SERI CARITA RAMAYANA ( 2): RESI WISWAMITRA


(Tarjamah bebas tina Kitab Ramayana, C. Rajagopalachari)

Ku Asikin Hidayat

Bagian 2:
RESI WISWAMITRA

Bareng jeung nyérélékna waktu, palaputra Dasarata lahir. Déwi Kausalya ngababarkeun Rama. Kaikéyi ngalahirkeun Bharata. Kumargi Sumitra mah ngaleueut cidéwata téh dua kali, nya ti anjeunna babar putra kembar, nyaéta Lesmana jeung Satruguna.

Palaputra Dasarata anu opatan téh meunang atikan sakumaha mistina. Rama jeung Lesmana silih pikadeudeuh, silih pikanyaah. Kitu deui Bharata jeung Satruguna. Ieu téh taya lian ti barokah anu dibalukarkeun ku ci-payas anu dileueut ku ibu-ibu aranjeunna. Dasarata kacida bungahna nyeueung pala putrana mibanda pribadi anu kuat, sopan, wanter, jeung komaraan.

Hiji poé, nalika Dasarata keur ngemutan rencana jatukrami pala putrana, para dayang rurusuhan asup tur ngawartakeun ngeunaan kasumpingan Maharesi Wiswamitra. Di kalangan para resi mah Wiswamitra téh kapeto resi anu sakti mandraguna.

Kasumpingan Wiswamitra di Ayodya mungguh matak reuwas. Raja Dasarata lajeng lungsur ti korsi gading gilangkancana, ngabujeng ka payun, ngersakeun mapagkeun ku anjeun tatamu anu nembé sumping.

Wiswamitra téh hiji raja anu mibanda tingkat kasucian agung ngaliwatan tapa brata anu kacida beuratna. Kungsi anjeunna némbongkeun kakuatan spiritualna ku cara nyipta Batara Brahma tandingan jeung jagat tandingan. Anjeunna nyoba nyipta jagat anyar. Untungna, tarékahna dieureunkeun sabada para déwa ngarasa hariwang sarta neneda ka Wiswamitra sangkan ngeureunan niatna.

Nalika masih jeneng jadi raja, Wiswamitra kalawan kairing ku pasukanana, kungsi nemonan asrama Resi Wasista. Resi Wasista ngabagéakeun kasumpinganana kalawan daria. Tatamu téh disuguhan sagala rupa kadaharan anu ngarareuna, dugi ka sang raja ngaraos hémeng, naha di tengah leuweuh bet loba kadaharan anu sakieu lobana. Nalika ditalék, Wasista nyalukan lembu (sapi) ingon-ingonna anu ngaran Sabala, sarta saterusna dijéntrékeun yén si lembu téh satemenna puseur sagala kaperluan anu hamo aya saatna.

Bari ngahaturkeun nuhun ka sang resi, Raja Wiswamitra cumarita. “Anjeun kudu masrahkeun éta sapi ka kaula, sabab ieu sapi leuwih mangpaat lamun jadi hak milik kaula. Kama’muran sarta kasaktén sarupa kieu sakuduna jadi milik raja.”

Resi Wasista sungkan pikeun papisah jeung sapi inguanana. Paménta sang raja ditolak sarta meredih sangkan raja henteu maksa pikeun miboga Sabala. Tapi, beuki kuat Wasista nolak, malah beuki kuat age napsu Wiswamitra pikeun ngapimilik eta sapi.

Sanggeus gagal meredih sang resi pikeun masrahkeun sapi, Wiswamitra antukna leungit kasabaran. Napsu ngagugudug, sarta saterusna maréntahkeun pasukanana geusan nyokot paksa sang Sabala.

Sabala weléh teu ngarti naon sababna pangna dipaksa diséséréd. Manéhna ge ngarasa sungkan pikeun ninggalkeun Resi Wasista. Bari juuh ku cimata, Sabala tumanya naha manéhna kungsi nganyerihatékeun sang resi nepi ka ukur ngahuleng nalika manéhna dipaksa diséréd ku pasukan Wiswamitra. Kalawan gampangeun pisan Sabala leupas tina panyéréd pasukan, tuluy nyuuh dina lahunan Resi Wasista, ngarigah ménta ditulungan.

Lantaran karunya ka sapi inguanana, antukna Wasista maréntah ka Sabala. “Kaluarkeun pasukan pikeun ngalawan wadyabalad Wiswamitra!”

Teu kungsi lila, ku kasakténna, Sabala ngaluarkeun pasukan. Sarta dina waktu anu sakeudeung pisan ieu pasukan ciciptan Sabala téh ngéléhkeun pasukan Wiswamitra. Kantenan Wiswamitra kacida benduna, amarahna ngagugudug, kalacat manéhna kana luhureun karéta sarta mentangkeun gondéwa. Pasukan Sabala diserang ku panah teu eureun-eureun. Nanging pasukan ciciptan Sabala kalah beuki maceuh jeung pamohalan diéléhkeun. Antukna, pasukan Wiswamitra kasoran. Malah pala putra Wiswamitra milu gugur di pangperangan.

