SERI CARITA RAMAYANA; RAJA TRISANKU


(Tarjamah bebas tina Kitab Ramayana, C. Rajagopalachari)

Ku Asikin Hidayat

Bagian 3:

RAJA TRISANKU

Kocap, baheula pisan, aya hiji raja anu kamashur nu katelah Raja Trisanku. Ieu raja téh kacida mireueus ragana sorangan anu kacida kasép pilih tanding, haté tata hadé rupa. Ku reueus-reueusna kana rupana sorangan, manéhna boga kahayang lamun jaga seug paéh, hayang ka sawarga bareng jeung ragana.

Trisanku ngadatangan Resi Wasista, meredih sangkan Sang Resi bisa ngusahakeun sangkan cita-citana ngawujud. Resi Wasista nolak kahayang Trisanku, malah ménta sangkan Trisanku mopohokeun éta kahayang, sabab pamohalan kahontal. Ngarasa teu sugema kana jawaban Resi, Trisanku ngadeukeutan murid-murid Wasista, ngébréhkeun kahayangna téa. Pala putra Wasista ngarasa kesel ku kalakuan jeung paménta Trisanku, padahal Resi ku anjeun nolak éta kahayang. Maranehna nyaleungseurikeun Trisanku, naha bet boga kahayang anu pamohalan kawas kitu sarta ngusir Trisanku ti patapan.

Sanajan ditolak ku pala putra Wasista, Raja Trisanku keukeuh-peuteukeuh kana kahayangna. Manéhna nyarita ka dirina sorangan, “Mana kitu gé maranehna teu boga kamampuh pikeun ngawujudkeun kahayang kaula. Ah, rék néang nu séjén baé anu leuwih sakti.”

Kantenan, nguping kekecapanana kawas kitu téh, pala putra Wasista ambek. “Mugia Kanjeng Raja jadi chandala,” ceuk pala putra Wasista, nyupata Raja Trisanku.

Supata téh saciduh metu. Isukna, basa hudang saré, Raja Trisanku barobah jadi jalma goréng patut, maké papakéan sing sarwa butut.

Para mantri jeung rahayat euweuh nu wawuheun ka manéhna. Antukna manéhna diusir ti nagara. Sanggeus kajadian éta, manéhna indit sakalunta-lunta teu puguh tujuan. Rasa lapar nu karandapan meh baé maragatkeun nyawana, nepi ka ahirna takdir nganteur manéhna ka asrama Wiswamitra.

Barang ningali waruga Trisanku nu batan sakitu ayana, Wiswamitra karunyaeun pisan.

“Mun teu salah salira téh Raja Trisanku. Naon sababna salira ngalaman nasib goréng cara kieu? Saha anu nyupata salira, Kanjeng Gusti?” tanya Wiswamitra.

Sanggeus nyaritakeun naon anu kaalaman, manéhna nyuuh kana dampal Resi Wiswamitra.

“Kaula geus jadi raja anu bener, can kungsi nyaliwang tina dharma. Kaula teu kungsi milampah dosa atawa milampah jahat ka papada. Tapi, Wasista jeung murid-muridna ngusir jeung nyupata kaula.”

Wiswamitra nu gampang emosi, ngarasa perlu nulungan ieu raja nu disupata jadi chandala.  Kalawan maké kekecapan anu pinuh rasa kadeudeuh, Wiswamitra nyarita ka Trisanku.

“Kanjeng Gusti, kaula kungsi mireng ngeunaan kaadilan salira panjenengan. Kaula deuk nulungan salira; ulah galideur. Kaula bakal nyayagikeun upacara kurban anu bakal nulungan salira panjenengan naék ka sawarga bareng jeung raga salira. Leupas tina supata guru Kanjeng Gusti, salira panjenengan bakal naek ka sawarga bareng jeung wujud chandala anu keur karandapan Kanjeng Gusti. Ngeunaan hali, percantenkeun ka kaula.”

