RIRIWA KAJAJADEN

Ku Endang Sobarna,

Guru MI Negeri 1 Garut


Ngadenge tatangga rek aya nu lahiran hate jadi milu ratug teu pupuguh sok inget ka pamajikan anu baheula ngalaman ngalahirkeun terus pendarahan nepi ka heunteuna si jabangbayina, oge sabab nu lainna peuting ieu teh pas bagian pancen piket ronda di kampung, da puguh sok sanajan kieu-kieu oge kaasup tokoh masyarakat anu kapeto jadi katua kaamanan.

Barang reug ereun kareta lokal anu datangna tabuh 11 leuwih di stasion Cibatu, kuring langsung neangan ojeg mangkal, da puguh lalampahan ka imah teh kurang leuwih aya kana dua kiloan deui.

Sanggeus nepi, gidig ti sisi jalan teh muru imah teu loba sumpang simpang atawa ubral obrol sok sanajan aya babaturan anu naraya. Kuring tetep inget sieu eulat kana kawajiban jeung tugas di wewengkon kampung kuring. 

Nepi ka imah, langsung pakean anu nerap dina awak kuring dibuka terus diasupkeun ka tempat khusus nu  geus ku pamajikan disiapkeun, paribasa cenah ayeuna mah lamun teu urang gumati kana kondisi bakal gancang katerap panyakit aneh anu keur kiwari rame dicaritakeun.

Reureuh sakedeung bari barang dahar anu geus ku pamajikan disampakeun ti beurang na keneh jigana mah, sok sanajan geus tariis, tapi ari keur lapar mah nikmat we karasana teh. Sangeus rengse dahar jrut kuring turun ti imah bari biasa mawa paalatan keur jaga peuting nyaeta batre oge pakarang bedog si kukut nu sok marengan maturan nguriling ngajaga kaamanan kampung.

Jrut ka luar ti imah, katinggali masih keneh katempo aya ketua erwe jeung sababaraha warga anu keur ngobrol ngabahas program anu rek digawean ku para pamuda dina raraga ngeusi jeung nyambut milangkala bangsa anu  ka-75, kuring ge apal maranehna kakara beres aya kumpulan tokoh masyarakat anu tempatna di imahna pak guru dan jaman kiwari mah informasi teh bisa gancang katarimana. Jigana mah kakara beres tabuh 12 peuting, jeung deui cenah isukna katua erwe teh kudu ngaluluguan kagiatan program pamerantah nyaeta Padat Karya Tunai (PKT). Kuring ge surti jeung teu pati loba tatanya da geus puguh apal kana program manehna.

Kuring pamit ka anu keur ngariung, yen rek nguriling heula ninggali kondisi lingkungan. Jam harita mun teu salah tabuh hiji leuwih dua puluh menit mah.

Kuring biasa, jeung kaasup ludeung nguriling sorangan maklum ampir tiap balik  gawe datang ka imah teh sok ampir tengah peuting wae, jadi geus biasa nyorangan lalampahan peuting teh.

Geus ampir tilu parapatna kuring ngulilingan lembur teh, alhamdulillaah tatangga anu kacaritakeun rek lahiran anakna bi isah oge geus teu jadi hariwang sabab katinggalina ge aman jeung aya dulurna oge anu ngemitan.

Palebah juru lembur kabeneran aya tatangga anu ngabogaan balong sok sanajan beda erwe ku kuring sok diteang oge, malah anu tara katingaleun mah ku sok nyenteran balongna resep niggali sing garudibegna lauk, da puguh atuh mun keur aya milik gede sok milu mancing di eta balong.

“Herggh...herggh...serr...” Kuring reuwas ngadenge eta sora anu datangna di hiji imah anu kabeneran listrikna pareum. Imah eta teh kakara aya dua bulan katukang nu ngotrakna pindah, kuring ge teu apal naon masalahna mah.

Inget sawatara katukang yen kondisi ayeuna loba residivis anu keur liar oge loba warga anu kaluar alatan kondisi ekonomi anu keur teu jelas kieu akibat pandemi covid-19 teh, jadi pikiran teh geus goreng we.

Kuring beuki reuwas, sabab disenteran di imah eta teu katempo aya sendal atawa sapatu atawa urut tapak sendal atau sapatu.  Ku kuring haben disenteran bari jeung rada was was oge, maklum atuh aya kasebutna di belah dinya teh cenah sok aya papanggihan.