Wiswamitra nandang kasoran dina pangperangan téh kacida ngarasa wirangna, saterusna anjeunna masrahkeun kalungguhan raja ka salah saurang putrana. Wiswamitra ku anjeun lajeng jengkar ka Pagunungan Himalaya pikeun tatapa. Anjeunna meredih ka Déwa Syiwa sangkan dipaparin kasaktén geusan meruhkeun Resi Wasista.

Wiswamitra ngalakonan tapa brata kalawan husu, tug dugi ka Batara Syiwa luntur manah nepungan manéhna. Batara Syiwa tumaros, naon tujuanana pangna manéhna ngalakonan tapa brata anu sakitu beuratna.

Wiswamitra ngawalon, “Lamun anjeun, Umapati, panuju kana tapa brata kaula, kaula meredih sangkan anjeun maparin panah déwata jeung kasaktén pikeun ngagunakeun sakabéh pakarang.”

“Lamun kitu, paménta andika ku kaula dicumponan,” jawab Batara Syiwa. Batara Syiwa maparin sakabéh pakarang anu dipimilik ku para déwa, genderewo, resi, yaksa, jeung iblis.

Kantenan rasa percaya diri Wiswamitra ngaronjat. Can nanaon manéhna geus ngarasa ngéléhkeun Wasista. Lantaran kitu, manéhna langsung ngajugjug patapan Resi Wasista. Ningali ringkang Wiswamitra nu matak pisebéreun, murid-murid jeung sasatoan nu aya di patapan nyararingkah, lalumpat sakalumpat-lampet.

Asrama patapan wasista sakeudeung ogé geus jadi lebu keuna ku panah Wiswamitra. Wasista bener-bener ngarasa hanjelu kana naon anu geus kajadian, tapi anjeunna miboga tekad anu buleud pikeun ngeureunan kaangkuhan raja nu samemena ieu. Kalawan tenang, Wasista nyanghareupan Wiswamitra. Leungeun Wasista nyekel pageuh pakarang mangrupa iteuk sakti anu katelah Brahmandanda. Dibarengan ku amarah nu ngagidir, Wiswamitra mentangkeun sakabéh pakarang déwata anu dipimilik ku manéhna. Ajaib! Sakabéh pakarang kakuatanana teu mangga pulia pikeun naklukkeun Resi Wasista.

Kari sapakarang deui anu nyesa dina leungeun  Wiswamitra. Éta pakarang téh anu ceuk anggapanana pangsaktina, nyaeta Brahmastra. Nalika Wiswamitra narajang Wasista maké pakarang pamungkasna, ujug-ujug baé alam jadi poék meredong, lir samagaha anu ngabalukarkeun para déwata ngarasa ketir jeung kasieunan anu kacida. Tapi, pakarang astra anu keur nyérépét muru awak Wasista, sakumaha pakarang séjénna, nyerep asup kana iteuk sakti Brahmandanda. Alam anu tadina poék meredong, ngadadak caang padang kahibaran cahaya anu datangna tina iteuk Resi Wasista. Brahmandanda, iteus sakti Wasista lir ngalegleg petengna peuting, barobah jadi caang pada mabra sajagat raya.

Nyeueung kitu, Wiswamitra hareugeueun, teu percaya kana titingalianana. Nalika manéhna rumasa kasoran, pok manéhna ngomong ka dirina sorangan, “Naon gunana kasaktén hiji sinatria? Geura, ukur ku saleunjeur iteuk sakabéh pakarang kaula teu manga pulia. Lamun kitu, Batara Syiwa geus nipu kaula meleg-meleg. Ayeuna, kaula teu boga pamilih iwal ti kudu jadi brahmaresi jiga si Wasista.” Sanggeus nyarita kitu, manéhna ngoloyong ninggalkeun éta tempat, indit ka pakidulan seja tapa brata anu leuwih beurat.

Salila mangtaun-taun Wiswamitra ngajajalankeun tapa brata anu kacida beuratna. Lantaran panuju kana cara tapa brata Wiswamitra, Batara Brahma nembongan. Ceuk Batara Brahma, Wiswamitra ayeuna jeneng jadi rajaresi. Sanggeus nyarita kitu, Batara Brahma ngaleungit.

Hanjakalna, Wiswamitra teu kataji ku gelar paméré ti Batara Brahma téh. Manéhna malah ngarasa kuciwa, sanggeus mangtaun-taun tatapa, ukur meunang gelar rajaresi. Lantaran tujuan tatapana hayang jadi brahmaresi, manéhna indit deui tapa brata anu tingkatanana leuwih beurat ti nu anggeus-enggeus. Pokona, kaula hayang nyaruaan darajat kasaktén Resi Wasista.

NYAMBUNG

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SERI CARITA RAMAYANA ( 2): RESI WISWAMITRA"

Post a Comment