Bulan
Karya "Jabal Tarik"
Bulan I
Nyawang bulan nu imut ngagelenyu bangun nu isin,
Disimbutan karembong saulas mehong
Atrana ngan saliwatan,
nyampeur harepan nu nyumput siga nu pundung
Ditutupan kamelang nu ngalongkewang
nyingray kalangkang nyipuh diri
meh henteu ringrang.
Bulan II
Aya bulan ti belah wetan,
cahyana peuray siga nu humandeuar,
Rek ngabejaan yen tunggara tacan lekasan.
Aya bulan ti lebah wetan,
mingkin pudar ilang gemprayna
mawa carita nu tacan tamat
Mungguhing Gusti nu pasti ngaturna
kuring bati sumerah diri.
Bulan III
Geuning bulan teh nembongan deui, anteb neuteup imeut siga nu sono
bangun rek mupus kalangkang hariwang
nu kamari ngalongkewang satukangen raga rumingkang.
Geuning bulan teh nembongan deui, caang ngempray mawa komara, eces ngaharewos nepikeun beja ti Nini Anteh yen hidep bakal ginanjar kawilujengan dibekelan pare sageugeus ladang ngahuma di bulan.
Gedong sigrong sisi Pasantren,
6 juni 2020.
0 Response to "Bulan"
Post a Comment