CARPON: LAIN KIEU

Ku Asikin Hidayat


Sanggeus rérés maca hiji carpon dina Manglé, Mahmud ngoréjat bari terus ngomong dibarengan pakupis jeung pepeta.

“Lain kieu!” pokna, ka dirina sorangan.

Majalah Manglé digulungkeun, sup kana saku tukang calanana. 

“Aing kudu néangan pangarangna. Asikin! Aing nyaho di mana dia!”

Leumpang ngagedig nuju ka lembur padumukan pangarang carpon nu maké sandiasma Asikin. Mahmud apal ka éta jalma. Sanajan can kungsi wawuh enyaan, saeutikna manéhna kungsi ngariung dina hiji forum. Poho deui forum naon, da harita Asikin mah cakah-cikih jadi panitia, manéhna jadi pamilon. Kungsi pataréma leungeun, sasalaman. Saterusna teu kungsi panggih deui. 

Enya, teu kungsi wawuh pisan. Nu jadi kahéran, ti mana pangarang Asikin meunang ideu carita anu eusina éstuning sabeuleugeunjeur ngeunaan pangalaman hirup manéhna. Nu jadi pasualan, lain duméh pangalamanana diangkat jadi hiji carita, tapi lantaran ending-na anu teu luyu jeung kanyataan.

“Lain, lain kieu ...!” manéhna gugulunuk sapanjang jalan. Gulungan Manglé  dikaluarkeun deui tina saku calana, dikeupeul satarikna, nepi ka rikes.

Ngangkat pangalaman hirup hiji jalma dina wangun carita, komo dina wangun fiksi, sagemblengna jadi hak pangarang, ceuk pamikir Mahmud. Rungkal-réngkol bungbu carita mutlak hak pangarang. Teu aya nu kudu diprotés. Nanging, sok kumaha baé oge, pangarang kudu gugon kana réalita. Ulah dapon engab nyieun kalimah nepi ka aya hiji pihak atawa jalma anu kasigeung lantaran réalita dibaékeun.  

Contona manéhna. Mahmud. Pangsiunan PLKB anu kungsi balitungan nyanghareupan wiwirang sabab dituduh salingkuh jeung pamajikan batur, ngarasa kasigeung mamaras akal, sabab ending carpon tulisan Asikin teu sarua jeung nu kaalamanana. 

“Aing kudu ngébréhkeun bebeneran!” cenah ngagorowok tarik. “Jalma-jalma nu kungsi maca éta carpon kudu apal kana perkara nu sabenerna dialaman ku aing. Lamun henteu, pikiran batur bakal salawasna goréng ngeunaan diri aing.” 

Mangkaning anu maca Manglé jumlahna lain saeutik. Rébuan! Geus tangtu imej goréng bakal sumebar kitu baé. Ti nu maca ka nu maca, ti nu maca ka nu teu maca, ti nu teu maca nanging ngadéngé ka nu teu maca sejenna tapi can ngadéngé. Beja pabéja-béja. Acan lamun carita nu nerekab téh ngarekahan, ti pondok jadi panjang, ti heureut jadi lega. Kanyataan beuki jauh tina enya. Ieu anu dipipaur. Inggis gambaran umum ngeunaan diri Mahmud sirna alatan béja jeung carita anu teu luyu.

Leumpang ngagedig dibarengan ku amarah nu teu kaampeuh, bet inget kana lalampahan Sayyidina Umar Bin Khottob nalika gaduh niat ngontrog Kanjeng Nabi Muhammad. Nanging,  naha manéhna bakal leumpeuh  rasa sakumaha Sayyidina Umar ngarumpuyuk leuleus sabada ngadangu kalimah-kalimah Al Qur’an anu éndah digalindengkeun ku raina pituin anu keur ngabaladah ngaos di bumi Kanjeng Nabi?

Mahmud ngarandeg. Sakedapan pikiranana muter ngolah pibalukareun anu bakal kasorang. Ulah nepi ka kaayaan jadi tibalik. Niat Mahmud ngontrog pangarang Asikin seja némbongkeun kanyataan anu samistina ditulis, lain hal-hal absurd anu bisa nuyun pikiran masarakat kana pikiran négatif. Jeung geus sawadina wé, pangarang nulis hal-hal anu luyu jeung réalita pangalaman. Lamun téa nyieun bungbu, ulah nepi ka malah olab nu maca. Samara kudu diukuranan, uyah gulana masing saimbang. 

Sanggeus mikir rada uleng, Mahmud meunang kacindekan, yén lalampahan nanjeurkeun bebeneran kudu diteruskeun. Euweuh nu kudu dipikagimir. Tibang nyanghareupan pangarang, naon héséna! 

