Wawacan: Carios Nabi Adam (6)
(Diropéa tina RINGKASAN CERITA AL-QUR’AN KISAH NYATA PENEGUH IMAN: H. Bey Arifin)
Ku: ASIKIN HIDAYAT
Asmarandana:
46. Waktos Nabi Adam lilir
Kasampak aya manoja
Ngadeg di pipir paranjé
Teu wawuh saha-sahana
Lajeng anjeunna gugah
Naros ka nu nuju nangtung
“Nya saha ari andika?”
47. “Duka saha ari kuring,”
Walon halon Siti Hawa
“Nu teges kuring awéwé.”
Mireng kasauran Hawa
Adam kacida bungah
“Deudeuh atuh lamun kitu,
ku kula dibéré ngaran.”
48. “Demi saksi bumi langit
Ngaran anjeun Siti Hawa
Hartina anjeun cawéné
Dipikangen ku kaula,”
Sakitu saur Adam.
Lajeng malaikat rawuh
Tumanya ka Nabi Adam
49. “Saha ngaran ieu istri?”
Pék Adam lajeng ngajawab
“Jenenganna Hawa baé.”
Menggah di saprak harita
Adam gaduheun réncang
Duaan hirupna rukun
Rumah tangga di sawarga
50. Allah tos nurunkeun warti:
“Heug Adam masing bumetah.
Di sawarga jeung bébéné.
Dahar nginum samemena.
Ngan ulah ngala buah
Tina tangkal najan butuh
Tangkal kholdi nya ngaranna.”
51. “Lamun anjeun maksa diri
Metik ngadahar buahna
Tinangtu anjeun dibendon
Ngalanggar paréntah Kula
Anjeun bakal dikarma
Rugi sabab henteu mampuh
Ngajaga diri sorangan.”
November 2020.
Nyambung
0 Response to "Wawacan: Carios Nabi Adam (6)"
Post a Comment