KAMPUNG NAGA

Ku Kiki Oke Y.

Implengan urang, nitènan istilah Kampung Naga, tangtuna ngabayangkeun hiji kampung anu pinuh ku tangkal buah naga anu bareureum atawa, aya pikiran sigana pernah aya sato anu disebut oray naga.

Tangtuna lain kitu pisan. Kampung Naga tèh, ngaran hiji kampung nu ayana di Dèsa Nèglasari, Kecamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya.
Kampung ieu teh, hiji kampung anu masyarakatna masih ngagem adat istiadat budaya karuhunna, anu disebat adat Sunda.

Teu aya kajelasan iraha ngadegna kampung ieu tèh, kulantaran “Pareumeun Obor” maksudna teu aya panyaang, hartina teu apal asal usul Kampung Naga anu sabenerna. Hal ieu diakibatkeun teu aya arsip anu ngadukung ngeunaan sajarah ieu kampung, kulantaran baheula, Kampung Naga pernah diduruk “dibumi hanguskeun” ku gerombolan DI/TII tahun 1956.

Tapi sajarah lisan anu turun tumurun, ceuk kokolot lembur didinya, anu disebut “Ketua Adat atawa kuncen" ngadegna Kampung Naga aya kaitanana jeung nyebarkeun agama Islam ku Syeh Syarif Hidayatullah nu disebut Sunan Gunung Jati, jeung abdina nyaèta Singaparna.

Ceuk katerangan pupuhu adat didinya, tina hasil ilapat Dalem Singaparna dina nyebarkeun agama Islam di belah kulon, nya nganjrek di tempat ieu anu disebut ayeuna Kampung Naga.

Kampung ieu ayana di lebak, di sikluk anu jungkrang nu disebut Na Gawir, jadi katelah tepi ka ayeuna Kampung Naga, asal kecapna tina Na Gawir. Wates kampung ieu: bèh kulonna aya Leuweung Larangan (Karamat), ka kidulna sawah-sawah masyarakat, ka wètan jeung kalèrna aya walungan Ciwulan.

Lamun urang hayang tepi ka kampung anu dituju, kudu turun kana jalan satapak, ayeuna mah geus di sèngkèd ku tembok kira-kira 500 mètèr, kakara tiasa ningali kampung anu unik, beda jeung kampung-kampung sèjènna.

Bèdana Kampung Naga jeung kampung sèjèn teh, yaèta masyarakatna masih ngagem adat, budaya, tradisi karuhunna. Masyarakat didinya ngagem agama Islam, tapi tradisi, adat jeung budaya karuhunna masih dipakè, dipiara, jeung dilestarikeun tepi kaayeuna.

Bukti adat tradisina tèh, teu meunang asup pangaruh ti luar, saperti listrik, internèt, jeung sajabana. Padumukanana kabeh ngagunakeun hasil alam, saperti awi, kai, luhurna ku injuk, atawa hateup.

Bangunan didinya teu meunang makè tembokan. Sakabèh imah nyanghareup sarua , lamun teu ka belah kalèr kudu ka beulah kidul, tuluy manjangna, ka beulah kulon atawa wètan. Pipinding imah dijieuna tina bilik atawa sèsèg awi, teu meunang di cèt warna, iwal ku warna bodas tina apu. Di jero imahna teu meunang aya korsi, mèja jeung tempat pangsarèan. Itungan jumlah suhunan oge ditangtukeun teu meunang leuwih ti 103 bangunan. 100 imah warga, anu 3 bangunan umum, nyaèta Bumi Ageung, Leuit, jeung Masjid.

Tradisi anu sèjènna, dina budaya jeung kasenian, nyaèta terbangan, angklung, beluk jeung rengkong. Sajabana, aya pantangan jeung tabu anu disebut pamali. Tiap poè Salasa, Rebo, jeung Sabtu masyarakat teu meunang ngobrolkeun asal usul jeung adat istiadat Kampung Naga, sabab masyarakat hormat pisan ka Kanjeng Dalem Singaparna nu dianggap luluhur, karuhun di eta kampung.

Kitu deui upacara adat anu biasa dilakukeun ku wargana tèh, saperti Muharaman, Muludan, Rewahan, Idul Fitri jeung Rayagungan. Salian ti èta aya oge anu disebut Hajat Sasih, tradisi beberesih di makam Èyang Singaparna.

Upacara ieu dimimitian ngaberesihkeun diri ku mandi di walungan Ciwulan, tuluy makè baju adat, bari mawa sapu nyerè, leumpang ngantay naèk ka tonggoh ka makam karamat, di pimpin ku kuncen bari mawa parukuyan. Sanggeus tepi kanu di tuju, kuncen ngadoa tuluy meresihan makam bari nyeunget menyan.

Aya deui upacara anu disebut Panèn Raya. Ngala parè anu dipelak masyarakat, nyaèta parè jangkung jeung anu pendèk. Parè jangkung motongna makè ètèm (ketam), sedengkeun parè pendèk di gebot anu handapna makè batu. Hasil panèn tuluy dipoè dina tampir atawa giribig. Sanggeus garing tuluy diasupkeun ka leuit. Lamun rèk dijieun bèas, parè ditutu dina lisung make halu, ditapian di sisi balong, diisikan di pancuran, tuluy di sangu dina aseupan di hawu. Tradisi ieu masih dibiasakeun di masyarakat kampung Naga mah.

Matak betah ningalina, tiis, sepi, kabiasaan masyarakat sunda baheula masih katingali jeung kapiara, dilaksanakeun di kampung ieu.

Ayeuna mah mulangna kudu nanjak, netek 444 sengkèd, tepi ka luhur aya parkiran khusus tamu anu ka kampung. Di tempat eta loba toko-toko ayaman tina awi hasil karya warga Kampung Naga.

Hayu! Urang ka Kampung Naga, potrèt masyarakat sunda buhun nu masih aya kènèh zaman kiwari.

Cag, ah!
Urang lajengkeun dongèng sareng tempat anu sanès, nu aya di Tasikmalaya.
Sampurasun ... !

Tasikmalaya. 13.04.20

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KAMPUNG NAGA"

Post a Comment