SERI CARITA RAMAYANA

Ku ASIKIN HIDAYAT


PERMAISURI KAKANDUNGAN
Kaléreun Walungan Gangga aya hiji karajaan gedé, nyaéta Nagara Kosala. Tanah di éta karajaan kacida suburna, lantaran kabaseuhan ku Walungan Serayu. Puseur dayeuhna, Ayodya, diwangun ku Manu, ti dinasti titisan Batara Surya. Ayodya teu éléh agréng dibandingkeun jeung kota-kota modérn. Zaman harita, di India Kuno paradaban mémang geus nepi ka tingkatan luhur.

Raja Dasarata ngokolakeun jeung mingpin nagara ti puseurdayeuh Ayodya. Anjeunna gugon nyepeng ajén-ajén ajaran para déwa. Kamashuranana sumebar di tilu bagian dunya. Anjeunna satahap jeung Batara Indra kalih Kubéra. Rahayat Kosala hirup bagja, ma’mur, sarta mibanda budi parangi anu luhung. Éta karajaan dijaga ku para prajurit anu acida kuatna. Teu aya pasukan musuh nu wani ngadeukeutan.

Puseur dayeuh karajaan  dikalang ku bénténg tohaga anu di sakurilingna diwates ku solokan-solokan lega jeung pakakas perang anu samagréng. Luyu jeung ngaranna, Ayodya mampuh ngarentagkeun musuh. (Ayodya ngandung harti kota teu kaéléhkeun perang).

Dasarata ngabogaan 8 mantri anu wijaksana. Maranéhna salawasna sayaga maparin naséhat sarta ngalaksanakeun paréntah raja. Para Resi Agung, Resi Wasista jeung Wamadéwa, ogé para Brahmana lianna, ngajarkeun dharma sarta ngalakonan ritual jeung upacara kurban. Pajak diupayakeun teu ngabeuratkeun rahayat. Hukuman ka nu milampah kajahatan dilaksanakeun kalawan adil sarta disaluyukeun jeung tingkat kajahatanana. Lantaran diriung-riung ku para panasehat jeung nagarawan kahot, kamashuran raja suminar bengras lir matapoé.

Taun demi taun lumangsung kalayan mulus. Kilang kitu, sanajan diriung-riung kama’muran jeung kasuburan, Dasarata satemenna keur dieunteupan ku rasa tugenah tan wates wangen. Demi nu jadi lantaran, anjeunna teu acan dipaparin putra.
Hiji poé, mangsa ngawal usum panas, anjeunna ngemut pikeun ngayakeun upacara kurban kuda, geusan meredih sangkan dipaparin putra. Anjeunna ngarasaya piwejang ka para panaséhat spiritualna. Sanggeus kitu, anjeunna maréntahkeun Resi Risyaringa pikeun mingpin upacara.
Upacara agung dikawitan. Para tatamu di nagara-nagara tatangga sarumping. Ngayakeun upacara agung sapertos kieu téh horéng lain hal anu énténg. Lokasi jeung wangunan tempat kurban kudu disiapkeun kalayan tarapti, lengkep, jeung taliti sarta teu mepngpar tina tetekon jeung tradisi. Kemah-kemah badag diadegkeun, anu sakira bisa nyukupan pikeun para tatamu anu sarumping, sarta cekap ogé kanggo para resi jeung para pangeran ti jero nagara. Cindekna, upacara kurban kuda téh teu bina ti upacara kanagaraan anu mibutuh waragad anu kacida gedéna.

Sanggeus sapurati sasayagian réngsé, upacara lumangsung kalawan hikmat jeung daria, saluyu jeung ajaran kitab-kitab Sastra.

Dina mangsa nu méh bareng jeung lumangsungna upacara di Ayodya, para déwa keur ngalaksanakeun gempungan di kahyangan. Para Déwa ngadoni ka Batara Brahma ngeunaan Rahwana, sang raja jin. Gara-gara meunang kasaktian ti Batara Brahma, si raja jin anu ngaran Rahwana téh katarajang mabok kakawasaan jeung milampah hal-hal anu teu yuni anu ngabalukarkeun kasangsaraan di pihak rahayat. Para Brahma meredih ka Batara Brahma, “Abdi sadaya teu bisa ngéléhkeun atawa maehan Rahwana. Kasaktian anu geus dibikeun ku anjeun ka manéhna geus ngabalukarkeun timbulna sipat kejem, telenges, jahat jeung samemena, lain baé ka kaum lalaki tapi ogé ka kaum awéwé. Manéhna hayang ngarebut tahta Batara Indra. Ngan anjeun, Kakang Batara, hiji-hijina harepan. Ngan anjeun anu bisa maténi sarta ngeureunan kalaliman éta raja.”

Batara Brahma rumasa geus maparin kasaktén sakumaha anu dipénta ku Rahwana ka manéhna. Ku kasaktén anu dipibogana, Rahwana geus bisa ngéléhkeun para déwa, asura, genderewo, jeung mahluk hirup séjénna. Kalawan angkuh, Rahmana teu ngarasa sieun ku manusa. Nalika Batara Brahma ngangken kana katalédoranana, para déwa surak gumbira jeung gancang madep ka Batara Wisnu.

Sabada éta, para déwa meredih ka Batara Wisnu sangkan turun ka marcapada sarta nyamur jadi manusa pikeun nelasan pati Rahwana sarta ngeureunkeun kakejemenana. Batara Wisnu panuju, sarta nyarita ka para déwa yén anjeunna bakal lahir salaku  putra kaopat Raja Dasarata nu keur ngalaksanakakeun upacara.

Nalika dupa dialungkeun kana tungku pameuleuman, seuneu anu tadina leutik ujug-ujug baé ngabebela, sarta tina seuneu muncul waruga agung anu nyumiratkeun cahaya pikaserabeun sakur anu ningali. Éta waruga agung téh ngagentraan dasarata sarta cumarita, “Para déwa geus mupakat pikeun nedunan pameredih anjeun. Geura tarima ieu payas dina jero mangkok, sesembahan para déwa, pasrahkeun ka istri-istri anjeun. Upama istri-istri anjeun nginum ieu payas déwata, istri-istri anjeun bakal maparin anjeun anak.”

Kalawan bungah nu taya papadana, Dasarata narima mangkok sarta ngabagikeun ka tilu istrina, nyaéta Déwi Kausalya, Sumitra, jeung Kaikeyi. Sabagian dibikeun ka Déwi Kausalya, sabagian deui ka Sumitra. Sésa pangbagian Sumitra dibikeun ka Kaikeyi.

Ibarat nu ngemis manggih harta karun, tilu permaisuri Dasarata téh bungah kabina-bina. Teu lila ti harita, tiluanana kakandungan.***

NYAMBUNG

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SERI CARITA RAMAYANA"

Post a Comment