RAMA NUMPES RAKSASA

SERI CARITA RAMAYANA
(Tarjamah bébas tina Kitab Ramayana, C. Rajagopalachari)

Ku Asikin Hidayat

Bagian 5: 



Poé ngagayuh ka peuting. Wiswamitra kalih dua sinatria putra Dasarata kapoékan. Kapaksa tiluan meuting di sisi walungan Serayu. Méméh istirahat, Wiswamitra ngawitan ngajarkeun rusiah jajampéan bala jeung atibala. Éta dua parancah téh mangpaat pikeun ngaleungitkeun rasa capé jeung nyinglar bahla. 

Ngarah merenah, meuting téh ngahaja milih tempat anu linduh. Isukna, rebun-rebun kénéh tiluanana nuluykeun lalampahanana. Anjog di Kamaasrama, di wewengkon Anga Désa. Sabada ngawanohkeun dua sinatria, Rama jeung Lesmana, ka para resi nu dumuk di dinya, Wiswamitra ngadongéngkeun asal-usul éta tempat.

“Di dieu pisan,” ceuk Wiswamitra, “Batara Syiwa ngalaksanakeun tapa brata anu lain sakeudeung. Lila kacida. Nya di dieu pisan déwa cinta nu ngaran Mammata nu belegug, mentangkeun gondéwana ka awak Batara Syiwa. Balukarna, Batara Syiwa bendu sarta nyupata Mammata jadi lebu. Lantaran hal éta, ieu tempat disebut Kamaasrama.”

Di Kamaasrama téh nepi ka peuting, sarta peuting harita nu tiluan téh jadi tamu para resi. Anggeus upacara sambéang, sang brahmaresi jeung dua muridna nuluykeun lalampahan nepi ka anjog di Gangga. Maranéhna meuntas maké géték anu geus disayagikeun ku para resi.

Di tengah walungan, Rama jeung Lesmana ngadéngé sora tanpa rupa. Duanana tumanya ka Wiswamitra, “Sora naon éta?” Wiswamitra ngawaler, yén éta téh sora walungan Serayu anu asup ngamuara di walungan Gangga. Éta dua sinatria téh kacida hémengna nyaksian patemonna dua walungan.

Sanggeus meuntasan Gangga, kalawan hésé béléké, nu tiluan téh asup ka jero leuweung geledegan. Sora-sora sato galak kapireng ti ditu ti dieu. Mungguh matak pikakeueungeun.

“Tah ieu téh ngaranna leuweung Dandaka,” ceuk Wiswamitra. “Baheula ieu leuweung téh satemenna hiji nagara anu kacida gegekna ku padumuk, sarta ramé pisan. Hiji mangsa Batara Indra milampah dosa sabada nelasan pati Writra. Lantaran kitu Batara Indra ngantunkeun kadéwatan, ngungsén di hiji tempat. Sanggeus sababaraha lila, para déwa meresihan dosana. Batara Indra diberesihan ku cai parancah. Tah, cai nu dipaké ngamandian Batara Indra téh ngocor ngagolontor anu ngabalukarkeun tanah di sabudeureunana jadi subur tur ma’mur.

Sakabéh jasad nu geus paéh, atawa runtah-runtah nu geus nahun – mangsa balik deui ka taneuh barobah jadi sapuratining kaéndahan – bungbuahan, kekembangan, jeung tanah humus nu nyayagikeun sapurati kadaharan pikeun kahirupan sakumna mahluk nu kumelip di alam dunya. Nya ti harita pisan kahirupan di bumi dimimitian.”

Rama jeung Lesmana ngaregepkeun carita Wiswamitra kalawan daria.

“Rahayat di ieu nagri hirup bagja jeung raharja nepi ka Tataka (istri Sunda, hiji Yaksa) jeung anakna, Maricha, amuk-amukan sarta ngabalukarkeun ieu tempat jadi leuweung nu pikakeueungeun. Nepi ka ayeuna maranéhna cicing di ieu leuweung. Euweuh saurang ogé nu wani asup ka dieu sabab pada sieun ku Tataka jeung Maricha. Demi kakuatan Tataka saimbang jeung tanaga dua puluh gajah. Tah, Rama, Lesmana, kaula ngahaja ngajak aranjeun ka dieu pikeun meresihan ieu leuweung tina kakawasaan éta dua raksasa bikang. Kaula yakin anjeun duaan bakal mampuh ngalawanan éta dua raksési jahat, anu satemenna jadi bibit buit sagala rupa masalah nu tumiba di ieu leuweung.”

