SINTA

Ku Asikin Hidayat

SERI CARITA RAMAYANA

(Tarjamah bébas tina Kitab Ramayana, C. Rajagopalachari)


Bagian 6: 


SINTA


Kocap, jeneng hiji raja agung tur wijaksana, jenenganana Janaka. Anjeunna téh pupuhu Karajaan Mithila. Sobat dalit Raja Dasarata anu teu kinten dipihurmatna. Nalika Raja Dasarata ngalaksanakeun upacara kurban sesembahan geusan meredih katurunan, utusan anu dikintunkeun ngogan Raja Janaka téh mungguh utusan petingan.


Salian dipiwanoh minangka raja anu meuweuh ku kawani, Janaka téh hiji ulama anu nyangking elmu pangaweruh kaagamaan anu kawilang munel. Kitab-kitab sastra jeung Wéda dicangkem satata jeung kaweruh para resi. Anjeunna téh murid kameumeutna Yaznawalkia. Pangajaran Brahmajnaana anu dicangking ti guruna, satemenna intisari tina Brihadaaranyakopanishad. Dina Bagavad Gita, Sri Kresna nyebatkeun yén Janaka téh hiji conto Karmayogin anu kamashur. Ku sabab kitu, pantes pisan upama anjeunna jadi bapa Déwi Sinta anu jaga bakal jadi pamajikan Rama minangka titisan Batara Wisnu.


Hiji mangsa, Janaka gaduh kapalay ngayakeun upacara kurban sesembahan. Lajeng baé anjeunna nyiapkeun lahan geusan jadi tempat upacara téa. Sakumaha tali paranti, anjeunna ngadekul maculan lahan, ngabébérés tempat upacara ku nyalira.


Nalika nuju tonggoy nyayagikeun tempat upacara, Janaka mendakan orok beureum kénéh pisan, ngagolér dina sesela rungkun. Lantaran teu ngagaduhan putra, si orok téh diangken janten putra.


Bari ngais orok, anjeunna nepangan istrina sarta pok sasauran: “Nyimas, tingali ieuh. Kakang nimu orok di sesela rungkun tempat upacara sambéang. Taya lepatna lamun urang angken baé ieu orok jadi anak urang.” Kalayan dibarengan ku hate anu bungah lain dikieuna, sang praméswari ngamuhunkeun cariosan carogéna.


Mun pareng kasaksian, gunung-gunung nu ngalamuk ti jauhna, diwuwuh éndahna langit nu dipapaés méga bodas, tatangkalan héjo ngémploh, sarta pasawahan anu upluk-aplak, pada-pada nyamuni di satukangeun kalangkang jeung lalangse, satemenna kabéh hayang milu munjulkeun kageulisan Déwi Sinta anu dirorok ku Janaka miwah prameswarina. Sakur pangeusi alam banget miajrih Déwi Sinta, numawi teu aya hiji ogé anu hayang tembong onjoy ngalangkungan geulisna Déwi Sinta. Awahing ku geulis, nu ngarorok téh lain baé ibu rama angkatna, nanging ogé para inang ti sawargaloka. Dugi ka Déwi Laksmi ku anjeun kersa lumungsur mangnyandakkeun cidéwata (cai kadéwataan) pikeun ditinyuhawor jeung cisusu leueuteun sang Déwi. 


Nalika dugi kana mangsana Déwi Sinta unggah ka balé nyungcung, Janaka banget ngaraos kingkin. Satemenna, anjeunna alim papisah jeung putri kadeudeuh, nanging apan Nyi Putri geus mangsana rumah tangga. Sanajan kitu, teu ku hanteu pijodoeun Déwi Sinta téh banget ku susah. Teu acan aya nu repok jeung mamanahan. Loba raja anu datang ngalamar, nanging teu acan aya nu pantes geusan migarwa Déwi Sinta. Sanggeus nimbang taraju sababaraha lami, antukna anjeunna ngadamel hiji kaputusan.


Ras Janaka kana pusaka pangwaris Batara Baruna mangrupa gondéwa Rudra lengkep jeung anak panahna. Ieu gondéwa lain gondéwa samanea. Manusa biasa mah moal sanggup ngangkat ieu gondéwa sumawona mentangkeunana. Kacida wijaksanana lamun ieu pusaka dijadikeun pasaratan geusan calon-calon picarogéeun Déwi Sinta. Iwal anu dipaparin pribadi luar biasa anu bakal bisa ngagunakeun ieu godéwa sarta mentangkeun anak panahna lempeng panteng kana sasaran, sarta nya anjeunna pisan anu pantes migarwa sang Déwi, janten mantu Sang Janaka.


