SERI CARITA RAMAYANA BAGIAN 7BAGIRATA JEUNG DÉWI GANGGA


(Tarjamah bébas tina Kitab Ramayana, C. Rajagopalachari)


Ku Asikin Hidayat




Raja Sagara ngarasa teu aya hasilna ngajurungan palaputrana néang kuda korban anu leungit. Sababaraha poé ti harita, anjeunna ngagentra incuna, Amsuman.


“Kaula banget ngarasa hariwang ka anak-anak kaula anu dijurungan ka dunya handap,” saur Sagara. “Anjeun satria gagah perkosa, coba ku anjeun susul ka ditu sakalian mawa wadiabalad sing lengkep. Pangnyaksiankeun naon anu kajadian, sarta ulah waka mulang lamun can mawa hasil.”


Amsuman nyanggupan paréntah Sagara. Manéhna indit nyusul kalawan bari nyalusur tapak para pamanna anu lobana genep rébu téa. Teu lila anjog di dunya handap. Manéhna maparin hurmat ka gajah-gajah perkosa anu ngajaga sakéténg dunya handap. Gajah-gajah téh kalawan perténtang nétélakeun jeung ngagedéan haté Amsuman, yén kuda nu leungit bakal katimu deui, kitu deui para pamanna anu ngariles teuing ka mana téh bakal kapanggih deui laratanana.


Amsuman asup sarta ngajajah ngurilingan dunya handap. Amsuman ngarasa kacida bungahna nalika manggihan kuda korban anu leungit keur ngadaharan jukut di tegalan. Nanging, nalika nempo tumpukan lebu di éta tempat, manéhna ngarasa bingung jeung sedih. Boa tumpukan lebu téh sésa jasa genep rébu pamanna anu garagah téa?


Garuda, si raja manuk, dulurna Déwi Sumati, permaisuri Raja Sagara, kabeneran keur aya di tempat éta. Pok anjeunna nyaros ka Amsuman. 


“Gundukan lebu éta téh satemenna sésa-sésa jasad genep rébu sinatria putra Sagara. Maranéhna kaduruk lantaran amarah anu ngabebela nalika adu hareupan jeung Resi Kapila. Ki incu, pék bawa éta kuda téh sarta geura réngsékeun upacara korban anu katunda téa. Lamun ieu gundukan lebu dipalidkeun ka laut sakumaha adat kabiasaan anu diguratkeun, tangtu jiwa maranéhna bakal tingtrim. Pék geura peredih sangkan Déwi Gangga turun ti kahyangan sarta balik deui ka alam dunya.”


Tumut kana pituduh Déwi Sumati, Amsuman langsung ngadali kuda korban sarta tuluy ditumpakan. Si kuda lumpat mawa Amsuman nuju ka karaton Sagara. Sarta nalika anjog di karajaan, Amsuman nyaritakeun sagala rupa anu karandapan ka Raja Sagara.


Raja Sagara kalintang ngaraos sedihna ngadangu nasib naas palaputrana anu genep rébu. Ku margi kuda korban tos kapendak deui, anjeunna énggal-énggal ngaréngsékeun upacara. Nanging awahing ku kaleleban sarta leungiteun akal kanggo nyumpingkeun Déwi Gangga ka marcapada, anjeunna pupus sapada harita kakubur ku rasa kingkin anu kalalangkungan.


Amsuman salajengna ngadeg janten raja ngagentos Sagara di karajaan Ayodya. Sabadana, anjeunna digentos ku Dilépa, lajeng Dilépa digentos ku Bagirata. Nanging, sakumaha Sagara, boh Amsuman atanapi Dilépa, teu aya anu tiasa nyumpingkeun Déwi Gangga ka marcapada. Amsuman jeung Dilépa tilar dunya dina kaayaan anu pakawatireun.


Kocap Bagirata, raja Ayodya anu ngagentos Dilépa, anjeunna kaseundeuhan pancén anu sami, nyaéta ngondang Déwi Gangga ka marcapada. Bénten sareng anu ti payun, Bagirata mah ngogan Déwi Gangga téh ku cara anu séjén. Anjeunna angkat ka Gokarna sarta midamel tapa brata. Urusan nagara mah dimandatkeun ka para mantri.


Ku margi Bagirata ngalakonan tapa brata kalawan husu jeung panteng pisan, Batara Brahma katajieun sarta anjeunna langsung lungsur nemonan anu nuju tapa. 


“Naon kahayang anjeun téh satemenna?” taros Batara Brahma.


“Upami salira panjenengan kagungan rasa haat ka jisim abdi,” walon Bagirata, “kahiji, paparin abdi anak anu bisa neraskeun turunan kulawarga. Kaduana, ku margi disupata ku Resi Kapila, para luluhur abdi janten gundukan lebu di Patala, sedengkeun jiwa-jiwa aranjeunna bakal tiasa ngahontal sawargamaniloka upami diwasuh ku cai ti Walungan Gangga. Numawi kitu, mugi salira lungsur manah ngupayakeun sangkan Déwi Gangga lungsur ka Patala ti Kahyangan.”


“Para Déwa geus narima tapa anjeun, Bagirata,” saur Batara Brahma. “Ngan, aya hiji pasualan, réhna bumi anu jadi panganjrekan anjeun moal kuat nahan ngagulidagna cai Walungan Gangga. Ukur Batara Syiwa anu bisa ngungkulan tarikna éta ciwalungan. Ku lantaran kitu, pék geura ngadunga ménta pitulung ka Batara Syiwa.”


