun di Woodville, tapi kuring keukeuh turun téh memeh Woodville. Padahal harita Evih nyarita yén ti Woodville train bisa langsung ka Grange. Ceuk kuring, rék tumpak busway baé. Sugan téh deukeut ka halteu busway téh, horeng jauh kabina-bina. Ari lebah timu halteu, busway téh henteu langsung ka Grange, kalah kukurilingan ka kota. Ah, dasar...
Jol Tanty mamake kénéh piyama. Karék hudang sare kawasna. Ceuk Evih, Tanty téh digawe peuting, teuing digawe nanahaon. Pantes lamun wayah kieu karék hudang.
“Wah, sudah pada datang?” cenah.
“Oh, iyah,” témbal kuring bari rada rungah-ringeuh. Solongkrong ngajak sasalaman.
“Asikin,” cekeng ngenalkeun diri.
“Eto,” ceuk Eto bari nyodorkeun leungeun.
“Katanya mau ke rumah Dijah? Oke, kita antar yah,” cenah.
“Terima kasih,” ceuk Eto.
“Tapi enggak ngerepotin Tanty, kan?” Rina basa-basi.
“Enggak,” cenah. “Wait a moment. Aku ganti baju dulu yah.”
Teu pati lila limaan geus anjeucleu dina mobil Tanty. Meuni pagegeye, da mobilna leutik. Rina diuk di hareup gigireun Tanty nu nyekel setir. Kuring, Eto, jeung Evih pasesedek di tukang. Untungna Evih pangawakanana leutik, tibang nyelap baé di tengah.
Anjog di imah Dijah téh Tanty mah hentu milu turun. Ukur nganteurkeun, terusna mah manéhna biur deui, teuing ka mana.
Nu muka panto téh Mira.
“Lebet,” cenah.
“Thank you,” ceuk kuring niru-niru urang Adelaide anu geus biasa pisan ngucapkeun éta kecap dina unggal kasempetan, pangpangna lamun maranehna turun tina busway, ka supir téh teu petot ti ‘thank you’.
Memeh asup hate mah sabil. Pikiran dibakutet hoream kabina-bina panggih jeung Aris. Keukeuh teu merean, sanajan dicoba dileleah. Nanging pikeun nolak milu asup persentasena leutik pisan, sabab pikeun balik deui kuring pasti sasab. Wewengkon Woodville Kidul ieu karék ayeuna kasorang. Kudu ka mana nya leos lamun kuring maksa balik sosoranganan. Antukna kuring milu asup. Keun baé katalangsara rasa, batan sangsara néangan jalan.
“Ngopi?” ceuk Mira sanggeus nepi ka rohang kulawarga anu perenahna ngahiji jeung dapur. Antara rohang kulawarga jeung dapur ukur dipisahkeun ku meja nu mangrupa meja resepsionos nu biasa kapanggih di hotel.
“That’s okey. Coffee will hit cold,” cekeng.
Ti rohang tengah ngurunyung Aris. Kuring pura-pura teu malire. Panon anteng nuju kana layar televisi nu keur nayangkeun film koboy.
“Selamat pagi,” cenah. “Kirain belum pada datang.”
“Geus ti tadi, Bu Arisnyah ajah enggak keluar-keluar,” témbal Rina.
Teu lila Dijah oge ngurunyung.
“Wah, ditemani lelaki-lelaki ganteng ya,” cenah bari ngareret ka kuring jeung ka Eto.
Kuring jeung Eto cengkat. Solongkrong sasalaman bari nyebut ngaran masing-masing.
“Pak Eto itu guru olah raga lo Dijah, kalo Pak Asikin guru kesenian,” ujug-ujug baé Aris nyelengkeung. Padahal kuring jeung Eto teu ménta manéhna nepangkeun. Aya rasa nyel seueul dina hate. ‘Sok tahu’, cekeng na jero hate.
“O, ya. Silakan.”
“Hatur nuhun,” témbal Eto.