“Anu pantes migarwa anak kaula iwal anu mampuh ngangkat, mentangkeun, sarta ngaleupaskeun busur Syiwa paméré ti Batara Baruna,” kitu kasauran Sang Janaka.


Ngareungeu warta yén Déwi Sinta geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina, para pangéran ti suklakna ti sikluna daratang ka nagri Mithilia. Hanjakalna, teu aya saurang ogé anu mampuh nyukupan kana sarat anu ditibankeun ku Raja Janaka. Bujeng-bujeng mentangkeun sarta ngabelesatkeun anak panah, dalah ngangkatna baé ogé teu aya nu sanggup.


***

Kocap, di tempat séjén, rombongan anu diluluguan ku Wiswamitra katut kairing ku Rama jeung Lesmana, keur nikreuh badarat nuju ka Mithilia. Barangbawaan, bebekelan jeung sapuratina diangkut kana padati kayu anu ditarik ku sapi jalu. Sasatoan jeung manuk-manuk aashrama satemenna wakca hayang milu ngabring, ngan ku Wiswamitra dihulag, di sina tunggon lembur.


Poé geus cueut ka soré nalika rombongan nepi ka walungan Sona. Di dinya rombongan ngadon istirahat salila sapeuting. Ka Rama jeung Lesmana, Wiswamitra ngadongéng ngeunaan tempat anu ayeuna keur dianjrekan pikeun meuting. Kalawan daria ieu dua satria ngabandungan nepi ka tarunduheun sarta sararé nepi ka isuk.


Rébun-rébun, rombongan taranghi, sarta tuluy neruskeun badaratna. Ti dinya maranéhanana meuntas walungan Sona anu teu pati jero. Kira tengah poé anjog di walungan Gangga. Di ieu walungan, maranéhna marandi meresihan diri, sarta sakalian ngalaksanakeun upacara nyucikeun diri. Meungpeung di aya di walungan suci. Sanggeus kitu, para resi anu ngiringkeun Rama jeung Lesmana meresihan hiji tempat pikeun ngalumangsungkeun upacara puja. Réngsé éta, ngariung murak bebekelan, ngaradon dalahar. Sanggeus kitu, dariuk ngalingkung Wiswamitra. Kalawan paménta ieu dua pangéran, Wiswamitra ngadongéngkeun perkara walungan Gangga.


Ieu eusi dongéng Wiswamitra ngeunaan walungan Gangga: 


Jaman baheula pisa, aya hiji raja anu katelah Raja Sagara anu ngawasa Karajaan Ayodya. Geus lila pisan Raja Sagala teu ngagaduhan putra. Kalawan disarengan ku dua praméswarina, Déwi Kesini jeung Déwi Sumati, jengkar ka Pagunungan Himalaya sarta ngalakonan tapa brata. Resi Sarta teu pati lami, tapa brata aranjeunna kenging barokah ti Resi Bhrisu. “Anjeun, Sagara, bakal miboga anak anu loba sarta bakal meunang kamashur anu moal laas ku waktu. Salah saurang ti praméswari anjeun di antarana bakal maparinan anjeun hiji anak sarta barokahna mangrupa garis katurunan wangsa anjeun anu bakal tumerus nepi ka ahir jaman. Sedengkeun, pamajikan anjeun nu hijina deui bakal ngalahirkeun genep rébu anak anu kabéhanan saréhat jeung karuat.


Kantenan praméswari Sagara, duanana mihatur sujud ajrih ka sang resi sarta tumaros, saha di antawis anu duaan anu bakal ngalahirkeun genep rébu anak téh. Ngadangu panalék ti ieu dua praméswari, sang resi malik naros ka aranjeunna ngeunaan naon anu dipikapalay ku duanana.


Déwi Kesini ngawaler, yén anjeunna ngaraos cekap ku ngalahirkeun hiji putra anu bakal neruskeun katurunan; sedengkeun Déwi Sumati langkung milih ngalahirkeun genep rébu putra.


“Syukur lamun éta kahayang aranjeun,” saur Resi Bhrisu.


Kalawan pinuh ku kabungahan, raja miwah dua garwana amitan ka Bhrisu mulang ka Ayodya. 


Luyu jeung bagilirna waktu, Déwi Kesini ngalahirkeun Asamanjas; Déwi Sumati ngalahirkeun  genep rébu orok. Éta orok nu genep rébu téh dirawat ku para inang kalawat gemet tur tulatén.