Tumut kana kasauran Batara Brahma, Bagirata tapa deui. Mati geni. Teu dahar teu nginum, dugi ka ahirna Batara Syiwa luntur manah lungsur nepangan Bagirata.


“Pameredih anjeun ku kaula dicumponan, Bagirata,” saur Batara Syiwa. Kaula bakal nandéan ciwalungan Gangga ku hulu kaula. Pamugi Déwi Gangga maparin welas asih  ka anjeun.”


Sabada Syiwa jangji baris maparin pitulung ka Bagirata, Gangga tatan-tatan seja turun ka marcapada sakumaha paréntah ti Brahma. Déwi Gangga anu kakoncara ku adigungna, nyangka yén manéhna bakal bisa malidkeun sapurati eusi marcapada ku ciwalungan anu dipimilikna. Malah manéhna nyangka yén Syiwa gé bakal palid nepi ka Patala.


Sedengkeun, Syiwa anu ngagaduhan panon tilu téh satemenna palay ngawarah Déwi Gangga. Gangga ngamalir kitu baé kana sirah Batara Syiwa sarta cai anu sakitu ngagulidagna téh tiasa ditandéan ku makuta anu dianggo ku Batara Syiwa. Beuki tarik Déwi Gangga ngagolontorkeun caina, beuki kuat sirah Syiwa nandéanana.


Kajadian éta téh bisa jadi pangajaran pikeun Déwi Gangga, sabab niat ngagulidagkeun cai sarta malidkeun sagala hanteu bisa ditahan ku sirah Syiwa. Nanging pikeun Bagirata mah mungguh matak kuciwa, sabab ngagulidagna cai walungan anu bisa ditahan ku sirah Syiwa téh pikeun anjeunna mah lain malah nyugemakeun. Nu puguh mah kalah nguciwakeun, sabab wewengkon anu dikawasa ku anjeunna mungguh teu kabagian barokahna ciwalungan Gangga. Numawi kitu, Bagirata tatapa deui. Sarta Syiwa terus surti. Anjeunna mihaat kana pameredih Bagirata, sarta ngocorkeun cai tina mastakana ka tujuh walungan leutik.


Tilu walungan di antarana ngamalir ka wetan jeung tilu deui ka kulon. Sedengkeun walungan anu katujuh ngamalir nuturkeun kaayaan haté Bagirata anu kaseundeuhan kabungah anu lain dikieuna. Sakapeung ciwalungan téh murubumubyar, lir ibarat walungan anu ngamalirkeun emas inten jeung berlian. Sakapeung arula arileu lir gambar kaéndahan anu teu aya papadana. Sakapeung naék jeung turun kawas umpalan lambak di lautan dibarengan ku séah jeung biruna nu matak pikaresepeun. Mungguh kajadian anu teu bisa leupas kiu baé tina paningal para déwa nu ngageugeuh kahyangan. Aranjeunna anteng niténan kaéndahan anu keur lumangsung di marcapada nepi ka Patala.


Di satengah perjalanan nuju ka Patala, ciwalungan Gangga téh narajang tatapana hiji resi anu katelah Resi Jahnu. Lantaran ambek, Jahnu nyeuseup ciwalungan Gangga sarta ciwalungan téh lebet kana keupeulan pananganna. Deui-deui Gangga ngaleungit, sarta Bagirata ngarasa bingung. 


Para déwa énggal lumungsur sangkan Jahnu ngahampura Gangga. Lantaran kitu, Jahnu satuju, sarta anjeunna ngaluarkeun kamalir Gangga ngalangkungan liang cepilna. Para Déwa kalintang bingahna, sarta awahing ku bingah, aranjeunna nyarios ka Jahnu: “Gangga ayeuna jadi anak anjeun, Jahnu, kalayan manéhna ganti ngaran jadi Jahnawi, hartina anak Jahnu.”


Sabada éta mah Gangga ngamalir bari teu aya hahalang nanaon. Ngamalir lancar nepi ka Patala, malah tug nepi ka samudra. Dina kaayaan kitu mah, Bagirata tiasa ngalaksanakan upacara geusan nyucikeun gundukan lebu para karuhunna anu genep rébu téa ku ciwalungan Gangga kalawan laluasa jeung dina kaayaan tingtrim. Tangtu bari meredih ka para déwa sangkan para luluhurna anu gugur di Patala téh diangkat ka Nirwana.


Ti harita, walungan Gangga dipiwanoh ogé minangka walungah Baghirati. Hartina walungan anu dikokolakeun ku haté weningna Bagirata.


***


Sabada ngadongéngkeun carita bagbagan walungan Gangga, Wiswamitra maparin barokah ka Rama jeung Lesmana.


“Matapoé geus lumungsur. Yu, kasép, urang sambéang soré di walungan Gangga. Lantaran laku luluhur anjeun, Gangga kersa lumungsur deui ka bumi,” saur Wiswamitra anu terus dihaminan ku Rama jeung Lesmana. 


“Rama, Lesmana, sing saha baé anu ngabandungan carita Gangga sarta napakuran eusina kalawan dilenyepan sajeroning haté, inyana bakal meunang barokah pangmulyana ti sang mahakawasa,” saur Wiswamitra sabada sambéang soré réngsé dilakonan.(*) (NYAMBUNG)







 (NYAMBUNG)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SERI CARITA RAMAYANA BAGIAN 7BAGIRATA JEUNG DÉWI GANGGA "

Post a Comment