RAMA JENGKAR TI KARAJAAN

SERI CARITA RAMAYANA
(Tarjamah bebas tina Kitab Ramayana, C. Rajagopalachari)
Bagian 4

Ku Asikin Hidayat


Raja Dasarata ngabagéakeun kasumpingan Wiswamitra lir ibarat Batara Indra ngabagéakeun kasumpingan Batara Brahma. Raja Dasarata sumujud nyium dampal sampéan sang Brahmaresi.

“Kalawan diwuwuh ku kamulyaan budi para luluhur, salira rurumpaheun sumping. Lir cahya janari meuraykeun petengna peuting, kasumpingan salira tansah ngiberkeun kabagjaan pikeun abdi-abdi sadaya. Bawiraos, bagja lir kagunturan madu kaurugan menyan putih. Sanaos salira ukur kapungkur mung raja biasa, ayeuna salira tos nyangking gelar brahmaresi. Ayeuna, salira sumping ka ieu karaton. Naon atuh tiasa anu tiasa kapidamel kanggo salira Maharesi? Upami aya nu tiasa kapidamel, tangtos bakal diéstokeun pisan.”

Ngadangu kasauran Dasarata, Wiswamitra teu bungaheun pisan. Paromanna ngadadak béngras. Sanggem Wiswamitra: “Kanjeng Gusti, kasauran salira panjenengan éstuning kaluar tina haté wening. Panjenengan langsung nyatujuan kana kahayang kaula, padahal kaula can kedal ucap. Kaula bungah liwat saking.” Sarta tuluy manéhna balaka ngeunaan pamaksudanana.

“Satemenna, kaula téh keur ngayakeun upacara. Ngan, nalika upacara deukeut kana réngsé, jebul dua raksasa, Maricha jeung Subahu. Duanana ngaruksak kasucian upacara. Maranéhna maledogan seuneu suci ku getih jeung daging haram. Sabenerna, bisa baé kaula nyupata sarta ngahancurkeun éta dua raksasa, tapi lamun éta dipilampah, sarua jeung rék ngaleungitkeun beuti hasil tapa brata kaula. Jiga nu enggeus-enggeus.

Masalah téh bakal bisa diréngsékeun lamun salira panjenengan maparin widi tuang putra, Rama, geusan milu reujeung kaula. Kalawan pangaping kaula, Rama bakal tumuwuh jadi déwasa ngajadi putra mahkota anu sanyatana. Ceuk pangimpleng kaula, Rama bakal mampuh ngéléhkeun éta dua raksasa, sarta ka hareupna bakal kaceluk ka awun-kawun kakoncara ka janapria.

Percayakeun ka kaula, da ukur sababara poé. Moal lila. Jeungna, ulah nolak paménta kaula. Cumponan jangji Panjenengan ka kaula.  Ulah hariwang kana kasalametan Rama. Engké bakal tumiba waktuna, Panjenengan meunang barokah kamulyaan anu moal laas ku mangsa di tilu dunya. Resi Wasista jeung balamantri karaton tangtu bakal panuju kana pameredih kaula.”

Dasarata, najan teu kedal, dina lebet manahna mah kacida hariwangeunana. Anjeunna kedah ngadamel hiji kaputusan anu abot, ngaleupaskeun Rama pikeun ditelasan pati ku raksasa Maricha jeung Subahu atawa narima amarah Resi Wiswamitra lamun kahayangna ditolak.

Sawatara jongjongan, Dasarata teu wasa nyarios nanaon. Nu puguh mah anjeunna reuwas kacida, teu nyangka Wiswamitra datang rék ménta nu jadi putra kadeudeuhna, Rama. Sanggeus ngarasa tenang, pok Dasarata nyaur: “Rama téh umurna can jejeg 16 taun, kumaha bisana manéhna ngalawanan dua raksasa sakaligus? Asa pamohalan ngirimkeun budak can hideng ka pangperangan? Rama can apal nanaon kana tipu muslihat raksasa.