Ari sugan diondang balakecarakan téh kari am. Ieu mah kudu ngadadak masak. Rina kaprak-keprek. Puguh baé kesel mucunghul, dibarengan ku teu betah sarohangan jeung Aris. Nanging, sajeroning kitu, bet kawas aya nu robah dina sikep Aris. Di dieu, di imah Dijah, Aris teu loba tingkah kawas keur di luar. Malah leuwih loba cicing. Teuing era ku Dijah, teuing kumaha. Ketang sanajan kitu, sikep Aris nu katangen leuwih kalem téh teu matak ngahalangan rasa ceuceub. Geus kandel teuing boa, nepi ka teu luntur najan Aris geus nembongkeun robah sikep.
Ceuceub, keuheul, kesel, ngewa, jeung geuleuh pagaliwota dina dada. Ieu rasa masih kénéh nyangkaruk, ngedeplik dina jero bayah kuring nepi ka waktuna balik ka Indonesia. Sababna teu pira, alatan teu resep ningali paningkahna nu teu uni. Napel lengket dina hate nepi ka mangsana rombongan jrat-jrut turun tina beus (nu nganteurkeun rombongan ti Bandara Soetta Jakarta ka Bandung) hareupeun Kantor Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat di jalan dr. Rajiman Bandung. Harita téh tabuh 12 peuting, keur sesedengna Rajiman simpe.
Sajutna tina beus téh teu lalila, bur-ber baralik ka tempatna sewang-sewangan, sabab meh kabéh dipapagkeun ku kulawargana. Tinggal kuring ngajejentul sorangan. Bingung ku ka mana nya leos, sabab wayah kitu mah angkot oge boro-boro ngulampreng.
“Pa Asikin enggak dijemput tah?” ujug-ujug aya nu nanya ti tukangeun.
Dilieuk téh horeng Aris.
Astagfirullah! Naha bet tepung deui jeung nu dipikangewa? Rék naon manéhna nyampeurkeun?
Bari rada rampang-reumpeung kuring nembalan.
“Enggak ada.”
“Emang mau naik apa pulangnya?” Kituna téh bari terus nangtung gigireun kuring.
Beu, mangkaning ukur duaan. Tengah peuting deuih. Mun seug aya Evih jeung Rina, moal teu matak jadi bahan gogonjakan. Untung baé sobat nu duaan ieu geus marulang tiheula.
“Rencananya sih naik angkot ke Leuwipanjang,” cekeng.
“Bareng saya aja, sebentar nunggu suami saya ngambil mobil di parkiran,” cenah.
Subhanallah, dodoja naon nu keur dirandapan ku kuring? Anu salila tilu minggu di Adelaide ku kuring dipikaceuceub, malah nawaran balik bareng.
Basa aya Avanza beureum nyampeurkeun sarta reg eureun, Aris gura-giru naekkeun kantongna kana mobil.
“Ayo Pa Asikin, naik. Duduk di depan sama suami saya. Biar saya di belakang sama anak saya,” ceuk Aris. Tuluy nyarita ka salakina : “Pak, ini Pak Asikin. Mau ikut sampai Majaléngka.”
“O, ya. Silakan Pak,” ceuk salakina nu sibuk mantuan Aris merenahkeun kantong dina bagasi mobil.
“Terima kasih,” cekeng bari milu ngasupkeun koper.
Sajeroning perjalanan, kuring nganaha-naha diri sorangan. Naha bet maké ceuceub, maké ngewa, sedengkeun Aris sakieu bageurna. Jeungna, teu pisan-pisan Aris boga paningkah anu anéh. Hareupeun salaki jeung anakna, Aris téh hiji awéwé anu jinek dina kadewasaan. Katangen tina babasaanana boh ka salaki boh ka anakna nu milu mapagkeun sarta diuk bareng jeung manéhna di jok tengah.
Astagfiruloh aladziem... sababaraha kali kuring istigfar.
Mun téa teu dipiheulaan ku suudzon, meureun harita moal sieun jalan-jalan jeung Aris di Rundlle Mall. Horeng suudzon téh ngabalukarkeun pondok lengkah jeung nyesakeun hanjakal.
Hampura kuring, Aris...!


Majalengka, 2013

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Carita Tilu Bagian Asikin Hidayat: RUNDLE MALL (2)"

Post a Comment