Rama anu ti tadi ukur ngaregepkeun, pok tumanya, “Kanjeng Guru, naon margina Tataka disebat Yaksa? Kaula mah asa nembé nguping hiji yaksa kitu rupa, asa pamohalan gaduh kakuatan sakitu ahéngna.”

“Alus,” walon Wiswamitra, “hadé pisan hal éta ku anjeun ditanyakeun. Kasép, kakuatan anu dipimilik ku tataka satemenna paméré ti Batara Brahma. Awalna mah aya hiji yaksa anu ngaran Sukétu. Lantaran teu boga katurunan, ngalaksanakeun tapa brata sarta meunang anugrah ti Batara Brahma. Saur Brahma: ‘Anjeun bakal jadi putri geulis nu mibanda kakuatan luar biasa. Tapi, anjeun moal boga budak lalaki.’ Putri Sukétu anu ngaran Tataka kawin jeung Sunda, tur boga ngalahirkeun budak awéwé dingaranan Maricha.

Hiji mangsa, Sunda meunang supata ti Resi Agastya nepi ka maotna. Tataka jeung Maricha teu tarima sarta ngajorag Resi Agastya. Agastya nyupata Tataka jeung Maricha jadi dua raksési anu pikasieuneun, kabeukina bangké manusa. Ti harita ieu dua raksési téh teu weléh ngaganggu rahayat nu dumuk di sabudeureun wewengkon patapan Resi Agastya.”

Rama jeung Lesmana katara semu nu hariwang. Tayohna éta téh langsung katohyan ku Resi Wiswamitra yén ieu dua ptra Dasarata ngarasa mangmang.

“Kasép, tong hariwang jeung tong galideur. Najan éta dua raksési waruga awéwé, ulah ditingali awéwéna. Kawajiban hiji raja pikeun numpes sakumna nu milampah kajahatan, teu paduli naha manéhna awéwé atawa lalaki. Lir ibarat urang maéhan sato jahat, teu diharamkeun. Kitu deui numpes kajahatan, kawajiban anjeun para Pangéran, pibakaleun gaganti bapa hidep.”

Kalawan tatag Rama nyarita, “Ramanda Raja maréntahkeun sangkan kaula duaan tumut kana piwejang salira, numawi kitu kaula moal galideur pikeun numpes éta dua raksési.”

Sabada nyarita kitu, Rama langsung mentangkeun gondéwa. Busur ngabelesat dibarengan ku sora handaruan, anu ngabalukarkeun sasatoan reuwas tur lalumpatan. Kantenan éta sora handaruan téh nepi ogé kana pangrungu Tataka. Amarahna langsung ngagidir. Manéhna cengkat muru puseur sora handaruan. Barang katingali yén anu mentangkeun gondéwa téh ukur budak leutik, manéhna langsung nyerang Rama.

Satadina Rama rék motongkeun leungeun Tataka sarta rék nyangkalak hirup-hirup. Tapi si Raksési teu bisa ditaklukkeun kitu baé. Manéhna ngalayang ka awang-awang sarta malédogan Rama jeung Lesmana ku batu teu eureun-eureun. Rama jeung Lesmana cungcat-cingcet ka ditu ka dieu nyingkahan panarajang batu Tataka. Wiswamitra ngélingan sangkan Rama gancang maténi éta raksési.

“Ulah sungkan, gancang paéhan!” cenah.

Mireng kasauran guruna, Rama langsung mentangkeun panahna kana awak Tataka. Busur ngabelesat sarta nenggel pisan kana awak si raksési. Kalayang …, bru! Awak Tataka tiba di taneuh.

Horéng, di kadéwatan, para déwa ogé nyaksian naon anu keur kajadian di marcapada. Aranjeunna sorak ayeuh-ayeuhan ngiring bingah kana tumpurna raksési Tataka. Wiswamitra puguh deui, bungah liwat saking. Gabrug Rama ditangkeup pageuh. 

“Kaula bungah liwat saking,” saur Wiswamitra. “Lantaran anjeun geus milampah kahadean, kaula deuk ngajarkeun rupa-rupa élmu jeung kaparigelan ka anjeun.”

Ahéng pisan, sabada Tataka gugur, sabudeur éta leuweung dumadak jadi asri. Tatangkalan katémbong deui asrina. Geueuman barobah jadi kaéndahan tan wates wangen.

Wiswamitra maparin parancah pakarang astra anu kapibanda ku anjeunna nalika tatapa. Tuluy mapatahan Rama cara ngagunakeunana, cara ngadalina, jeung cara nyalukan sakabéh pakarang déwata. Ku Rama, pangaweruh nu katarima ti Wiswamitra téh diajarkeun deui ka Lesmana. 

Bada rinéh, tiluanana nuluykeun lalampahan nuju ka mumunggang anu dituju.

