Wawacan: CARIOS NABI ADAM
(Diropea tina Ringkasan Cerita Al-Qur’an Kisah Nyata Peneguh Iman: H. Bey Arifin)
Ku: ASIKIN HIDAYAT
Kidung (Kinanti):
Bismillah Nu Maha Agung
Nu nyipta langit jeung bumi
Satungkebing jagat raya
Baladah ti jaman kawit
Mangsa dunya tacan aya
Dugi ka gegek pangeusi
Kudrat iradat linuhung
Kawasa Illahi Robbi
Langit bumi jleg dicipta
Genep poé ceuk ujaring
Lain poé anu wajar
Numutkeun itungan jalmi
Ananging mangtaun-taun
Mangratus yutaan warsih
Prosésna tumuwuh jagat
Kun fayakun mangka jadi
Kun saur Allah Nu Nyipta
Langsung ngadeg jadi bukti
Sagala rupa tumuwuh
Laut mayakpak di bumi
Diwuwuh gunung jeung tangkal
Sasatoan gedé leutik
Dihibaran ku sang surya
Mabra beurang satungkebing
Mun peuting béntang mucunghul
Tingkariceup semu surti
Tingacarelak ngiring midang
Éta pangeusining langit
Nguriling lir silih udag
Tumut sunahna Illahi
Malaikat sipat tumut
Dicipta sangkan misurti
Mibanda tugas ibadah
Paréntah Illahi Robbi
Tugasna séwang-séwangan
Nu moal pahili-hili
Jibril mangnepikeun wahyu
Ka para Rosul pinilih
Mikail ngatur rizkiyah
Tutuwuhan, hujan, angin
Isrofil niup sangkala
Lamun kiamat tos dugi
Demi nyawa mahluk hirup
Dicabutna ku Izroil
Munkar mah tugasna nanya
ka manusa anu mati
Nakir nalék amal urang
Nalika hirup keur nyanding
Rokib nyatet amal hirup
Amal goréng tugas Atid
Nu nyatet sapuratina
Panto naraka ku Malik
Panto sawarga ku Ridwan
Dijaga kalawan tartib
Bada éta Anu Agung
Nyipta manusa kahiji
Katelahna Nabi Adam
Pikeun tumetep di bumi
Cicing bari baranahan
Sumebar jadi pangeusi
Nyambung
0 Response to "Wawacan: CARIOS NABI ADAM"
Post a Comment