Kalakuan Kuring keur Budak

(Ku : Lilis Yuningsih/Lidip/Deep Yudha)

Lamun inget kalakuan kuring keur budak, sakapeung sok hayang seuri sorangan, sakapapeun handeueul, asa loba dosa. Kuring anak cikal, sanajan awewe, ku bapa kuring sok dilatih rupa-rupa kamonesan atawa olah raga nu pantesnya keur budak lalaki. Kawas pingpong, maen bola, ngojay, ngadu kaleci, maen langlayangan. Tapi eta ge sok dihulag ku indung kuring mah, teu pantes, majar teh. Jigana bapa kuring tadina ngarepkeun anak cikalna lalaki, ari pek hol kuring, awewe. Kuring jadi rada jalingkak jaba wanian. Kuring nyebut bapa, ka bapa kuring, sarta emih, ka indung kuring.

Emih kuring teh guru SD, di sakolana ngalanggan rupa-rupa majalah. Dipikir-pikir mah, hebat eta sakola, kaitungna geus literat. Kuring wae tamat ti SD nu sarua jeung sakola emih teh taun 1976. Berarti ti taun-taun saencanna, SD kuring jeung sakola emih teh geus ngarupakeun sakola literat. Mun teu salah, sarwaning majalah jeung Koran anu sok dibaca ku guru-guru, di sakola harita, diantarana, Mangle, Hanjuang, Gondewa, Kartini, jeung Femina sarta koran Giwangkara. Salian dibaca di sakola, guru-guru teh meunang mawa majalah ka imah sewang-sewangan, carana giliran. Kusabab di imah emih mah, loba pangeusina, jadi emih menta giliran pangpandeurina.

Lamun majalah rusak teh mending wae da giliran panungtung ieuh.
Di imah kolot kuring, kawas imah indekosan, sabab aya dulur-dulur misan bapa, jeung adi-adi emih ti lembur nu ngadon sakola. Imah kolot teh minangka rada di kota, jadi sakola lanjutan saperti SGO, SMEA jeung SPG, rada deukeut ti imah. Di imah teh aya lima kamar sare, dua kamar mandi, ruang makan, ruang tengah, dapur jeung paviliun. Dulur misan nu lalaki, nempatan paviliun. Tiap kamer sare aya ranjang susun beusi, iwal ti kamer emih jeung bapa. Kitu oge kamer tamu, make dipan biasa.

Lamun majalah ti sakola keur giliran di emih, ku emih diatur. Nu maca teh kudu kolot heula. Terus, bibi nu sakola di SPG jeung di SGO dibere tugas maca ditarikkeun ngarah kuring jeung adi-adi bisa ngadengekeun. Da lamun barudak maca sewang-sewangan mah tangtu lila jeung bisi gancang ruksak majalahna. Nu dibacakeun ka kuring jeung adi-adi dijojoan. Nu sakirana cocog jang budak, saperti dongeng, pangalaman para mitra, carita wayang, jeung carita jurig oge carita si Kabayan. Lamun bibi keur macakeun dongeng atawa nu lainna, kuring jeung adi-adi ngahephep ngadengekeun. Sabab nu macakeunana teh mani hade da puguh bubuhan calon guru tea.
Tah ku bakat daria ngabandungan sagala rupa nu dibacakeun ku bibi, sakapeung kuring sok nurutan kalakuan si Kabayan, bangor. Eta ge osok digeunggeureuhkeun ku emih, tapi kuring sok heran lamun digeunggeureuhkeun teh, komo deui lamun bari dijewer. Apan kuring mah nurutan Si Kabayan, ceuk jero fikir da can ngarti tea. Hiji mangsa, bapa kuring katatamuan ku rerencangannana. Biasana tugas kuring nu nyuguhan tamu teh, lamun tamuna lalaki, biasana bapa nitah kuring nyieun kopi. Tah sabot di dapur, datang niat jail rek nurutan Si Kabayan. Kopi teh lain digulaan tapi di uyahan, ngan saeutik eta ge teu wani loba. Tapi ku kuring dicirian, nu make uyah ku kuring disodorkeun ka bapa. Gancang carita, tamu geus pamitan. Kuring digeroan ku bapa, bari ngagupayan, kuring nyampeurkeun bari deg-degan.
“Kadieu teh, tadi cikopi teh dipuji ku tamu, cenah pas pisan gulana”, kuring ngarenghap, nahan napas, “Tapi, naha ari nu bapa, bet asin, patukeur kitu, gulana? Ceuk bapa teu weleh leuleuy, teu aya roman ambek dina pameunteuna teh. Kuring langsung ngagabrug ka bapa, menta di hampura, bari teu wasa nahan ceurik. Kuring wakca yen kuring nurutan Si Kabayan.

Emih mamatahan kuring, yen Si Kabayan mah lain turutaneun kalakuannana teh. Tah ti semet harita, aya aturan anyar, dongeng Si Kabayan di sensor teu meunang dibacakeun ka kuring jeung adi-adi. Pantesan nya jaman ayeuna dina salah sahiji program Gerakan Literasi Sekolah atawa GLS, buku-buku nu disayagikeun keur barudak murid wajib dipilih jeung ditalungtik heula eusina. Buku kudu saluyu jeung umur sarta pamekaran jiwa barudak.
Cag, heula.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kalakuan Kuring keur Budak"

Post a Comment