“Naha itu mumunggang anu dituju ku urang téh?” talék Rama.

“Enya, éta pisan tempat tujuan urang,” walon Wiswamitra. “Baheula di tempat éta pisan Batara Narayana tatapa sarta saterusna anjeunna ngajanggélék jadi Wamana. Ku lantaran kitu, éta tempat téh dingaranan Sidhaasrama.”

Derekdek Wiswamitra nyaritakeun lalampahan Narayana.

“Baheula, aya hiji raja anu katelah Mahabali. Anjeunna téh putra Wirosana, incuna Prahlada – salah saurang asura anu hadé parangi. Kaceluk sakti mandraguna. Para déwa sarieuneun kana kasaktianana, anu kapibanda minangka hadiah ti Batara Indra ku anjeun.

Déwa Kasyapa jeung istrina, Aditi, ibuna para déwa, neneda ka Batara Wisnu sangkan maparin putra titisan Wisnu anu sanggup ngilungan Batara Indra jeung para déwa lianna tina pangawasa Mahabali. Batara Wisnu nedunan pameredih Aditi, kalawan maparin putra tina Rahim Aditi salaku Wamana.

Wamana anu harita budak kénéh, milu aub dina acara upacara sambéang anu dialpukahan ku Mahabali. Dina éta upacara, sing saha baé dikajeunkeun pikeun meredih naon baé anu dipikahayang. Wamana tampil ka hareup pikeun ngedalkeun kahayangna. Sabréhan ogé katohyan ku Sukra – mahaguru asura, guruna Mahabali – saha ieu sabenerna brahmana anom téh. Sukra gancang ngélingan Mahabali sangkan ulah nedunan paménta sang brahmana anom. Mémang, satemenna ieu brahmana anom téh titisan Batara Wisnu anu ngabogaan niat numpurkeun Mahabali.

Tatapi, Mahabali teu miduli kana pangéling ti guruna. Salila ieu manéhna can kungsi nolak kana pameredih saha baé ogé. Lian ti éta, manéhna miajrih pisan Batara Wisnu. Sabalikna, manéhna bakal ngarasa bungah lamun Batara Wisnu narimakeun kana hadiah anu dipaparinkeun ku manéhna. Bari imut, Mahabali nyarita ka Wamana, “Hidep bisa ménta naon baé ka kaula, naha duit, emas permata, atawa bumi jeung sapurati eusina.

Wamana ngajawab yén manéhna teu butuh ku kakayaan. Manéhna ukur ménta tanah anu ukurananana ngan tilu léngkah.

Sang Mahabali imut bungah nalika ningali sampéan sang brahmana anom anu laleucir tur laleutik. Asa lucu ningalina. Teu pira ukur tilu léngkah budak leutik, moal teuing matak rugi, pamikir Mahabali.

“Sok atuh gancang ngaléngkah tilu léngkah,” ceuk Mahabali ka Wamana.

Naha atuh, barang Wamana ngaléngkah, awakna bet niwikrama, ngajangkungan, ngabadagan. Saléngkahna mangrewu-rewu mil. Malah satungkebing jagat kaléngkahan. Ku dua léngkah baé ogé sapangeusi jagat béak. Lantaran euweuh deui léngkahaneun, léngkah katiluna mah kalah dipaké nincak sirah Mahabali. Numutkeun kamandang para déwa, sing saha baé anu kungsi katincak sirahna ku déwa, komo hiji raja saperti Mahabali anu kungsi katincak ku Batara Narayana, mangka inyana kaasup salaku tujuh mahluk anu pangmulyana di alam dunya.”

Sanggeus nyarioskeun perkawis Mahabali, Wiswamita neruskeun, “Di dieu pisan Narayana jeung Kasyapa tapa brata, anu ahirna nya ngalahirkeun Wamana minangka réinkarnasi Batara Wisnu. Nya di dieu pisan kaula dumuk. Nepi ka hiji mangsa datang dua raksasa anu nagruksak upacara sambéang kaula. Kasép, Rama jeung Lesmana, anjeun geus nepi ka nu dituju, pikeun numpes éta dua raksasa anu ngaruksak téa.”

“Kalawan restu Kanjeng Guru, kami duaan sayaga pikeun numpes éta dua raksasa,” saur Rama.

Kasumpingan Wiswamitra katut dua sinatria anom téh dipapag kalawan suka bungah ku pangeusi asrama. Para resi nyuguhan aranjeunna ka leueuteun sareng bungbuahan sapagodos jeung adat kabiasaan di asrama. Rama nyumanggakeun ka Resi Wiswamitra pikeun nyiapkeun upacara sambéang. Peuting harita kénéh, Wiswamitra ngalaksanakeun upacara sambéang.