Anjog di imah Asikin téh  masih kénéh dibarengan napsu. Napasna ngahégak nahan amarah.

“Mangga linggih,” ceuk Asikin ka Mahmud.

“Teu kudu diuk,” témbal Mahmud ketus. “Di dieu baé.”

Pasemon budi amprotan dipasang sakumaha mistina, ngarah sima kaluar sarta nu disanghareupan gimir. Tapi Asikin, si pangarang fiksi saeutik gé teu katémbong miris.

“Teu saé ngobrol di lawang. Hayu ah, di lebet.”

Kapaksa Mahmud asup. Awakna rada digilisirkeun kana dada Asikin.

“Kumaha, Pa Mahmud, aya pikersaeun naon?”

“Karangan di dinya, carpon téa!”

“Euh, salira maos carpon abdi? Kumaha kitu?”

Derekdek Mahmud nyarita, yén anu dicaritakeun ku Asikin dina carpon ‘Balitungan’ téh sabenerna carita ngeunaan dirina. Kaalaman ku manéhna basa mancén gawé jadi PLKB di Bantarujeg. 

“Aduh, kutan carios ngeunaan Pa Mahmud? Ya, ampun...! Hapunten atuh, manawi téh teu aya nu ngalaman sanyatana,” ceuk Asikin.

“Dina carpon di dinya, ditulis ngaran tokoh utamana ‘Mamat’, sabenerna éta téh ngaran sayah, Mahmud. Moal hélok sayah mah!”

“Oh, kutan? Ku kaleresan atuh nya.”

“Ngaran awéwéna Sumirah, nu sabenerna Rusminah. Pamajikan si Dudi, lalaki nu ngarogahala kuring di jalan antara Padarek-Bantarujeg.”

Asikin ngembang kadu. Teu nyangka sacongo buuk rék nyanghareupan nu protés alatan carpon anu ditulisna. Salila jadi pangarang carpon, can kungsi tepung jeung karerepet. Lancar-lancar baé. 

“Sakali deui, hapunten atuh abdi. Da saleresna teu aya niat ngabolékérkeun salira liwat carpon.”

“Déngékeun!”

Disentak téh Asikin rada reuwas oge. Mun seug ieu jalma ngajak gelut, geus tangtu moal kalayanan. Piraku pangarang kudu gelut? Mangkaning pangawakan Asikin keur begang téh kurang tanaga. Lamun dina kapaksana ngalayanan gelut, karék sageprakan gé  geus ngajurahroh boa.

“Pangna sayah datang ka dieu, lain rék nyasalah di dinya pédah nulis carpon. Henteu.”

“Oh... Upami kitu, badé naon atuh?”

“Rék menerkeun pakta!”

“Pakta?”

“Nu rék diprotés ku sayah téh ending-na, pamungkas caritana, teu sarua jeung nu kaalaman ku sayah.”

“Naha bet kedah sami? Apan nu dicarioskeun ku abdi mah sanés carios ngeunaan Pa Mahmud. Tapi Mamat. Waruga lian anu tangtos bénten ti waruga Bapa. Nu dicaritakeun ku abdi éstuning sawangan wungkul, teu aya patalina sareng kahirupan Bapa.”

“Nu dicaritakeun kabéh ngeunaan sayah, Asikin. Perkara kahirupan sayah!”

“Teras kumaha?”

“Di dinya téh pangarang anu sawadina ngarti kana éksés nu bakal karandapan ku waruga anu jadi lalakon dina karangan dia. Lamun dia nulis salah, akibatna bakal ngépék ka diri nu ngalamanana. Palebah dieu, sayah!”

“Okéh, okéh! Lamun enya éta carpon ‘Balitungan’ téh ngeunaan diri Pa Mahmud, pék tuduhkeun lebah mana anu salah tulis?”

“Ti tadi gé geus disebutkeun : ending-na!”

“Okeh, kumaha kitu?”

“Kieu, Asikin,” Mahmud nyaritana rada leuleuy. “Naha kabenerean atawa henteu, tapi nu maranggung dina carpon ‘Balitungan’ dia kabéh pakait jeung kahirupan nu karandapan ku sayah. Sayah teh PLKB – sakumaha nu disebut dina carpon dia – anu kungsi dijagragkeun ka pangadilan désa ku sabab dituduh salingkuh jeung pamajikan batur. Dina carpon dia disebutkeun, yén masalah réngsé sanggeus Rusminah, eh, Sumirah ngaku yén  kajadian salingkuh teh sabenerna rékayasa Sumirah sorangan ku sabab hayang misah jeung salakina, Dudi. Harita – sakumaha nu ditulis ku anjeun - Sumirah nyieun surat ditujukeun keur Mamat, sarta ngahaja sina dibaca ku Dudi salakina, nepi ka salakina ngarogahala Mamat. Saterusna Mamat dijagragkeun di meja sidang désa anu dipingpin ku kuwu.”

