Wawacan: Carios Nabi Adam Bagean 2
(Diropea tina Ringkasan Cerita Al-Qur’an Kisah Nyata Peneguh Iman: H. Bey Arifin)
Ku: ASIKIN HIDAYAT
Asmarandana:
11. Manusa mahluk sajati
Dicipta pikeun sumembah
Ibadah mungguhing Alloh
Ngeusi dunya ku pilampah
Ngatur hirup huripna
Ngolah tanah sangkan subur
Ngingu sato, imah-imah
12. Allah maparinan warti
Ka sakumna malaikat
Yén Anjeunna badé waleh
Seja nyiptakeun manusa
Bakal hirup di dunya
Tumetep barina ngatur
Sangkan bumi kapiara
13. Sanaos parantos surti
Malaikat pek tumanya
Cangcaya bisina awon
Manusa seug goreng lampah
Puguh lain miara
Kalah hirup mawa tumpur
Jagat alam jadi ruksak
14. Ananging dawuhan Gusti
Ka sakumna malaikat
Yén Anjeunna langkung paos
Memang kitu satemenna
Masalah hirup jalma
Anging Allah Maha Agung
Nu uninga rusiahna
15. Sabada waler kakuping
Malaikat henteu baha
Teu wasa kedal panyarek
Ukur kedal jeung papada
Sadaya pada terang
Ciptaan Allah Nu Agung
Teu aya nu teu mangpaat
16. Ngadawuh Illahi Robbi
Yén Adam seja dicipta
Tina taneuh nu diadon
Mun geus anggeus nya wujudna
Rék dipasihan nyawa
Ngarahna manusa hirup
Bagerak jeung boga rasa
17. Dipasih ogé pangarti
Kitu deui kasadaran
Lamun reujeung Adam jonghok
Saur-Na ka Malaikat
Kabehan kudu hormat
Barina sembah sumujud
Malaikat henteu baha
18. Malaikat mahluk tigin
Jeung mibanda kasadaran
Ibadah teu petot-petot
Mitaat kana paréntah
Malaikat mahluk mulya
Henteu dahar henteu nginum
Beunta sapanjang dumelah
19. Naha ka Adam mah lain
Malaikat kudu nyembah
Kudu sujud hormat ongkoh?
Naha Adam leuwih undak
Leuwih luhur darajat
Batan para malaikat?
Urang tata alesanna
20. Dupi anu jadi margi
Adam ku Allah dicipta
Sadayana pada nyaksen
Adam manusa munggaran
Bakal boga rundayan
Turunan laluhung elmu
Bakal ngolah kamajuan
Nyambung
0 Response to "Wawacan: Carios Nabi Adam Bagean 2"
Post a Comment