WAWACAN: CARIOS NABI ADAM BAGIAN 4
(Diropea tina Ringkasan Cerita Al-Qur’an Kisah Nyata Peneguh Iman: H. Bey Arifin)
Ku: ASIKIN HIDAYAT
Asmarandana:
27. Ku margi sadaya ngarti
Malaikat seug mupakat
Mihormat damelan Alloh
Mahlukna nu nami Adam
“Sim abdi seja taat
Mihormat sarta miagung
Sami’na tur waato’na.”
28. Tina taneuh Adam ngancik
Mangrupa wujud manusa
Sirah awak leungeun panon
Suku buuk sakumplitna
Teras dipasih nyawa
Bagerak diwuwuh batuk
Nyah baé socana beunta
29. Abong ciciptan utami
Nalika socan ningali
Ngarérét ka alam kabéh
Nabi Adam seug nyarita
“Alhamdulillah, Ya Robbi”
Malaikat banget maphum
Reh Adam enyaan mulya
30. Minangka mahluk Illahi
Adam nu wujud manusa
Misadar damelan Alloh
Yén alam reujeung eusina
Alloh nu kawasana
Nu nyipta sarta nu ngatur
Puji syukur ka Mantenna
31. Para malaikat bakti
“Yarhamukallah, yaa Adam
Mungguhing rohmatna Alloh
Ngagolontor ka salira
Bagéa anjeun Adam,”
Lajeng aranjeunna sujud
Tandaning ka Adam hurmat
32. Béda deui reujeung iblis
Bujeng-bujeng hayang hurmat
Iblis boga sipat sombong
Ka Alloh gawéna baha
Kana paréntah nolak
Padahal Alloh midawuh
“Naha anjeun henteu hurmat?”
33. Teugeug ngajawab sang iblis
“Saha anu leuwih mulya?
Tangtu kami leuwih onjoy
Tina seuneu kami apan
Béda pisan jeung Adam
Tina taneuh Adam ukur
Teu pantes kami mihurmat.”
34. Ngadangu pijawab iblis
Benduna Alloh kacida
Iblis diusir dipangloh
Lunta jauh ti sawarga
Ku sabab sawarga mah
Tempat pikeun anu patuh
Taat nyembah ka Pangéran
35. Nanging abong sipat iblis
Diusir kalah nambalang
Nyarita barina songong
“Engké kami ka hareupna
Bakal ngamusuh Adam
Jeung turunanana katut
Jadi musuh salilana.”
Nyambung
0 Response to "WAWACAN: CARIOS NABI ADAM BAGIAN 4"
Post a Comment