Asikin ukur ngembang kadu. Hélok. Lamun bener kajadian dina carpon nu ditulisna kaalaman ku Mahmud, mungguh hiji hal anu kabeneran pisan. Jadi panasaran, kumaha sabenerna ending nu sakuduna ditulis.

“Sakuduna pangarang, ceuk pamikir sayah, ulah gura-giru nyieun kacindekan. Aya sisi kamandang séjén anu kudu jadi tinimbangan. Ulah pundat pamadegan,” Mahmud semu nu mapatahan. Asikin ukur unggut-unggutan tanda ngaenyakeun. “Tulis sagala rupa nepi ka tutas!” pokna deui.

“Tapi lamun carpon kuring ditulis nepi ka téték bengék, tuluy carpon jadi panjang pisan, bakal ngaleuwihan kuota kaca anu disayagikeun ku majalah nu rék ngamuatna. Panjang teuing boa moal dimuat.”

“Teu adil nu kitu téh ngaranna. Sakuduna media leuwih laluasa nyadiakeun kaca geusan ngamuat karya sastra. Média anu teu nyayagikeun rohang sastra anu laluasa bisa dijagragkeun ka pangadilan, bisa ditungtut sacara hukum.”

Asikin jadi beuki hélok ku kekecapan Mahmud. Ngarasa anéh bae, naha enya aya media massa anu bisa dijagragkeun ka pangadilan alatan teu nyayagikeun rohang sastra?  

“Ke heula, sabenerna dia teh PLKB atawa pengamat sastra?”

“PLKB nu mikaresep sastra.”

“Nulis carpon?”

“Henteu, ukur maca. Neuleuman karya sastra. Teu leuwih ti éta.”

“Geus, geus... Cikan, kudu kumaha sayah nulis eta carpon sangkan katarima ku anjeun?” ahirna Asikin maké basa omhang, sangkan suasana leuwih leyur.

“Kieu, Sumirah mémang ménta dihampura, kasaksian ku saréréa. Dudi salakina, ninggalkeun tempat sidang sabab ngarasa diwiwirang ku pamajikanana,” Mahmud nyaritana ngarandeg heula.

“Terus?” Asikin panasaran.

Ceuk Mahmud, balik ti tempat sidang téh pasualan henteu tutas kitu baé. Kokom, pamajikan Mahmud, teu percayaeun yén Mahmud kacilakaan labuh tina motor. Padahal alesan yén manehna tabrakan di jalan ditepikeun béak karep. Didongéngkeun yén tadina kagok ku nu ngaliwat, setir motor digiwarkeun ka kénca. Jebul téh mobil angkot, guprak baé kadupak. Tuluy labuh. Nyorodotna gé nepi ka lima méter, da motor kaséséréd spakbor angkot.

“Piraku aya labuh tina motor meuni gareuneuk kawas nu beunang neunggeulan? Apa mah tas gelut meureun, nya?” ceuk Kokom.

“Sing demi, Kokom, Apa téh kacilakaan,” témbal Mahmud bari ngabalieur. Gura-giru moro ka cai, seja ngaberesihan awak nu kalotor akibat digaley ku tilu jalma. Gagancangan moro ka cai téh ngarah Kokom teu kapapanjangan nanya. 

Usaha sangkan Kokom jempé saheulaanan hasil. Teu kapireng deui Kokom tatanya atawa cacarita. Mahmud gegerenyeman ngucap hamdallah, bari saterusna ngadoa sangkan ulah aya rambat kamalé. 

Acan gé tutas meresihan awak, na ari gantawang téh Kokom nyarékan ti luareun kamar mandi. 

“Gelut! Geus pasti gelut marebutkeun awéwé! Ngakuuuu...!”

Guprak sada panto kamar mandi ditajong, atawa diteunggeul maké nanahaon. Mahmud reuwas lain dikieuna. Gancang ngarawél anduk, tuluy disampingkeun tibang nutupan orat. Panto kamar mandi dibuka.

“Naon ieu, hah!?” ceuk Kokom bari ngiwir-ngiwir sacewir keretas.

Astagfirullah! Mahmud ngajerit dina jero hate. Ku lalawora ari aing, gerentesna. Anu geuneuk ayeuna lain baé bagian-bagian anu kateunggeul ku tilu lalaki téa, tapi sabudeur beungeutna bener-bener geunteul. Aya ku poho, kertas surat beunang Rusminah keur ngalejokeun salakina, anu dipaké bukti dina sidang di balé désa téa, bet kalah disakuan!

“Rék mungkir naon ayeuna, hah? Bukti geus aya!”