Sabada éta, sang resi ngawitan nyiapkeun upacara kurba agung; leuwih agung ti anu kungsi dilakonan. Wiswamitra maréntahkeun murid-muridna ngondang para resi katut murid-muridna pikeun hadir dina éta acara. Dina waktuna, para resi sarumping teu aya nu wantun nolak kana éta ondangan, kajaba pala putra Resi Wasista. Maranéhna malah nyaleungseurikeun upacara kurban anu dina emprona dipingpin ku hiji resi anu barétona kungsi jadi satria sarta kungsi jadi jayamaan hiji chandala anu bau awak.

Ngadéngé jawaban murid-murid Wasista, amarah Wiswamitra naék. Manéhna ngaluarkeun supata. Akibatna, harita kénéh pala putra Wasista maraot, sarta ka dituna bakal lahir tujuh générasi di hiji wewengkon anu ditakdirkeun ngadahar daging anjing.

Laju upacara kurban dilaksanakeun. Wiswamitra muji-muji kaagungan budi parangi Trinsaku ngarah para resi anu hadir sayagi pikeun ngabantuan nganteur Trisanku ka sawarga bareng jeung ragana.

Lantaran kabéh pada sieun ku tabeat jeung kasakten jeung watek Wiswamitra nu barbarian ambek, para tamu ondangan anu hadir milu ngabantuan sangkan upacara lumangsung lancar. Nalika tahapan acara upacara dugi kana pemeredih sangkan para déwa turun ka tempat kurban, teu aya saurang ogé déwa anu némbongan. Éta hartina upacara anu dilaksanakeun ku Wiswamitra gagal. Para resi anu hadir dina jero haténa mah pada saleuri.

Wiswamitra amarahna ngagidir basa engeuh yén déwa teu narima upacara anu diluluguan ku manéhna. Manéhna nyiuk dupa saséndok gedé, tuluy dialungkeun kana pirunan seuneu.

“Kanjeng Gusti Trisanku, kaula bakal meruhkeun sakabéh kakuatan kaula sangkan salira panjenengan naék ka sawarga bareng jeung raga salira. Teu paduli naha para déwa narima atawa henteu. Kanjeng Gusti, geura naék ka sawarga!”

Bim salabim! Trisanku dina wujud chandala unggah ka sawarga. Para resi jeung alam jagat raya nyaksian kasaktén Wiswamitra.

Ngan, nalika Trisanku nepi ka sawarga. Batara Indra maréntahkeun sangkan manéhna balik deui ka marcapada.

“Saha anjeun, ujug-ujug asup ka sawarga dina wujud chandala? Héh, manusa anu disupata ku guruna sorangan, balik deui andika ka dunya!”

Trisanku turun deui ka dunya bari sirahna nyungseb ka handap. Manéhna gogorowokan ménta tulung.

“Wiswamitra, tuluuung! Salametkeun kaula!”

“Heup! Eureun di dinya!” Wiswamitra ngagorowok bari ngacungkeun leungeun.

Awak Trisanku anu keur nutug reg eureun di awang-awang. Teu bagerak. Nanging tina awakna kaluar cahaya murub mubyar. Wiswamitra laju nyiptakeun langit anyar nu meuweuh ku béntang di beulah kidul, sakalian nyipta Batara Indra anyar, sarta para déwa anyar.

Lantaran hariwang kakawasaanana bakal kaganggu, para déwa antukna ngéléhan sarta meredih sangkan Wsiwamitra ngeureunan kalakuanana.

“Wiswamitra, keun antep Trisanku ngagantung di dinya, sarta antepkeun ogé béntang-béntang ciptaan anjeun gumiwang di langit pikeun salilana, minangka kamashuran sarta kahormatan anjeun. Pepes hawa napsu anjeun, sarta hayu urang saluyukeun pamadegan,” ceuk para déwa.

Ngarasa sugema geus méré paringetan ka para déwa sarta amarahna geus rerep, Wiswamitra ngeureunan proses ciciptaanana. Kilang kitu, anu geus dipigawena estuning geus nguras kakuatan anu geus dicangkingna salila tapa brata. Manéhna sadar, kudu ngamimitian deui ti awal lamun kakuatanana hayang pulih deui.