Isuk-isuk pisan, para sinatria anom téh geus gugah. Duaan gura-giru madep ka resi, sarta tumanya iraha pidatangeun dua raksasa téa, sangkan siap sayaga ngayonanana.

Nanging, harita Wiswamitra keur ngalaksanakeun tapa tanwicara (tapa pireu). Lantaran kitu, anjeunna teu bisa ngajawab panalék Rama jeung Lesmana. Para resi nu séjén mangjawabkeun, yén kudu sayaga saeutikna genep poé lilana pikeun ngajaga kasucian asrama. 

Bari mekel pakarang lengkep, duaan ngajaga asrama. Dina poéan kagenep, Rama nyarita ka Lesmana, “Ki Adi, musuh ceuk itungan kaula bakal datang ayeuna. Kadé sing waspada.”

Nalika Rama ngélingan adina, ujug-ujug baé sakeupeul seuneu mecleng tina padupaan. Déwa Agni atawa Déwa Seuneu geus surti yén musuh geus cunduk. Nalika upacara dikawitan, kapireng sora ngaguruh datang ti langit.

Ti luhur, nyirorot dua raksasa, Maricha jeung Subahu kairing balatentarana datang bari sacekelna-sacekelna marawa getih jeung daging haram baledogkeuneun kana padupaan. Éta balatentara téh lir nu ngepung bumi, satungkebing langit kakurung ku pasukan balatentara Maricha jeung Subahu.

“Lesmana, hayu urang pentangkeun Marawasastra kana awak si Maricha,” ceuk Rama ka Lesmana.

Sakumaha anu direncanakeun, serangan panah Rama jeung Lesmana henteu langsung maéhan Maricha, nanging kalah ngawujud kakuatan luar biasa anu sanggup ngaringkus jeung mangpéngkeun awak Maricha nepi ka jauhna saratus yojana ti jero laut.

Demi Subahu mah diserangna téh ku pakarang Agnaystra nepi ka maragatkeun nyawa éta raksasa. Sarta saterusna Rama jeung Lesmana sanggup ngancurtumpurkeun pasukan balatentara Maricha jeung Subahu.

Sanggeus kitu mah langit béngras ceui. Wiswamitra bungah kacida, sabab upacara nu dilaksanakeunana teu kaganggu sarta salamet nepi ka lekasan. 

“Anaking, Rama katut Lesmana, sawajarna upama kaula ngahaturkeun réwu-réwu nuhun ka anjeun duaan. Hidep geus bisa nutaskeun jangji hidep ka rama hidep, Raja Dasarata. Ku alpukah anjeun duaan, ieu asrama kasinglar tina balai. Ti semet ayeuna, di dieu bakal lumangsung deui upacara-upacara sambéang kalawan ayem tengtrem, sakumaha ngaran ieu tempat: siddhaasrama. Demi Sidha téh hartina hasil.”

Isukna, bérés sambéang isuk, Rama jeung Lesmana madep ka Resi Wiswamitra, tumanya naon anu kudu dipigawé saterusna.

Satemenna Resi Wiswamitra engeuh kana kamampuh Rama ngagunakeun pakarang déwata. Nanging anu kasaksian kamari bener-bener di luar panyangkana, anu ngabalukarkeun anjeunna bungah ka giri-giri. Ku kituna, saterusna anjeunna gaduh kereteg rék ngadahupkeun Rama ka Dewi Sinta.

Teu lila Wiswamitra ngumpulkeun para resi, sarta pok nyarita ka Rama, “Kaula jeung para resi deuk badarat ka Karajaan Widéha. Di dinya ngawasa Raja Janaka anu kakoncara salaku ahli kitab, sarta sakeudeung deui rék ngayakeun upacara kurban agung di puseur dayeuhna, Mithila.

Lantaran kabéhan deuk ngajugjug ka ditu, wayahna anjeun duaan ogé kudu milu. Di ditu aya busur sakti di karaton Raja Janaka anu bisa dititénan kaampuhanana ku anjeun duaan.”

Isukna, pangeusi asrama Sidhaasrama ngabring muru Karajaan Widéha, katut Rama jeung Lesmana, dua sinatria anom putra Dasarata.***


Katerangan:

Bala, atibala = dua macem parancah anu bisa ngaleungitkeun rasa ahus jeung lapar.
Yaksa = kelas mahluk anu ngageugeuh di kahyangan
Astras = pakarang ajaib anu kakuatanana museur tina jampe jeung parancah
Asura = musuh para déwa
Yojana = jarak anu babandinganana sarua jeung 9 mil


NYAMBUNG

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "RAMA NUMPES RAKSASA"

Post a Comment