Taun demi taun kalarung, genep rébu putra Déwi Sumati tumuwuh jaradi sinatria garagah, karasep karuat jeung saroleh, sedengkeun Asamanjas mah sabalikna, malah tumuwuh jadi hiji pangéran anu jahat, telenges jeung kejem. Asamanjas karesepna ngalung-ngalungkeun budak leutik ka walungan. Lamun seug ningali budak nu dialungkeunana roroésan ngalawan cai palid sarta terus perlaya, manéhna ngarasa bungah kabina-bina. Teu sirikna seueurian bari ajrag-ajragan. Petana kawas kitu téh tumerap nepi ka manéhna déwasa sarta rumah tangga sarta ngagaduhan putra, Amsuman. 


Nyeueung kalakuan Asamanjas kitu peta, teu anéh lamun loba jalma anu miceuceub ka manéhna. Asamanjas dialusir ti karajaan. Untungna baé anakna mah, Amsuman, teu ngabogaan sifat kawas bapana.  Amsuman mah hadé hate, wanian, jeung miboga budi parangi anu luhung.


Nalika Raja Sagara ngalaksanakeun upacara sesembahan kuda, anjeunna mercayakeun ka putuna, Amsuman pikeun nanggel éta upacara. Nanging, Batara Indra anu nyamur jadi raksasa, ngahaja datang bari terus maling kuda sesembahan. Satemenna, upacara sesembahan kuda sarupa kitu téh geus ngabalukarkeun para déwa asa ditangtang. Ku sabab kitu, para déwa mupakat pikeun ngaganggu lumangsungna upacara. Upacara dianggap sukses lamun sagala gangguan anu tumiba bisa diliwatan. Déwa bakal narima kuda sesembahan sarta anu ngalaksanakeun upacara bakal meunang barokah.


Nyeueung kuda sesembahan aya nu ngiwat, raja kacida benduna. Anjeunna langsung ngutus genep rébu putra Déwi Sumati pikeun néangan kuda ka unggal sisikluk nepi ka timuna. 


“Ku leungitna kuda sesembahan,” saur Raja Sagara ka genep rébu putrana, “lain baé ngagagalkeun upacara, tapi ogé bakal ngabalukarkeun dosa jeung éra parada anu kacida pikeun uranga saréréa. Ku sabab kitu, aranjeun kabéh dihiras kudu manggihan éta kuda sesembahan, di mana baé ayana.”


Putra Sagara anu genep rébu bring marangkat ka suklakna ka siklukna, lir siraru anu nyebar ka unggal madhab, seja néangan kuda anu leungit. Tatapi, kuda sesembahan téh lir diteureuy bumi. Laju maranéhna ngagali taneuh. Sinatria anu genep rébu téh awahing ku bingung teu manggih tungtung, ngagali taneuh sapanjangna jeung salega-legana, bari teu maliré aya tempat-tempat suci anu dirumpak. Akibatna, jalma-jalma anu ngarasa yén tanah jeung kapentinganana karumpak, miceuceub ieu genep rébu sinatria. Sedengkeun kuda sesembahan teu baé kapanggih. Sarta nalika baralik deui ka karaton seja ngalaporkeun yén kuda teu timu, sang raja maréntahkeun maranéhna pikeun néangan éta kuda di dunya handap.


Tumut kana paréntah nu jadi rama, genep rébu pangéran ngalaksanakeun paréntahna. Nyata baé, kuda sesembahan téh horéng aya di dunya handap, kapanggih bungkeuleukanana. Kuda téh kasampak keur nyatuan jukut di juru hiji asrama. Teu jauh ti dinya, kasampak ogé Resi Kapila, minangka titisan Batara Indra, keur tatapa.


Kalawan teu mikir panjang, genep rébu sinatria téh nyieun kacindekan yén maranéhna geus manggihan kuda sesembahan malah kapanggih jeung anu malingna ongkoh. Teu antaparah maranéhna nyerbu Kapila. “Héh! Bangsat! Ulah pura-pura jadi patapa, siah!” maranéhna ngagorowok nepi ka handaruan. Sora genep rébu tea atuh ….


Kapila anu tatapana kaganggu, nyah beunta, sarta sapada harita genep rébu sintaria putra Sagara téh awakna kabeuleum sarta teu lila jadi lebu, kuat ka ngagunung atuh lebuna oge. Batara Indra mémang ngahaja ninggalkeun kuda di patapan Kapila sangkan si sinatria anu jumlahna genep rébu téh kahuru ku amarah Kapila. (NYAMBUNG)


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SINTA"

Post a Comment