Lantaran kitu, Wiswamitra indit ka tebéh kulon nuju ka Pushkara pikeun ngagawéan deui tapa brata. Hal ieu dilakonan ku dirina salila mangtaun-taun. Sakumaha saméméhna, tapa bratana nu ayeuna ogé panggih deui hasil. Nanging, ujug-ujug baé aya hiji hal anu ngahudang amarahna. Manéhna kaleungitan wiwaha, sarta sapada harita nyupata anakna sorangan. Sabada amarahna leler, manéhna jangji moal deui-deui ngumbar amarah. Laju manéhna neruskeun tapa bratana.

Sanggeus puluhan taun migawé tapa brata, Batara Brahma ngersakeun némbongan.

“Wiswamitra, tapa anjeun geus ngadatangkeun hasil. Ayeuna anjeun geus lain deui ti golongan raja,  sabab anjeun geus jadi resi sajati.” Sanggeus ngistrenan Wiswamitra, Batara Brahma ngaleungit deui.

Deui-deui Wiswamitra ngarasa kuciwa kana gelar anu ditarimana. Manéhna hayang jadi Brahmaresi, hiji tingkatan brahma anu satata jeung Resi Wasista. Anu katarima ti Batara Brahma gelar anu satata jeung res-resi biasa. Ras manéhna inget kana pakarang anu kungsi katarima sarta teu bisa kukumaha nalika kudu adu hareupan jeung brahmadanda milik Wasista. Lantaran kitu, Wiswamitra boga niat pikeun ngalakonan deui tapa brata anu leuwih jero jeung leuwih daria ti batan saméméhna.

Para Déwa ngarasa teu suka kana niat Wiswamitra. Aranjeunna ngutus Déwi Manaka anu geulis pilih tanding pikeun ngagoda Wiswamitra. Déwi Manaka gancang muru Pushaka tempat tapa brata Wiswamitra pikeun ngadoja iman Wiswamitra. Sakumaha pengkuhna Wiswamitra, ningal putri geulis mah teu burung leumpeuh yuni. Manéhna kabéngbat. Lali di temah wadi, lat baé kana niat awalna.

Nalika sadar kana kasalahanana, Wiswamitra neuteup anteb Déwi Manaka anu danget harita teu bisa nyamunikeun kasieunna. Wiswamitra ngarasa sedih kabina-bina. Wiswamitra nyarita ka Déwi Manaka, yén manéhna moal nyupata sabab manéhna sorangan anu salah. Sedengkeun Manaka teu salah nanaon, sabab ukur ngajalankeun paréntah para déwa. Kalawan mawa haté anu kingkin kacida, Wiswamitra indit ka Pagunungan Himalaya seja neruskeun tatapa.

Di Himalaya, salila rebuan taun Wiswamitra ngadali pancadriana, ngalakonan tapa brata anu kacida beuratna. Kalawan pameredih para déwa, Batara Brahma némbongan di hareupeun Wiswamitra.

“Anaking, kalawan réstu ti para déwa, ayeuna kaula maparin gelar maharesi ka anjeun, sabab kaula panuju kana tapa brata anu dilakonan ku anjeun. Kaula maparin gelar jeung kasucian hiji maharesi.”

Wiswamitra teu usik teu malik. Malah manéhna teu némbongkeun sikep ngahaturkeun nuhun sumawona kuciwa. Cong manéhna sumembah ka Batara Brahma sarta tumanya, “Naha ieu gelar nu katarima ku kaula téh geus nyungkem sakabéh pancadria, kaasup ngadali hawa napsu?”

“Henteu, anaking,” walon Batara Brahma, “pikeun nepi kana tahapan éta, anjeun kudu terus ngalatih diri geusan ngadali hawa napsu.”