Teu sakuduna kaula ngirimkeun anak kaula anu masih kénéh bau jaringao ngalawanan dua raksasa. Tapi kaula jeung sakabéh pasukan perang kaula sayaga bitotama. Asa pamohalan budak leutik bisa ngawal lancarna upacara. Cik pek caritakeun kaayaan raksasa musuh Brahmaresi téh ka kaula, engké kaula jeung pasukan karajaan bakal indit ngayonan éta dua raksasa. Kaula deuk mingpin langsung pikeun ngalawan sarta nyangkalak éta dua raksasa. Mangga, geura dongengkeun kumaha dedeganana éta dua raksasa téh, Brahmaresi.”

Derekdek Wiswamitra ngagambarkeun waruga dua raksasa nu jadi musuhna, Maricha jeung Subahu, anu satemenna diaping ku rajana, Rahwana. Nanging saréngséna, deui-deui Wiswamitra ménta sangkan Rama bisa indit jeung manéhna.

Dasarata keukeuh teu méré lamun Rama indit ninggalkeun karaton. Saurna: “Misah jeung Rama mah sarua jeung nyanghareupan pipaeheun. Kaula baé anu inditna. Naon sababna? Lantaran tugas anu ditibankeun kacida pisan beuratna, moal katanagaan ku Rama sorangan.”

Wiswamitra kacida keuheuleunana sabab paméntana ditolak. Wiswamitra ngagidir awahing ku ambek.

“Dasarata, asa teu pantes titisan agung saperti anjeun nolak paménta kaula,” ceuk Wiswamitra, “Naha éta téh geus mangrupa kaputusan anjeun anu pamungkas? Kaula rék indit. Ku kaula didu’akeun, sanggeus méngpar tina kahadean, muga anjeun jeung kulawarga anjeun ngalakonan hirup tengtrem.”

Ujug-ujug baé jagat inggeung. Éta haliwu téh langsung kanyahoan ku para dewata di Kahyangan. Aranjeunna hariwang kana ngagidirna amarah Resi Wiswamitra.

Resi Wasista anu harita aya di dinya sarta teu mairan sakemék-kemék acan téh, kapaksa nyoara. 

“Widian tuang putra angkat nyarengan Resi Wiswamitra, Kanjeng Gusti, disarengan ku Lesmana. Salira Panjenengan teu kedah hariwang. Kalawan pangaping Wiswamitra, moal aya raksasa anu bisa ngabongohan tuang putra.

Ibarat gulungan seuneu anu ngilungan leueuteun para dewa, nya kitu deui Wiswamitra bakal ngilungan kasalametan Rama jeung Lesmana. Salira Panjenengan teu acan apal kumaha lamun Wiswamitra ngaluarkeun kasaktenna. Anjeunna teh sakti mandraguna, manusa pangsaktina, pangwanina di antara anu warani, wijaksana, sarta nya manéhna pisan mahaguru pikeun sakabeh pakarang dewa. Sing demina, moal aya ni bisa nandingan anjeunna. Numawi kitu, sing percanten, Wiswamitra bakal sanggem ngaping sarta ngilungan tuang putra. Widan, Kanjeng Gusti, ulah hariwang!”

Sabada ngadangu piwejang resi Wasista, Dasarata leah manah. Kalawan disarengan ku prameswari, anjeunna maparinan du’a ka Rama jeung Lesmana pikeun  miang marengan Wiswamitra.

Harita, angin ririh ngahiliwir sarta awan patinggulayun di awang-awang lir malati nu keur diawurkeun ku para padumuk di Kahiyangan. Hawar-hawar jagat raya ngagalindengkeun napas, antaré pisan. Bari panangan disidakepkeun kana dada, dua putra Dasarata, Rama jeung Lesmana, leumpang di kénca katuhueun Wiswamitra.

Mangsa badarat di jalan satapak, tiluan leumpang pairing-iring. Dua putra dasarata anu umurna can jangkep 16 taun, ngagandong busur jeung gondéwana, sarta pedang disorén dina cangkéngna. Duanana gagah nandingan kobra anu sayaga pikeun naklukkeun sirah singa.



NYAMBUNG

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "RAMA JENGKAR TI KARAJAAN"

Post a Comment