“Kokom....!”

“Paingan sering pisan ka luar ti imah, teu beurang teu peuting, teu isuk teu sore. Alesan aya tugas, ngurus akseptor KB, ngurus sagala hanteu. Buktina, nyéléwéng di satukangeun Mamah!”

“Eu...eu....!”

“Ayeuna kénéh Mamah ménta disérahkeun! Teu sudi Mamah boga salaki PLKB salingkuh jeung Kader Pos KB. Teu sudi!”

Asikin hookeun ngabandungan dongéng Mahmud. Carpon ‘Balitungan’ anu cenah ceuk Mahmud nyaritakeun dirina, mémang teu nepi ka lebah dinya. Teu aya niat ongkoh nulis nepi ka palebah dinya. Barina ge teu kudu sarua jeung nu kaalaman ku Mahmud. 

“Nyaho teu ending  rumah tangga nu kaalaman ku kuring?” ceuk Mahmud bari rada cumalimba. Kawasna manehna ngarasa sedih ku reuntasna rumah tangga akibat dihihileudan ku pamolah Rusminah, atawa Sumirah sakumaha dicaritakeun dina carpon anu ditulis ku Asikin. 

Asikin gigideug. 

“Kuring jeung Kokom papisah, pepegatan. Lalakon amisna rumah tangga tamat di hareupeun hakim pangadilan agama. Kokom teu bisa dipapahayu. Sipat timburuanana kaleuleuwihi.”

“Deudeuh teuing...,” Asikin ngagerendeng. Kawasna tamba hanteu teuing ngoméntaran carita ‘sedih’ Mahmud.

“Nyaho teu lalakon kahirupan kuring saterusna?”

Deui-deui Asikin gigideug.

“Kuring teh putus harepan, hirup lir langlayangan pegat. Teu nyaho kudu di mana nya eunteup. Poé-poé nu rék disorang lir lautan padang pasir nu upluk-aplak bari ngahéabkeun hawa panas nu lain meueusan. Sering kuring napakuran diri, salah naon ari kuring, bet meuni kabina-bina nandangan tunggara. Padahal salila ieu talajak téh meuni diukuranan, léngkah gé diwatesanan sangkan ulah ngaliwatan gurat rél anu geus ditangtukeun. Kuring geus ngupayakeun sangkan hirup jujur jeung bener.”

Palebah dieu Asikin teu bisa méré koméntar nanaon, iwal ti teleb ngabandungan. Daya imajinasi Asikin kalah liar, kawasna dongéng Mahmud aya hadéna lamun jadi bahan tuliseun. Na jero haté Asikin seuri. Nuhun, Mahmud, gerentesna.

“Ku asa diteungteuinganan dituding salingkuh, bari euweuh hampura, lain baé ti Kokom, tapi oge ti duduluranana, ngabalukarkeun dina haté kuring timbul nékad.”

“Nékad kumaha?”

“Kapalang guyur, kapalang ibur, Rusminah anu sawatara waktu jadi sumber kaceuceub kuring, sabab alatan manéhna kuring pegat jeung Kokom, ku kuring diajak kawin.”

“Oh, kitu? Daekeun Rusminahna?”

“Alhamdulillah, daekeun. Rumah tangga kuring lumangsung kalawan dibarengan ku kabagjaan anu munel. Kuring jeung Rusminah bungah teu aya papadana.”

“Alhamdulillah, tah geuning, pan ahirna mah Gusti Allah maparin jalan anu saé kanggo Pa Mahmud.”

“Enya,” ceuk Mahmud, paromanna tembong marahmay. “Eta ending anu kudu ditulis ku anjeun teh. Carita anu tutas, henteu ngabuntut bangkong. Geus nya, kitu baé. Mun bisa, diralat tah carpon ‘Balitungan’ téh, sangkan nu maca apaleun kahirupan Mamat atawa Mahmud nu sabenerna.”

Gejlig Mahmud ninggalkeun Asikin nu masih kénéh ngembang kadu. Sajongjongan Asikin masih bisa nempo tonggong Mahmud, méméh saterusna méngkol muru ka jalan gedé.

“Tos angkat tamuna?” sora pamajikan Asikin ti rohang tengah. Goloyoh nyampeurkeun salakina, terus ngalende semu nu ogo.

“Kokom, bageur. Ah, tamu anéh,” ceuk Asikin bari ngarangkul Kokom. Celepot tarangna dicium.

Mahmud, gerentes Asikin, tapi anjeun teu apal énding anu sabenerna. Kokom, urut pamajikan anjeun, ayeuna jadi pamajikan kuring ….***

 



Majalengka, 2013


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "CARPON: LAIN KIEU"

Post a Comment