Bari jeung rada sieun oge, kuring ngahaja nanya make sora rada tarik supaya mun aya jalma di jero supaya gancang kaluar. Ku kuring disenteran palebah gorden, “Herggh...herggh...serr...” sora eta kadenge deui, terus gordeng teh rada nyingsat jiga aya jelema anu ngahaja no’ong kusabab sieun. Kuring teu eleh geleng, ku kuring ditantang ka eta anu aya di jero imah teh.  “Herggh... herggh... serr...” sora eta kadenge deui, sambil nyekel senter, kuring ge ngaluarkeun bedog sikukut anu satia maturan.

“Saha eta di jero?” ceuk kuring bari rada nyentak..., nu di jero hare-hare, tetep ngaluarkeun sora anu jiga jelema keur sare tibra, tapi pas disenter masih tetep katinggali jiga aya anu nyuaikeun reregan. Asa dioconan atuh kuring tambah nyaring nanya bari nyentak, “saha maneh?, kaluar gancang..” bari nyolegrengkeun bedog. Tetep nu di jero imah eta teh teu ngajawab, malah ngaluarkeun sora nu sarua. “Beu naon atuh nu dijero teh” gerentes kuring ba-boa lain jelema. Aya rasa was was oge sieun sabab kakara ayeun kajadian jiga kieu karandapan ku  kuring.

Guprak... aya sora panto muka, tapi lain ti imah anu ku kuring keur disenter, datangna ti belah katuhu. Atuh tambah reuwas, jantung tambah ratug, reuy... mun katinggali mah jigana bulu punduk narangtung ceuk anu rahul mah. Tapi kuring tetep nahan kasieun, era atuh ma enya ketua kaamanan kudu lumpat mah.

Pecenghul aya jelema diharudung ku sarung, terus naya ka kuring, “aya naon mang akot?” . sawatara mah kuring reuwas, tapi ari geus disidik-sidik sing horeng pak Guru anu imahna tadi dipake rapat ku ketua erwe jeung tokoh masyarakat. Atuh asa bungah kuring teh aya batur, tuh kuring jadi nambah wawanen, terus kuring neruskeun nanya ka jelema ceuk pikiran kuring jelema gejul atawa maling. Malah pak Guru ge milu nyentak nurutan kuring aya kana lima kali na mah.

Kurang leuwih aya kana saparapat jam kuring jeung pak Guru nanya make sora rada nyentak ka eta mangkeluk anu teu ngajawab-jawab, malah sempet pak Guru mah lumpat ka tukang imahna, teuing rek naon.

Belesat aya nu bodas asup ka buruan imah pak Guru, terus aya nu merik, atuh tambah reuwas, tu’ur rada noroktok oge, eh jadol teh  sing horeng ucing bodas mawa beurit diberik ku ucing sejenna.

Sanggeus pak Guru datang deui, jigana mah geus sibeungeut sempet ngobrol ngenaan kuring anu ngontrol sosorangan. Malah pak Guru boga ide nelepon erwe, ngan hanjakal teu diangkat jigana mah geus sare. 

Sambil kuring tetep nananya oge nyenteran ka imah kosong anu poek, pok teh pak Guru ngomong... naha eta sora teh tetep kitu jeung nyuai-nyuai gorden dina jeda waktu anu ampir sarua, boa-boa lain jelema. Terus pak Guru teh jigana nginget-nginget kajadian kamari, waktu manehna keur aya di hareup. Sempet nempo yen nu boga imah mawa plastik anu eusina emping, jiga na kakara mawa ti wetan, sabab anu sabagianna sempet didaraykeun di buruan imahna, terus ceuk manehna oge pamajikan nana sempete mawa kipas angin. Jiga na anu boga imah teh nyimpen emping anu teu sempet didaraykeun di imah kosong tadi terus make kipas angin supaya teu jamuran.

Sanggeus dipikir-pikir omongan pak Guru aya benerna meureun, bari jeung rada hariwang ge kuring ngahajakeun ngadeukeutan eta imah kosong anu poek terus disenter ka jerona, ari sing horeng bener. Loba emping di jerona anu keur diangin-angin ku kipas angin. Atuh kuring jadi seuri sorangan mun beurang mah katinggali meureun beureumna ieu benget. Dasar RIRIWA KAJAJADEN he..he..

Sanggeus jelas euweuh nanaon, antukna kuring ngobrol  ngaler ngidul jeung pak Guru di imahna bari disuguhan kopi jeung bangkerok ketan bodas make su’uk nepi ka satengah tiluna.


Ieu carita dumasar pangalaman pribadi, ditambah sautak-saeutik pikeun nambah rame.

Nu nyieun : Endang Sobarna, Guru MI Negeri 1 Garut

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "RIRIWA KAJAJADEN"

Post a Comment