Keukeuh hayang meruhkeun sakabéh hawa napsu, Wiswamitra ngalakonan sarebu taun tapa brata deui. Nanging para déwa kasieunan ku laku Wiswamitra saperti kitu. Ku sabab éta, Batara Indra ngagentra Déwi Ramba, nu geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina, geusan ngagoda Wiswamitra. Satadina Déwi Ramba ngarasa sieun kacida narima tugas saperti kitu téh, sabab apal kana tabéat Wiswamitra. Tapi Batara Indra jangji, moal ngutus Déwi Ramba sosoranganan pikeun nepungan Wiswamitra, nanging seja ngutus ogé Déwa Cinta jeung Déwa Mucuk pikeun ngabantuan Déwi Ramba.

Nalika tiluanana lebet ka pakarangan patapan, ujug-ujug baé tatangkalan di pileuweungan ngébréhkeun daun-daunna nu keur mucuk, diwuwuh ku angina pakidulan nu ngiberkeun seungit kekembangan, sarta manuk-manuk kokila disarada patémbahalan ngahaleuangkeun koor anu kacida éndahna. Déwa Cinta jeung Déwa Mucuk datang pikeun ngadukung kageulisan Déwi Ramba.

Teu kawawa ku sora-sora anu tumiba sarta seuseungitan nu sumeleber, Wiswamitra nyah beunta. Bréh nu geulis ngajanteng hareupeunana. Kaéndahan, wangi kembang, jeung sora manuk lir museur dina diri nu geulis. Nyeueung kaéndahan anu karasa ngagoda manéhna, Wiswamitra nyel ambek, amarah ngahuru kalbu. Manéhna apal yén éta téh kabéh ogé ukur dodoja ti para déwa anu ngarasa sirik pidik ka manéhna. Lantaran kitu, manéhna nyupata si geulis Déwi Ramba.

“Ramba! Lantaran anjeun geus ngagoda jalma anu keur hayang meruhkeun hawa napsu jeung amarah, awak anjeun bakal jadi batu saumur-umur!” ceuk Wiswamitra.

Hanjakalna, kedal amarahna saperti kitu téh kalah ngabalukarkeun manéhna sadar yén satemenna manéhna deui-deui gagal nandangan cocoba jeung dodoja kana tapa bratana. Kalawan haté nu kingkin, Wiswamitra ninggalkeun Himalaya. Manéhna nyiar katingtriman di tebéh wetan. Di hiji tempat, manéhna ngalaksanakan yoga, nyinglar sakabéh pikiran ngeunaan hawa napsu jeung amarah. Tina awakna kaluar seuneu jeung haseup nu ngelun ngarungkup satungkebing alam. Hal ieu ngabalukarkeun para déwa deui-deui hariwang jeung kasieunan. Batara Brahma deui-deui datang némbongan, anu antukna maparin gelar brahmaresi ka Wiswamitra.

“Sampurasun, Brahmaresi, kaula panuju kana tapa brata anjeun. Wilujeng!” saur Batara Brahma.

Wiswamitra bungah lain dikieuna. Nanging, kalawan dibarengan ku haté nu sadrah Wiswamitra ngawalon, “Hatur nuhun, Batara. Nanging kaula can ngarasa bungah lamun Resi Wasista can ngangken kaula jadi brahmaresi.”

***

Sakapeung Resi Wasista sok imut sorangan mun seug inget kana satruna jeung Wiswamitra. Ka Wiswamitra anjeunna sumanggem, “Anjeun geus narima hasil tina tapa brata anjeun. Ayeuna anjeun geus jadi brahmaresi, Ki Sanak.” Harita, kabungah ngalimpudan ieu dua resi anu ngahaja silih temonan, hiji mangsa.

Sakitu dongeng resi Wiswamitra anu tomorojog ngadatangan Raja Dasarata.***

Katerangan:
Chandala = jelema anu teu kaasup kasta dina agama Hindu, paria, jelema anu rudin, jelema anu panghinana
Jayamaan = pamingpin upacara kurban
Brahmaresi = tingkatan brahma nu pangluhurna.
Brahmadanda = iteuk suci brahma anu dipibanda ku hiji resi ngaliwatan tapa brata
Maharesi = resi agung
Kokila = sarupaning manuk tikukur

NYAMBUNG

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SERI CARITA RAMAYANA; RAJA TRISANKU"

Post a Comment